Sabtu, 28 April 2012

" KURING HAMPURA "

‎Lies Tjandra Kancana Sudarma " KURING HAMPURA " Kuring boga hiji kalemahan, kieu: Mun kuring keur hayang nulis, lir teko anu geu pinuh ku eusi. Komo mun kuring aya dina kayaan nuju " moody " Kuring sok sup ka kamar, anu pinuh ku Buku-buku naon wae, Pabalatak ku majalah, nku buku Harian, buku catetn Kamus, wah loba weh. Sok komo mun kuring keur ngeunah hate ETA mun geus gek hareupeun Lap to Aple kuring ih, mun kana kadaharan mah siga kuring resep kana sambel lalab jeung goreng lauk, da dekul we ngadekul,poho kana sagala rupa jeung waktu .Eureun ari rek solat wungkul. Ieu ramo!, ari geus mimiti nulis ! Naha pangalaman ,naha eusi, hate naha kulantaran kuring ka inspirasian ku dongeng babaturan, Lir nu teu kaerem, lir nyicikeun eusi cai ih da ngagolontor we teu daek eureun. Numatak sakapeung kuring sok bingung. Rek nulis teh dina lapak Carponpis, naha bet panjang-panjang teuing? nulis teh bet siga keur Dongeng Sunda?? Ka pupuhu Carpopis boh ka Pupuhana Dongeng Sunda oge ka lapak FBSieu kabeh Lapak-Lpak kanyaah kuring lir kuring lauk anu kecemplung kana sagara! Kuring hampura !

Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi

Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi
Punten ieu mah tangtos panjang! Nanging ieu mangrupi info nu penting kauninga ku sadaya ummat islam: KASALAHAN CARA NULIS NU GEUS LUMRAH DINA DUNGA Dina basa Arab, aya 4 bedana cara nuliskeun kecap "AMIN", nya eta: 1. "AMIN" (Alif jeung mim sarua pondok dibacana), hartina AMAN, TINGTRIM 2. "AAMIN" (alif dibaca panjang, mim dibaca pondok), hartina NEDA PANYALINDUNGAN 3. "AMIIN" (alif pondok & mim panjang), hartina JUJUR BISA DIPERCAYA 4. "AAMIIN" (alif & mim sarua dibaca panjang) hartina MUGI GUSTI NGAIJABAH Tuluy kumaha mun ngucapkeun atawa nuliskeun, "Amien"?? Sabisa-bisa pikeun nu hiji ieu (amien) oge ulah, sabab ucapan "amien" tetela biasa dikedalkeun ku golongan penyembah berhala (paganisme) sabada ngadunga. Sesebutan 'amien' asalna tina ngaran Dewa Matahari Mesir Kuna, Amin-Ra, atawa disebut oge Amun-Ra ULAH OGE NULIS ASS, ASSKUM, MOHD, MOSQUE, 4JJI, MECCA !! ''Ass, Askum'' dina ucapan salam ''Mohd'' pikeun singgetan nenehna Nabi Muhammad SAW ''Mosque'' pikeun nyebut masjid dina basa Inggris. ''4JJI'' kanggo nyerat Allah SWT. ''Mecca'' kanggo nyerat Mekkah dina basa Inggris. Cara2 nyerat di luhur panuhun ulah dianggo deui! Margi hartosna: Ulah nyebut atawa nulis Mosque, tapi kudu Masjid bae sabab sihoreng mosque teh wancahan tina reungit dina basa Inggris MECCA teh nya eta tempat nyieun khamr/inuman keras sabangsa anggur jeung bir Mohd sihoreng hartina teh anjing nu badag calawakna Ulah deui2 nyerat Allah ku cara 4JJI sabab tetela eta teh hartina For Judas Jesus Isa almasih Ulah nulis Ass atawa Askum dina salam tapi kudu gembleng Assalamu'alaikum (lantaran salam teh dunga), lantaran Ass hartina (punten) 'bool sia' jeung Askum hartina nya eta, 'sing cilaka siah!' MASING INGET !!! Dina Basa Inggris ASS = (p[unten) BOOL SIA ASKUM = SING CILAKA SIAH ku kituna, lantaran salam teh dunga, minimal tulis Aslmk atawa gembleng bae Assalaamu'alaikum Kumaha saupama ngagunakeun dina SMS? Leuwih hade urang ketik dinaTEMPLATE kekecapan saperti ASSALAAMU'ALAIKUM, WASSALAAMU'ALAIKUM WRWB, WA'ALAIKUM SALAM WRWB, ALHAMDULILLAH, SUBHANALLAH, ASTAGFIRULLAH jeung sajabana ku kituna urang kari INSERT TEMPLATE BAE. Kanggo baraya nu nganggo BlackBerry, langkung gampil deui margi urang kantun ngatur auto text nu tiasa digentos ku aksara arab. Misalna urang kantun ngetik ASL, ku kituna sabada ngetik spasi, otomatis bakal robih janten السلام عليكم . Mugia ageung mangpaatna kangge urang sadayana. Aamiin

Manik Sundayana: Maling Kelas Huut Parab hayam

Manik Sundayana Maling Kelas Huut Parab hayam Peletak peletak jang Oded meupeuhan tarangna sorangan. Rada peureus karasana, peureus sadarajat jeung nyeri, ngan henteu sanyeri hatena kiwari nu geus saminggu mondok di hotel prodeo. Alatanna mah biasa, katohian basa ruwal rawel kana banda deungeun. Lain banda nu marahal kelas gedongan, ukur kitu we kayaning popoean, parabot imah, jeung sajinisna nu ilahar. Hatena ngagerentes : "Duh apes pisan hirup aing. Jadi maling soteh pedah hese neangan gawe. Ngamen da teu nyukupan, jadi kenek tukang pon kitu deui. Milu dagang jeung Ma Rukmi teu lana da inyana pindah. Heueuh da anak pamajikan kudu dahar, samentara aing teu pisan boga kasab !" Sakolepatan ngalangkang acara tipi nu pinuh ku gambar jalma-jalma ginding. Nu geulis, nu kasep, perlente marake baju necis. Digiring ku pulisi teh awak jeung beungeutna mulus. Suka seuri bear budi nalika ditalek ku wartawan. Beda jeung inyana nu babak belur diteunggeulan heula ku masarakat. "Heueuh bener-bener apes aing teh. Mun boga uteuk nu pinter mah mendingan aing jadi koruptor jiga maranehna. Maling elit, beda jeung aing maling kelas huut parab hayam !" Kabayang beungeut anakna nu lalaki. Jauh dina hatena inyana ngadu'a supaya anakna mah jadi jalma nu bener bageur tur pinter.

Efiq Zulfiqar

Efiq Zulfiqar
Carita pang pondok na sadunya : Aya hiji raja, ujug2 kabentar gelap....guluduggg!...eeuh waktos na seep pamiarsa...

Dery Andriawan ‎"Gocap"

Dery Andriawan
‎"Gocap" Dina hiji waktu, di téras imah. Kabayan keur ngawangkong jeung Pamajikanna. "Teu karasanya, ayeuna urang teh geus kolot" ceuk si Kabayan, bari ngusap buuk pamajikanana anu panjang ngarumbay. "Enya Kang, asa karék kamari Akang ngalamar Nyai " tembal Nyi Iteung bari seuri saeutik semu bungah. " Umur Nyai ayeuna geus "Gocap" nya?" ceuk Kabayan deui, ngomongna bari maké logat Mandarin. "Bulan hareup Kang. Naha rék méré kado? make jeung nanyakeun umur sagala" tembal Nyi Iteng pinuh kupangharepan. "Engké, lamun umur Nayi geus "gocap" ku Akang rék ditukeuran ku "Jigoan" ngarah bisa menang dua" ceuk si Kabayan bari Nyéréngéh. "Dasar lalaki teu Uyahan!!"

Dennykurniadi Kurniadi

Dennykurniadi Kurniadi
Hirup katungkul ku pati.

Dedi Ruspendi: PANINEUNGAN

Dedi Ruspendi
PANINEUNGAN SMA Kelas tilu harita ka rorompok silaturahmi Bapa Yuntiwa Ramdan. Kadis peternakan Prop. Jabar. "....Wa jigana urang bakal hese panggih ayeuna mah. Abdi diangkat janten Dirjen Peternakan di Jakarta, du'akeun abdi wa....." Kitu pokna ka pun Bapa. Pun bapa teh bawahanna pagawe rendah di kantor. Nanging ditepangan ku Kapala dinas. Padahal baturna mah marunjungan ka bapa Yuntiwa Ramdan anu dileler janten Dirjen mangsa harita. Ngawilujengkeun. Pun bapa teu angkat dina acara syukuranna. Inget tutas satekah polah testing ka Telkom, PLN, Reaktor nuklir jeung sawatara dinas kuring gugur wae dina test ahir, duka ku naon? Kuring inget ka Yuntiwa Ramdan Dirjen Peternakan anu pernah Silaturahmi ka rorompok ngahaja nepangan pun Bapa memeh ka Jakarta. Kuring mundut pun bapa supados nepangan inyana. Sugan bisa ngusahakeun sangkan kuring jadi pagawe nagri. Karasa nancebna teuteup pun bapa harita "....Jang mending di titipkeun ka Yuntiwa Ramdan ku Bapa, atawa mending dititipkeun ka Allah?......". Kuring tungkul ".....Abdi peryogi modal kanggo ngertakeun ki Sunda Pa, abdi peryogi janten pagawe nagri keur modal perjuangan...." Pun bapa ngawaler "....Ahmad berjuang najeurkeun Islam sondar jadi pagawe karajaan. Sarua jeung hidep lieuk euweuh ragap taya. Pek pilih mending dititipkeun ka Allah mending dititipkeun ka Yuntiwa Ramdan?...." Kuring milih dititipkeun ka Allah. Lamun hayang memeres nagara ceuk pun bapa kudu wani neukteuk beuheung nu jadi bapa dina pingping hidep. Hidep moal boga kawani lamun jadi abdi nagara kiwari........ Kiwari kuring lain pagawe nagri tapi karasa hirup teu ripuh tur, perjuangan keur dikeureuyeuh. Muga Allah mukakeun lawang keur naratas perjuangan........

‎"LAYUNG" Ku Sri Mulyani Cholid

Sri Mulyani
‎"LAYUNG" - wanci tunggang gunung, langit pinuh kahibaran layung... jung nangtung... ngaleupaskeun sakarung kaduhung.... nu matak bakal nyieun linglung, jung kaditu gera mulang, teu pantes nyalindung dina jero ati nu nyacas bodas, hate bangblas, ikhlas, alhamdulillah Allah maha luhung , nangtayungan,, lahir sinareng bathin.... poe ieu, kuring bagja.. haturan wilujeng sonten,barayaaa..

Fiksimini #Raheut#

Neneng Sitanggang
Fiksimini #Raheut# Teuteup anteb, telek neuteup méga bodas nu pating aruntuy tina jandéla, Lamunan ngalayang mulek ka mangsa katukang, mangsa manéhna medar sagala rasa nu rokaha na dada... Kasono taya kendatna, kanyaah taya laasna, katresna mo aya sudana, éta angkeuhan nu harita pageuh meungket asih duaan, Kiwari kari lalakon nu sakapeung sok datang ngaléléwa, ngajak ngaguar deui rasa nu kuat nyaliara na jero dada.. Angin peuting ngananaha, bulan nu pias ngaléléwa, nyampurnakeun raheut nu gudawang, nu teuing iraha garingna...

Manik Sundayana: Panineungan lalaki Cetuk Dawuk.

Manik Sundayana
Bah Urto cinekul ngahurun balung ku tulang. Kameja coklat lalayu sekar, dipayuskeun jeung calana panjang komprang cingkrang kelir hawuk, maturan jirimna nu geus cetuk dawuk. Lain, inyana lain kaasup jalma nu bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah sagala aya. Dirina estu manusa kota nu datang ti pasisian. Datang ka kota kajurung ku niat hayang ngaronjatkeun ajen hirup jeung huripna. Welasan taun ti saprak ngumbara ka kota, Bah Urto ge teu bisa disebut sangsara. Ngandelkeun kasab kana dagang sarupaning kabutuhan sapopoe nya lumayan bisa jadi andelan tur andeleun kahirupanna. Atuh lamun aya leuwihna, sabagian rijki diwakapkeun pikeun sautak-saeutik ngawangun di lemburna. Nya lumayan, masigit masigit leutik wae mah aya tapak lampahna ladang inyana kokoreh di kota. Orde lama kajamanan ku bah Urto, ngan harita mah inyana bebenyit keneh, umur tujuh taunan. Tapi inget keneh basa sirahna diusapan ku Bung Karno. Harita inyana sabatur-batur nu saumur, ngahaja megat Bung Karno nu kabejakeun rek turni ka lemburna. Aya sabelas budak nya sebelasanna ku Bung Karno diusapan. Teu lemek teu nyarek eta presiden teh, ngan pamustungan nyarita : "Hayu Ujang, nyai, sadayana, Bapa bade nepungan sadayana nu aya didieu. Sing balageur nya ?" Orde Baru mah puguh deui. Orde nu cenah kacida nyengkerna kana sagala rupa nu beda ti kahayang pangagung. Tapi mungguh inyana mah nya biasa-biasa wae, tara aya mas'alah nanaon jeung pamarentah. Ngan memang dina cumarita, ngedalkeun pamanggih, jeung nu sajinisna, karasa pisan disengker. Loba kabejakeun koran itu koran ieu dibredel teu meunang medar. Pon kitu sababaraha ahli elmu loba nu ahirna tara minton dina tipi. Cenah mah kusabab ngritik pamarentah. Ayeuna Bah Urto aya di jaman reformasi, jaman dimana sakitu bebasna jalma-jalma ngedalkeun pamanggih. Geus teu jelas deui saha nu nyarita saha nu ngadenge sabab ampir sakabehna milih pikeun nyarita. Saheng, reang, teu puguh dengekeuneunna. Nya lamun nu cumarita kaasup kulawadet ahlina mah bisa dima'lum, ngan geuningan jalma awam oge loba nu lauk buruk milu mijah. Ahirna nya lauk nu keur mijah jadi kabawa buruk. Jauh panineungan paneuteup bah Urto lamun nyawang mangsa-mangsa katukang. Asa cikeneh sirahna diusapan ku presiden, sajorelat waktu puluhan taun teu karasa ninggalkeun. Teu karasa, aya nu merebey lalaunan tina juru panonna. Lain cipanon kasedih, lain oge pedah gumbira. Meureunan cipanon nu ilahar kaluar lamun aya manusa nu keur kagagas. Rentang-rentang ti kaanggangan inyana ningali aya rombongan jalma ngagotong padung. Atuh tina hatena kaluar gerentes : "Inalillahi Wa Inna Ilaihi Roji'uun. Duh Gusti, abdi oge bakal satakdir nangkarak baeud jiga nu ayeuna nuju digotong." Cilegon, 28 April 2012

CARPONPIS PANGPANJANGNA

Lies Tjandra Kancana Sudarma
Lies Tjandra Kancana " SITU LIDO PANINEUNGAN" PUSPA ngan menta dianteur keun ka Panto asup ka Panto Gerbang " LIDO Recreation Center " ka adi bungsuna Dadang. Nu jadi adina nurut we k nu jadi lanceuk teh Memeh ninggalkeun lanceukna, Dadang nyerangkeun heula tina jandela mobil Swiftna. Lanceukna make kameja biru rada gombrong, make sendal capit warna biru sarua jeung calana Jeans biru nu dipakena. ngelek tas hideung merek Guy Laroche. Lain tas murah da memang tas kulit asli buatan luar.. Di ditiumg biru saheab nutupan buukna. Katempona ti kajauhann siga anu ngalamun leumpangna teh da teu weleh tungkul Dadang tetep nyerangkeun meunang sajongjonn mah. Hatena rada nalangsa basa ngaleupaskeun lanceukna ulin sorangan teh. Asa hayang maturan leumpang gigireunana, pek ngbaturan ngobrol bari nempokeun anu keur lalayaran di Situ Lido Tapi da ceuk Dr Dedi, keun cenah manehna sina diajar bermasyarakat deui, Sina wawuh kana kahirupan manehn basa Kang Nana SUKMA aya keneh Palebah rek turun rada ka lebak lanceukn ngalieuk siga anu ngarasa yen adina masih keneh nyerangkeun tikajauhan. pek Puspa ngalieuk, Belenyeh seuri, pek adina di gupayan; Dadang males gupayna, barang Puspa geus teu katempo, kakarak Dadang ngajalankeun mobinal , balik deui ka imah. Sa nggeus Dadang katempo indit. Puspa turun satapak-stapak nuturkeun sukuna turun salengkah - salengkah ka sisi situ Manehna tuluy leumpang ka hiji bangku anu nyanghareup ka situ Lido. Memang statregis pisan diuk palebah dinya teh.iuh jeung bisa teges nempo rakit-rakitl atawa motor Boat anu maju lalauna ka tengah situ Puspa diuk sorangan, hawa karasa rada panas. Tapi Puspa tetep diuk merong ka tengah situ bari siga anu jauh panineungan. Eweuh nu nyahoeunyen manehn datang ka tempat rekreasi eta geus jangjian rek papanggih jeung panutan hatena anu ngaranna: Nana Sukma. Aya kana satengah jamna Pusp ngjejentul diuk dina korsi kayu anu nyanghareup ka Situ Lido. Ti kajauhan manehna bisa nempo pamandangan alam sakitu endahna. Ras ka cipta pangawakan Nana nu jngkung, kulitna anu beresih jeung sikepna anu tenang. Puspa kataji ku Nana sukman basa manehn papanggih dina hiji pesta di Gedung Sreba Guna di deukeut Hotel Salak Bogor.Tina ngenalkeun, ngobrol jeung ngarasa jadi akrab, tuluyna mah silih tukeurn no HP, tetelepona nepi ka jangjiain papanggih Puspa geus teu nglieuk deui ka Jajaka nu sejen. Duanaan jangji bakal saling satia, moal jalir jangji cidra subaya tina niat masing-masing nyeta jangji bakal nghiji. niat rek nalikeun tatali asih nepi k bale nyungcung. rek spapait smmanis. Puspa ngalamun. Panonna mencrong ka tengah situ. Sababaraha kali maranehn sok nyewa parahu soang nu bisa didiukn ku duaan tuluy duanana pada-pada ngboseh katengahkeun. Sakapeun Nana eureun ngaboseh, jadi si soang teh cicing ditengah-tengah talag. Puspa sok protes " Kang hayoh atuh boseh deui da Puspa mah teu kuat ari ngabosehna nyalira mah. Nana Sukma kalah ka seuri, pek leungeun Puspa dicekelan : " Ningali ka Akang " Ceuk Nana bari neuteup kana panon Puspa leleb pisan awor ku rasa anu ngagolak dina dadana " Bade non ?" Puspa rada bingung. Tapi Nana Sukma tetep melong pinuh kaasih." Tingali soca Akang. Puspa neuteup lempeng kana bubuleud panon Nana Sukma. .. Puspa ngarasa leungeuna ditarki lalaunan ku panutanana. Teu wasa nolak. Duanana paantel biwir, Pinuh ku kaasih, lembut jeung geugeut. Soang teh ngan sa ukur oyag-oyagan. Angin nepak dua sirah anu geugeut silih asih ngahijikeun sagala rasa anu kaluar tina jero hate duanana, nyacapkeun kasono jeung kaasih. Lila kituna nepi ka tungtungna Puspa narik beungeutna anu beureum nghias pipina " Atos ah " cenah bari tungkul pipina burahay beureum; " Akang nyaa Puspa, Anjeun moal dileupaskeun deui ku Akang. Enung jangji bakal tetep satia k Akang. Puspa unggeuk. Sanggeus ngarenghap narik nafas panjang. Duanan ngboseh deui Parahu mangrupa Soang sapasang teh ka sisi keun Keur nglamun kitu aya nu nepak ti tukangeun. Puspa ngarenjag " Tos lami ngantosan ? Nu nanya teh singhoren Nana Sukma. kabogohna. Puspa marahmay, panonna cenghar, "Si Akang, puspa tos dua jam didieu" Nana gek diuk gigireun Puspa. " Hampir Akang telat. Mani hese neangan Angkot ka palebah dieu teh mana macet " Nana melong ka Pupa terus pokna lalauanan: " Akang sono ka Puspa Puspa malik ngajawb ngaharewos " Sami. puspa oge sono.. Duanana papelonhg[pelong, ramo duanan meulit silih cekelan. Silih teuteup bari silih teuleumn hate.... Geus teu perlu dicaritkeun kasono kanyaah duaan mah " Akang hayang ngajak Puspa " " Kamana Kang? " " Ka Panghulu " Yu urang jadikeun niat urang bahuela " Puspa bingun. Barang ret ditelek-telek, bet Baju kameja Nana Sukma teh baseuh?? " Naha raksukan teh baseuh Kang ? " Apan hujan plebah Pasar Cigombong mah " Nana ngarames ramo Puspa nu lalencop ; " Arek milu jeung Akang ? " Kamana Kang ?" Puspa nanya bari ngantep leungeunna di cekelan ka Nana pinuh ka geugeut. Karasa nyaah nu wening sumarambah kana sakujur lelembutnana. ' Urang milari Panghulu tea, Akang rek ngenalkeun Enung ka mnehna, Hayu...." " Puspa nangtung. Nana nu jangkung ngarangkul taktakna, karasa ku Puspa yen manehn manggih hiji llaki anu bakal nangtayunga ka manehna lahir jeung batinna. ' H ayu...." Nanan nungtun Puspa mapay mapay talaag. Pek maneh turun tiheul Puspa tetep nuturkeun nu nyekel leungeunna. Sukuna geu nepi kapelebah tuurna Panon Nana ka tembong bungah, kaasih ka geugeut. Puspa tetep di tarik teh nurut Basa cai nepi ka palebah cangkeng Puspa ngadenge sora adina Dadang ngagorowok : " " Teteeeeeeehhhhhh !!!!!! " Jelema ngagimbung, paheula-heul hayang teges nempo hiji awew make kameja biru, di blue jean biru diangkat tina jero talaga Lido, Bajuna baseuh jeung geus teu nyaawaan Dadang ngan saukur bisa sideku , ramohpoy nempo lanceukna geus teu aya dikieuna teh Kadene aya nu ngomong kieu ti nu ngagimbung : " Da katempo titatadi manehna teh ngomong sorangan. siga keur uplek ngobrol kawas aya baturna "pan nu maot tilu buln katukng nkacilkaan motor boat trh bejana kabogohna Dadang teu wasa nangtung, ngansaukur disangkeh rek tempat parkiaran rek nuturkeunu Ambulanas nu rek ngnateurkeun lanceukna ka Rumah Sakit PMi Bogor. ( inspirasi tina ulin ka situ lido tadi isuk 28-4-2012 ) - tamat

Rudi St Darma :ablu

Rudi St Darma
ablu ablu, ngablu ulin kamana baé, teu puguh gawé: manéh téh geus gedé, geus kudu mikir pikahareupeun, ulah ngablu baé

Jumat, 27 April 2012

Kartono Sarkim

Kartono Sarkim
Awewe : Kang ...urang putus weh nya... anggap weh urang tara prnah kenal..?! Lalaki : naha Neng :/ , naha meuni kitu2 teuing?! Awewe : tos teu aya kacocokan deui diantara urang duaan kang .... Lalaki : astagfirullah.. neng.. , sia2 akang ngumpulkeun artos,, meser mobil kanggo hadiah ulang tahun neng...:( :'( Awewe : hehehe ...neng heureyy atuh kang, ma enya neng rek mutuskeun akang :) ngan akang nu ku neng pikanya'ah...:* Lalaki : hahaha ... Akang oge heureuyy atuh neng,, timana atuh akang bade mangmeserkeun neng mobil,, kanggo tuang ge akang riweuhh...:p Awewe : ☃☀☃,,,K☺L☺☺☺☺☺K,,,☃ siahh dasar lalaki teu uyahaaaaan...

Heru Supanji: SIA MILU TAPI NYA?:

Heru Supanji:
SIA MILU TAPI NYA?: Bari gegejret jeung nyingsatkeun anderok, " teu sudi siah aing dikakaya hirup, pulanglkeun ka kolot aing ari geus teu suka.... sia milu tapi nya?" Suka · · Ikuti Kiriman · 4 jam yang lalu

Dewi Ratna Damayanti: GANTUNG

Dewi Ratna Damayanti:
GANTUNG: Da mun bisa mah hayang balik deui ka jaman baheula, hayang muterkeun waktu ka tukang, malah mun bisamah hayang asup deui ka jero beuteung nu jadi indung sangkan teu kudu ngarasakeun peurihna kahirupan, sangkan teu kudu ngalakukeun kasalahan. Duh gustii.. kuring teu kawasa pikeun nganaha-naha titis tulis Anjeun,

Muhammad Sulaeman Yusuf

Muhammad Sulaeman Yusuf:
teu antaparah deui aki danta ngahiuk keun iteukna ka jang eunang, orok kaya jang eunang ngeulok, bari ngalayang peurepna kana angen aki adanta, seetttttt..........heuk. aki danta ngajorowok, eaghhhhhh.............bari awakna ngajaligjeug katukang..tah rasekeun jurus aing ceuk jang eunang ka aki danta..dasar cucungik teu uyahan siah, yeh rasakeun elmu nayang caling, aki danta nembal bari ngahegak..soklah kaluarkeun elmu nayang caling teh, jang eunang nantang....reup sidakeup aki danta dibarengan maca jangjawokan..."kalantang keleunteung, nayang caling, nayang kuring, kurung nyaring, nyancang babatang, aung-aung-aung " gelubug angin tarik pisan .....tatangkalan cing kereket, taneh bereum ngaggulung nutupan awak aki danta...........beuleusat eta taneh beureum teh....ngarah ka jang eunang....jeung dibareungan ku sora bangbara meunu loda tur tari pisan....seaaaaaaaaaakkkk jeuleuger gulungan taneuh neunggar jang eunang...... ( " MANGGA COBIANG PUTU KARACAK EUNENG DI JAMIN NIKAMAT "EULEUH-EULEH IKLAN Pamiarsa CARPONPIS kumaha saleujeung ieu Carita " NAYANG CALING " Teh, Panginteun urang teraskeun di sanes waktos )

SAMURAI JEPANG: Ku Iwan Hanjuang

Iwan Hanjuang:
SAMURAI JEPANG Tatangga kang Dayat, karesepna kana barang aheng, timimiti batu mirah delima, samurai jepang, malah kungsi ngobrolkeun boga samurai jepang opat peti aya di gunung galunggung, ayeuna barangna aya di Cibalong wewengkon pakidulan Tasik.Hiji poe ulin ka Ade babaturan, kasampak didinya aya babaturanana keur ngobrol neangan samurai jepang.” De wawuh ka kang Dayat? bogaeun samurai jepang opat peti “ ceuk kuring Tembal Ade” Lah kang tong didenge si Dayat mah jelema gelo tukang rahul, dipercaya teuing Kang “Kabeneran balik ka imah pasarandog jeung kang Dayat” Kang. Ade rerencangan Abdi nuju milarian samurai jepang, bade meser cenah, pangaos sabaraha bae wantuneun”.Tembal kang Dayat” Apal atuh si Ade eta mah, jelema burung sagala teu baleg, ulah diwaro lah” Kuring panasaran “ Kang ari samurai jepang opat peti ti gunung galunggung dibawa ka cibalong pan beurat, kusaha dibawana?”.Na ari pok teh “Dibawa hiber apanan ku Prabu Kian Santang apan sakti mandra guna anjeuna mah “ Dina hate ieu mah, Kunaon teu sakalian ku Gatotkaca di bantuan ku si Cepot

Uzanx Boam

Uzanx Boam
caritana RAHASIA ulah beja-beja nyaaa.. bisi kabaledog imut sareng ku katel.

Ida Rukmana Ida

Ida Rukmana Ida
Basa anjeun diuk dina bangbarung, akang keur niupan hawu ku songsong meuleum jagong can asak bae.Anjeun teu nyampeurkeun padahal ceuk pikir salah naon ka manehna teh, tapi ah keun bae rek diantep sugan saminggu cicing dibangbarung kuriak nongtot jodo.

Inda Nugraha Hidayat: Billing

Inda Nugraha Hidayat
Billing: Balawiri. Pirang jirim leungiteun jisim. Lalaki. Awéwé. Pagégéyé dina reup bray kingkilaban peuting. Pating gurinjal. “Let’s dance together!” dijé nyorowok ti luhur panggung. Panggero malékat ukur kapireng hawar-hawar. Kasilep ku jedang-jedung musik dugem, nu ngaweuhan sawirahma jeung awuntahna rasa. Seuri durjana pating cakakak tina botol-botol campaigne. Jaladri ngagalura jero dada. Ngawurkeun hangru naraka. Késang nyarakclakan. Ngajanggélék talaga peteng. Ngagulung birahi dina keukeupan. “Wonderfull tonight”. Ku éndah peuting maksiat. Pikabitaeun. Ti raga ka raga. Salaksa malékat bur ber nyatetkeun billing.

Fiki Malire Gunner

Fiki Malire Gunner
dupi jalan ka langit ka palih mana nya kang........? ( carita nu maling kalapa ka panggih kumu gaduhna)

Afrizal Azi Jasmann

Afrizal Azi Jasmann
akang teh miskin pisan neng. hate akang we milik eneng...

Muhammad Sulaeman Yusuf

Muhammad Sulaeman Yusuf
keur mentas kuring katabrak ku mobil plat beureum, tuluy kuring teh paeh......nepi kayena....

Hilda Iskandar: ‎~LOCOT~

Hilda Iskandar
‎~LOCOT~:
: Sabihara-bihari, Bi Encum ngajugjug ka Sawahna Abah Jumad rek ngarambet. Kangaranna ngarambet di sawah, nya tangtu bae dipigawe teh bari....nonggeng, heueuh da moal bisa lamun ngarambet di gawean bari nangtung mah. Kacaritakeun keur anteng ngarambet teh ujug-ujug...digadabah. Sabadana, Bi Encum teh ukur bisa ceurik balilihan lantaran ngarasa reuwas jeung asa dihina, wiwirang di kolong catang ngaranna nu kieu patut teh. Terus bae manehna lapor ka Pulisi. "Abdi teh nuju ngarambet. Waktos abdi nuju nonggeng, aeh muhun nuju ngarambet, ujug-ujug aya nu ngagadabah tipengker. Muhun abdi teh diperkosa!" ceuk Bi Encum nongtorowelang laporan ka Pulisi "Saha nu ngagadabahna?" tembal Pulisi malik nanya "Duka atuh pa, da teu kantos katinggal rarayna!" Bi Encum nembal deui "Naha atuh lain ditempo beungeutna!" Ceuk Pulisi "Haar ari Pa pilisi, atuh ditinggali rarayna mah panginten........................LOCOT?" Bi Encum nembal bari aluman alimen

Rudi St Darma: LILIS

Rudi St Darma
LILIS
sumuhun abi lilis, sok we tingali dina e-ktp.. namina siga lilis surjani, yuswa dalapan welas taun, bodi ehm, tinggi satu enam sakitu, mangga we bilih bade ngukur mah, asal tong di cubak-cabak bisi di cabok, ati-ati pecah berarti membeli tah. eh tapi deui abi teh sanes lilis nu di jalan cicihilannya, komo lilis nu so' beulah dituen jalan cikibung mah. kade ah, wios raray abi rada siga lilis karlina ti cigeol tapi aya karang montreng pas tungtung biwir, halah seki we abi mah. tapi nya kitu sok disangka artis abi teh, seubel sakapeung hayang ngambek, pitnah atuda eta mah. komo mun sok di siga-siga lilis liong, abong-abong abi bodas, k-pop bangeut deh, tapi ayeuna mah tos rada hideung da kusering di bawah mentari. kamari pas naek angkot, aya perjaka duka duda melongkeunana teh meuni hologhog.. lilisnya? ceuk simanehna ujug-ujug. can ge kajawab jeung ngarasa aneh naha apal ngaran abi, si eta geus nanya deui 081320204047 pan?.. wewww da abi mah 085620XXXXXX. aduh teu kahaja replek eta nomer hp abi kasebutkeun, bari reuwas asa kahipnotis, can ge beak karewas nada dering hp abi di sada terus bari ganti-ganti nomer nu euweuh dina ponbuk ngamiskolan, aya sawelas nomer. kadituna mah reuwas geus teu mempan, teu bingung, nu aya hayang ngabadetkeun hp da era kugandengna, pan nada panggil hp lilis teh reff sik asik r u think think, salah donlod eta ge.. culang cileung dinu angkot pinuh, genep lima. reup ngaheuang ku sepi.. teu lami aya sora ngaduruddud, nu ka hiji abi lilis.. agus!.. lilis.. juha!.. lilis.. chandra!.. lilis.. abu!.. lilis.. udun!.. lilis.. bakri!.. lilis.. jeung saterusna nepi sawelas ngaku nu miskol tea.

‎"LUTUNG BUNTUNG"

Denny Cholid Rachmat Awan
‎"LUTUNG BUNTUNG" - Udung tuturubun turun gunung subuh-subuh nyuhun suluh, lutung buntut buntung nu Udung udud curutu luhur tunggul suluh, lutung nu Udung nyunut bujur Udung. Udung murukusunu. Tuluuuung.... tuluuuung... bujur Udung tutung....

Datam Alitopan Alitopan

Datam Alitopan Alitopan
budak leutik bisa ngapung ...babaku ngapungna peuting kuriling kakalayangan ...neangan nu amis amis naon wae nu ka panggih sarupaning bubuahan.. tah eta teh jero pisan hartina... cik teuleuman !!!!!

Ihat Solihat: Deudeuh teuing Wandi....

Ihat Solihat
Deudeuh teuing Wandi.... Bu..."si Wandi keur ngacaprak" ! ceuk hiji budak hariweusweus bari haruhah-harehoh...Ceuk kuring: Di mana Jang ? Jawaban budak: "Itu Bu di warung". Kuring teu kebat dek dahar waktu istirahat, buru-buru ngaleos nyamperkeun si Wandi, murid kuring anu geus katelah jadi budak pangbaongna... Barang srog, si Wandi geus dirubung-rubung, panonna burial buncelik, ngomongna ngacaprak. Ceuk nu ngaromong, si Wandi diparab.....Astaghfirullah....ceuk kuring dina hate, aya jelema nu tega nya !!!!

Iif Saifuddin

Iif Saifuddin
dina hiji carita aya tilu drakula jalan2 ka restoran dariuk dipojok didongkapan ku pelayan naroskeun nu dipesen, drakula 1 : aing menta getih budak ngora, drakula 2: kuring mah getih nu bodas wae, drakula 3: abdi wios cai bodas wae keur tegaduh cicis rada ngirit heula sabab BBM naek... teu lami dongkap deui pelayan nu tadi mawa pesenan tea. drakula 1: hayu di eueut. drakula 2 nembe bade nyandak gelas ngalirik drakula 3 keur ngabuka softek diplastikan teras dicelupkeun ka gelas bari nyarios tehcelup bro...

Rizqi Alfarizi Hapusweh

Rizqi Alfarizi Hapusweh
aya hiji kolot nu keur mamatahan budakna... "teu sopan siah koplok..mun ngalewat hareupeun kolot teh ngomong punten...!! siga anak hayam wae teu gableg kasopanan..." "ceuk indung mamatahan budakna" haduhhhh...

Dery Andriawan: Siti Chadijah

Dery Andriawan
Siti Chadijah "Ya Rasululloh, naha aya keneh anu kedah dilakonan ku simkuring wengi ieu ?"Siti Chadijah naros ka Rasululloh. "Teu aya Ummi" Saur Rasululloh. Teras Siti Chadidjah nyangem deui. "Upami kitu simkuring, widi bobo tipayun" Sakitu hormatna Siti Chadijah ka Rasululloh. Benten sareng Teh Penty Tania atanapi Siti Nurhasannah. Upami nyangem. "Pah, aya keneh anu kedah dilakonan wengi ieu?". Diwaler ku carogena "Tangtos atuh Mam.!" pasti aranjeuna ngajawabna kieu. "Kira-kira we atuh Pah, kakara oge kamari…!!!!"

PANINEUNGAN KA PUN BAPA

Dedi Ruspendi
PANINEUNGAN KA PUN BAPA Baheula jalan hareupeun imah masih keneh taneuh beureum paling di babatu, sanajan treuk nu narik batu mah najan jarang asup ka gunung. Hareupeun imah aya tangkal nangka, ampir tiap isuk-isuk aya awi nu nanggeuh kana dahan nangka. Pun bapa sok ngalongok ka handapeun tangkal nangka nu manggulna ngajobprak bari luut leet kesang. "Salatri mang". Dakah deukeuh nyayagikeun cai amis kadang kadang sagu goreng hancengan anjeuna oge dibagi dua, jeung anu salatri memeh ngaboseh sapedahna ka kantor di Jl. Sampurna Bandung. Kitu dina usum werit jaman harita. Sok rajeun pun biang rada bendu margi kanggo ngurus putra oge teu cukup. Unggal isuk kudu nyayagikeun sarapan keur anu salatri duka saha jeung duka urang mana. Pun bapa ukur mesem "...Rizki ti Allah ulah heureut ku sateukteuk, ulah lebar ku salambar...." Tiap usum panen pun biang sok reuwaseun di golodog aya jagong, kacang, sampeu, hui....duka saha nu masihanna. Tara aya awi anu nanggeuh dina dahan nangka nuju usum panen mah.

LILIS DUH LILIS

Jejen Jaelani War
LILIS DUH LILIS "Mun seug bisa, eta ku hayang jadi poek bari mopoek, sapeuting we, supaya bisa ngadatangan imahna, tulus nyimbutan Lilis nu tibra dipepende impian, terus dikotektak, naha aya uing teh didinya, dina jero pangimpiannana, basa Lilis beunta, hanjakal uing nu kawentar kamamana geus nyumput bari ninggalkeun katresna sangkan Lilis teh ngarasa, yen uing kungsi aya jeung bakal terus aya dina kahirupan cintana..." gerendeng Kang Iwan Hanjuang bari sarangah serengeh sorangan

Lies Tjandra Kancana Sudarma

‎Lies Tjandra Kancana Sudarma :
" KASAHA?" " Kasaha kuring nyalindung? Geus teu kuat beurang peuting, Dirungrung ku kahariwang Henteu pisan ngeunah cicing.... Hirup hayang siga batur, Hirup ngahenang-ngahening, teu aya kahariwang da hirup teu nyorangan Kasaha kuring nyalindung ? mihapekeun hate nu gering... Hanas tadina percaya, tapi sulaya tina ati manehna bet nganyenyeri,pedah kuring embung dipi-istri Bet ngaruksakna nguwak-ngawik. Kasaha atuh kuring nyalindung ? salian ti Ka Gusti nu Maha Suci Kasaha deui kuring bisa ngageuri? Bisa ceurik nyuuh kana taktakna? Kasaha ?????

Muhammad Sulaeman Yusuf

(Muhammad Sulaeman Yusuf)
basa keur meuntas di wahangan cikondang kuring tikosewad nya antukna kuring tigeujebur tuly palid neupi ka ayena.........

Iwan Hanjuang:(Pinter jeung Hade.)

Iwan Hanjuang
(Pinter jeung Hade.) Sohib, ngalalana di dunya teu leupas jelema hadé jeung pinter, duanana asa sarua, hésé ngabédakeunana lamun ditempo panon buligir, tapi kacida pisan bédana, lamun urang bisa ngaragap ku haté anu wening, bari muntang ka nu kawasa. Di dunya gampang pisan néangan jelema pinter, tapi hésé pisan manggihan jelema hadé. Nu teu weleh tutulung ka nu butuh bari teu balitungan pamulang tarima. Néangan jelema bersih haténa ngan bisa dirasakeun ka sorangan, tapi jelema anu guminter balatak aya dimana-mana, jelema anu beungeut nyanghareup hate mungkir. Panggih unggal usik sarua jeung renghapna napas, bari teu ngukur yén ajén manéhna can tangtu bener, sanajan ngadongéngkeun shalat acong-acongan unggal manjing waktu, bari lalampahan taya pieunteungeun.

Muhammad Sulaeman Yusuf

Muhammad Sulaeman Yusuf
seoooooottttttt.............kalayang eta lalay, nyamber buah nu gantung dina tangkal, jadol teh abong peuting meuni hasem buah teh, cek lalay bari murageun buahna, peuting eungke aing rek Ka PLN, rek nanyakeun naha di kampung jabrod beut..paroek.

Dado Tisna aya gajah keur ngeueum di walungan. torojol sireum datang. :

Dado Tisna
aya gajah keur ngeueum di walungan. torojol sireum datang.
: sireum:"jah! kadieu!" gajah:"naon?" sireum:"kadieu hanjat heula!!!" gajah:"cicing sateh, uing keur ngeunah-ngeunah ngeueum teh, ngaganggu wae!" sireum:"kadieu heula sakeudeng. aslina sakeudeung. moal lila. enyaan! sing sumpah!" gajah:(semu keuheul. gajleng gajah hanjat ti walungan nyampeurkeun si sireum) (si sireum ulak-ilik nempo awak gajah. terus gogodeg) gajah:"aya naon sateh?" sireum:" ah henteu. sok we tuluykeun deui ngeueumna!" gajah:"eh sikoplok ngagawekeun uing! dijejek siah! nu piguh atuh tadi teh aya naon??!!" sireum:"ah henteu, ngecek we gening lain." gajah:"naon nu lain?" sireum:"salempak uing leungit, sugan teh dipake ku maneh!!" gajah:"teu logis sia mah ngomong teh!!! deuleu atuh awak uing! bandingkeun jeung maneh! moal mungkin uing make salempak!!! uing mah gajah bikang deuleu!!!!"

Ruhiyat Sumardiharja Akal Abunawas

Ruhiyat Sumardiharja: Akal Abunawas
Lain oge si Jadil atuh mun gawena tara gudal gadil bari jeung nyoo’ kutil, maksud na gudal gadil teh loba akalna pikeun mereskeun hiji parkara . Hiji poe manehna keur jualan sayuran di Pasar Kircon, daganganna sembilan bahan pokok alias sembako , kaitung komplit mun dibandingkeun jeung nu lain. Salila nungguan dagangan gawena ngan gegetret bari jeung mecehan kutil. Atuh nu rek babalanja tadina rek datang ka jongko manehna, teu jadi, malah cing laleos ngajarauhan bari jeung bibirigidigan kawas ningali hantu bungkeuleukan nu benceunong, ompong jeung beungeutna rata. Ningali kaayaan kitu dan menurut rumus gawat darurat alias keadaan sudah tidak terkendali si Jadil muteur otak , neangan cara sangkan daganganna laku. Piraku atuh ti isuk dagangna teu ngalarisan- ngalarisan acan, jeung piraku nu ngaranna dagang neupi ka teu laku, pikirna. Teu lila jorowok si Jadil ngajorowok “ tulung!... tulung!.....tulung!....tuluuuuuuuuuung!!!”. Teu kungsi lila anu rek balalanja nu tadina cing raleos, malah ngadareukeutan “ aya naon!, aya naon!,aya naon! “ ceuk jelema arolohok jeung patunya tanya , aya noan Jadil ceuk lalaki nu jongkona sabeulahan manehna. “ Ieu aya tempe, tahu, oncom, cabe, cengek, bawang beurum, bawang bodas, gula bodas, gula beureum tarigu,minyak goreng jeung sajabana” ceuk si Jadil noroweco siga nu kasurupan bari jeung nawar- nawar keun daganganna. Atuh anu rek balalanja ngarasa watir ninggali si Jadil; ningali daganganna arulus jeung sareugeur jadi mareuli.

Hilda Iskandar: ‎~GEHEL~

Hilda Iskandar
‎~GEHEL~ Kacaritakeun Abah Ebeng, kokolot kampung nu luhung elmu,nu purah ningtrimkeun warga nu kapapatenan teh sugan mah pang jagona ! Harita basa Ceu Epon ditinggal keun maot ku Kang Yoyo,ti mimiti layon di pulasara nepi ka di kurebkeun ceurik balilihan........kabeh nu nganteur ngabeberahna ukur ngalimba nempo Ceu Epon ceurik. Abah Ebeng ngalelemu ku papatah nu matak niiskeun "Sing sabar Nyai...keun weh, manakitu ge geus nasib ilaing jadi randa ngora-ngora, anggur dung keun sangkan salaki ilaing tenang, dicaangkeun kuburna......tuluykeun kasatiaan ilaing sangkan barudak ilaing barisa jadi jelema !" Jep weh geus kitu mah Ceu Epon teh teu ngabangingik deui. Ngan peupeujeuh Abah Ebeng nu ieu mah asa beda Basa Kang Uju kapapatenan ditinggalkeun Ceu Iyah, bubuhan Ceu Iyah mah keur hirupna kumawula pisan kasalaki, tada teuing pas maot teh Kang Uju Ceurikna auk-aukan da kalengitan na kaliwat saking. Teu sidikna kokosehan basa layon di kurebkeun teh alatan asa disamber heulang! Abah Ebeng ngalelemu deui siga biasa " Geus Sabar Jalu, nu geus euweuh mah tong diceungceurikan da moal hirup deui...anggur ilikan ku ilaing saha itu nu make karembong kayas make payung!" Kang Uju nu keur ngabangingik ceurik nembalan bari ngareret ka tukang...Mmuuaannaa???? teu uyahan....dasal lalaki !!

Jos Sajah: ‎Mustika

Jos Sajah
‎Mustika
Teu sakara-kara mucunghul ngaran Mustika. Rek teu kaingetan kumaha da rupana memang manis, ditilik ti gigir duh aya ku manis pon ana kitu deui diteuteup ti hareup ... lah matak kabita. Geus aya kana samingguna kuring milangan kancing ... beuli ... atawa ulah, ulah ... atawa beuli. Beuli ... !, kitu nu aya dina jero hate, duuuh Mustika anjeun kudu jadi milik diri. Teu antaparah deui clak naek motor, bius muru jalan Pasar Wetan. "Mang ... aya keneh Mustika teh ?". Manehna neuteup seukeut ka kuring. Inget keneh tilu bulan ka tukang menehna kungsi ngomong : "Ieu Mustika ngan ngajodo sareng salira, moal dibikeun ka nu lian !" Transaksi singkat pisan, duit ladang nyaloan motor dikoredaskeun ... Batu ali Mustika Asem warna coklat tepi ka ayeuna napel mapaesan jajangkung leungeun katuhu.

Apoedy Sarah Ihsan

Apoedy Sarah Ihsan Carponpis "Teuing...":
Ngiles kabawa angin... kamana? Teuing...!!!

Jos Sajah Fikmin # Onlen #

Jos Sajah Fikmin # Onlen # Ti lebah luhur, Shubuh ngulutruk : "Aing heula ki sanaaak !", "ke lanan aya keneh waktu ..." Pas awak rada kendor, Lohor nyenghor : "Aing heula ki sanaaak !", "ke atuh ieu rada hareudang ..." Karasa cangkeul suku nyanghunjar, Ashar Ngagoar : "Aing heula ki sanaaak !". "Engke ieu awak asa pasiksak ..." Srangenge layu teu matak serab, Maghrib ngageuing : "Aing heula ki sanaaak !". "Halah cape ... ke heula kagok ..." Dusun geus ampir simpe, enggon ngagupay dununganana ..., Isya nyeuneu ngabebela : "Aing heula ki sanaaak !". "Euleuh pan wayahna tibra ..." Bray nurani mangkak, lugay ti jero dada dibarengan iman ngingkilaban hate nu poek. Nun Gusti hapunten abdi nu tos teu mirosea ka lima batari kintunan Gusti sadinten sawengi, rumaos abdi alpa nyaba ka lima batara ti Gusti nu Maha Kawasa, ngalajur nafsu nyunahkeun lima dangiang ... ngawajibkeun nyetatus sinareng ngomen dina dunia nu can puguh aya.

Oting Suprijatin

Oting Suprijatin HP ka kantun asa teu nyawaan

Hermando Parish

Hermando Parish Zaman kiwari loba jurig nyiliwuri..setan mindah rupa........

Muhamad Abas

Muhamad Abas Ulah febukan wae, tah dulur urang di Malaysia dipaehan satilu-tilu. Maenya diantep.

Kartiwa Doank

Kartiwa Doank meuli sate jeung samangka meuki jengkol ditiiran nyeuri hate ku mitoha keur ngarengkol dikiihhan

Dedi Kadjo

Dedi Kadjo
Kulantaran panasaran da pedah wanoja teh nutupan rarayna, si lalaki eta ngadeukeutan bari nyilidik raray si wanoja . . eh eta wanoja teh sihoreng anu sok mawa cara "ShowImah di trans TV" masalah buat loh ?

Chachapuna En Thayank Abie

se siangan ini tubuh ku rasanya terhujam 1000 pisau sakit dan ngilu serta pedih menggapai obat dan sehelai perban pun tak bisa teraih merinding sekujur tubuh mati pun tidak hidup pun di ambang huh...... tabah dan tegarkan diri ini tuhan #salam kopi buat orang2 sunda.......

Iwan Hanjuang

Iwan Hanjuang
Rasulullah Salallahu'alaihi wasallam bersabda: “Siapa yang mengambil (berhutang) harta manusia dan ingin membayarnya maka Allah akan melunaskannya. Sementara siapa yang berhutang dengan keinginan menelantarkannya (tidak membayar), maka Allah akan benar-benar membinasakannya.” (HR. Al-Bukhari). JANGAN RISAU DAN GALAU DENGAN HUTANG, SELAMA KITA MASIH MEMILIKI KEINGINAN DAN BERUSAHA UNTUK MELUNASINYA, INSYA ALLAH....ALLAH AKAN MELUNASINYA. Amiin Ya Mujibassailiin.

Dedi Kadjo

Dedi Kadjo
Dina hiji waktu, aya wanoja nuju ngaheruk di handapeun jembatan Semanggi, aya lalaki ngaliwat palebah awewe eta, ditanya : kunaon nangis? jawab wanoja : hayang wae . . masalah buat loh?

Jos Sajah: Niat Ngaopat

Jos Sajah
Niat Ngaopat Hate mah leuwih nyaah ka Ela da sidik kawin teh keur meujeuhna parawan jeung jajaka tulen. Eta ceunah pamajikan kadua ... Eti, enya ge geulis tur bageur pan sararea ge geus nyarahoeun yen manehna teh randana si Asep, batur kuring sakelas di SMP. Atuh nya kitu deui pamajikan katilu Nani, jelas kawin ka kuringna ge anu katiluna keur manehna teh. Lilis ... imahna hareupeun imah kuring pisan ayeuna teh, apal pisan lah ... salakina nu ayeuna teh mangrupakeun salaki anu ka genepna. Naha atuh hate teh bet nangkel wae ka Lilis, mun teu era ku huntu nu kari 6 siki jeung incu nu geus salawe sikina mah meureun ...

Geulis

Dery Andriawan
"Geulis", hiji kecap anu dipikahayang ku kabeh nu ngarana awewe, ti zaman baheula nepi ka kiwari. Tapi lain perkara gampang keur ngartikeun naon saenyana geulis teh, lantaran euweuh ukuran anu pasti, "Subyektif" cenah ceuk jalma nunyakola mah, beda panon beda titingalianana, beda hate beda rarasaanana, beda duit beda piliheunana. Ngan salah saurang pakar kageulisan nyebutkeun yen ciri-ciri awewe geulis teh, nyaeta "awewe anu mere JEMPOL kanu ieu status" kitu ceunah.

Ayu Ting Ting

Ruhiyat Sumardiharja
‎"ti barang datang ka Cicadas sameut ka ayeuna can digawe keneh, gawe ngan nyumput. Sabab aya jalma nu ngabejaan " Jang ati - ati, jaga diri baik - baik sabab keuer diteangan ku Ayu Ting Ting pedah mere alamat palsu "