Jumat, 27 April 2012

SAMURAI JEPANG: Ku Iwan Hanjuang

Iwan Hanjuang:
SAMURAI JEPANG Tatangga kang Dayat, karesepna kana barang aheng, timimiti batu mirah delima, samurai jepang, malah kungsi ngobrolkeun boga samurai jepang opat peti aya di gunung galunggung, ayeuna barangna aya di Cibalong wewengkon pakidulan Tasik.Hiji poe ulin ka Ade babaturan, kasampak didinya aya babaturanana keur ngobrol neangan samurai jepang.” De wawuh ka kang Dayat? bogaeun samurai jepang opat peti “ ceuk kuring Tembal Ade” Lah kang tong didenge si Dayat mah jelema gelo tukang rahul, dipercaya teuing Kang “Kabeneran balik ka imah pasarandog jeung kang Dayat” Kang. Ade rerencangan Abdi nuju milarian samurai jepang, bade meser cenah, pangaos sabaraha bae wantuneun”.Tembal kang Dayat” Apal atuh si Ade eta mah, jelema burung sagala teu baleg, ulah diwaro lah” Kuring panasaran “ Kang ari samurai jepang opat peti ti gunung galunggung dibawa ka cibalong pan beurat, kusaha dibawana?”.Na ari pok teh “Dibawa hiber apanan ku Prabu Kian Santang apan sakti mandra guna anjeuna mah “ Dina hate ieu mah, Kunaon teu sakalian ku Gatotkaca di bantuan ku si Cepot

Tidak ada komentar:

Posting Komentar