Rabu, 18 April 2012

Conto sabaraha hiji CARPONPIS


‎#BALONG AKI#

"Bah, uing hayang dahar jeung lauk," cekéng téh. "Aya ari lauk mah, ngan laleutik keneh. Lamun daek, jig indit ka aki maneh, di ditu mah laukna geus baradag,' ceuk abah nitah kuring ngadatangan aki. "Omon, sia téh hayang lauk? Najis aing mah barang béré ka anak Si Sarju!" ceuk aki basa kuring balaka rék ménta lauk ka anjeunna. Gebrug, panto dipeundeutkeun satakerna.

"Astaghfirullah....!" kuring luncat ngajauhan panto, bisi kagencét. Keuheul ka nu jadi aki, gidig ka balong laju dibedahkeun. Isukna si aki ribut barang ningali balongna geus saat...... enya saat pisan!
Kanjeng Rosul SAW oge manusa biasa, sami sapertos urang. Kalebet dina heureuy sempal guyon oge sami Kanjeng Nabi ge sok midamel. Contona, dina hiji waktos Kanjeng Nabi papendak sareng salah sawios sohabat nu nuju angkat naek onta. Ditaros ku Kanjeng Nabi, "He sohabat! Rek indit ka mana anjeun geus saged kitu naek anak onta?" Sohabat ngawaler, "Ieu mah saens anak onta, ya Rosul! Nanging onta dewasa...
 
Kuring sok hayang nyaho; Naha aya nu milu ceurik mun kuring keur kanyenyerian?
Naha aya di dunya ieu anu ngadoakeun kuring sangkan meunang kabungahan?
Nah aya batur kuring nu hayang nungtun kuring sangkan ngarasa kuring teu nyorangan? Ngagalindengkeun nyaahna nu wening kana dedengean kuring?
Naha aya ????
 
Mas Sampah

Euweuh nu apalaeun ngaran aslina, di landih Mas Sampah teh bane wae pagaweanana mulungan runtah di RW. Sabulan sakali meunang gajih tina uduna warga. Dumukna di sosompang masigit, nyorangan. Teu anak teu bojo, estu nunggeulis. Minggu harita Mas Sampah kalintang sibukna, pedah rek aya lomba kebersihan tingkat kacamatan. Isuk sore ngadorong roda runtah pulang anting. Awak nu regeng ketingali beuki begung, katambah deuih panyakit asma na sok remen jadi ari gawe beurat teuing teh. Sabada beres di peunteun di umumkeun dina speker masjid ku ibu RW yen kebersihan di eta RW pinunjul juara kahiji sakecamatan. Beres ngumumkeun, soloyong Ibu RW teh ka sosompang masjid panasaran pedah si Mas Sampah geus dua poe teu tembong. Diketrok sababaraha kali euweuh nu nembelan, Ibu PKK maksa asup ka sosompang nu rupek. Kasampak Si Mas Sampah keur nangkuban, sabada di guyahkeun awakna oyag kabeh, Bu RW ngoceak, bari teu lila ngucapkeu n “Inna lillahi waina ilaihi rojiun”
 
 
‎"CADEL"

"Papa,papa,! yoyon kurumpung ompang," nu gigireun kabeh ngareret ka budak nu keur di tungtun ku bapana,teu ngarti make bahasa naon eta budak,?
Gap bapana kana kurupuk opak,song dibikeun,budak repeh.Nu ngadenge ngarti.Oooh.! Bari cikikik sareuri.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar