Rabu, 18 April 2012

Rupa-rupa conto CARPONPIS


basa-basi
garita kang emid ditanya ku uhro,cenah mah basa basi
uhro :wilujeng sumping ,kang emid kumaha damang??...
kang emid :matak kuring bisa datang kadieu ge cageur apanan,mun geuring mah ngarengkol weh di imah.....
.....
**aeh eta kang emid...hehehe ^_^
 
uingah ayeuna keur teu hayang nanaon, teu hayang nulis, teu hayang maca, teu hayang barang hakan. estuning hayang cicing,cing, cing
 
LAMARAN

Basa aya nu datang ngalamar kuring. Anak nu awewe nanya.
"Kumaha Mah, bade ditampi?" Kuring cicing teu nembalan. Aduh..bingung! Dina hate masih aya nu ngancik. Sajongjongan kuring ngahuleng. Lamunan nyoreang mangsa katukang. Waktu munggaran patepung jeung manehna. Aya geter asih nu wening. Nu nepi ka kiwari, rasa eta tetep nyangkrung dina hate. Teu daek leungit.
"Mah...!" gebeg. Sorahttp://www.blogger.com/blogger.g?blogID=3619673330402940287#editor budak ngabuyarkeun lamunan.
"Oh..., ke bade ngemut heula. Antos we dugi ka seep sasih..!" tembal kuring.
 
Garabag,terus ceuceuleuweungan bari ajrag-ajragan, sagala dirangsadan horeng aya oray kisi asup kana jero calana kolorna, disangkanamah meureun babaturanana..
 

Basa kuring balik ti pasar, kasampak bapana barudak keur sidengdang na bangbarung bari katempo paromanna alum bangun aya katugenah, palangsiang..........


Tidak ada komentar:

Posting Komentar