Sabtu, 28 April 2012

" KURING HAMPURA "

‎Lies Tjandra Kancana Sudarma " KURING HAMPURA " Kuring boga hiji kalemahan, kieu: Mun kuring keur hayang nulis, lir teko anu geu pinuh ku eusi. Komo mun kuring aya dina kayaan nuju " moody " Kuring sok sup ka kamar, anu pinuh ku Buku-buku naon wae, Pabalatak ku majalah, nku buku Harian, buku catetn Kamus, wah loba weh. Sok komo mun kuring keur ngeunah hate ETA mun geus gek hareupeun Lap to Aple kuring ih, mun kana kadaharan mah siga kuring resep kana sambel lalab jeung goreng lauk, da dekul we ngadekul,poho kana sagala rupa jeung waktu .Eureun ari rek solat wungkul. Ieu ramo!, ari geus mimiti nulis ! Naha pangalaman ,naha eusi, hate naha kulantaran kuring ka inspirasian ku dongeng babaturan, Lir nu teu kaerem, lir nyicikeun eusi cai ih da ngagolontor we teu daek eureun. Numatak sakapeung kuring sok bingung. Rek nulis teh dina lapak Carponpis, naha bet panjang-panjang teuing? nulis teh bet siga keur Dongeng Sunda?? Ka pupuhu Carpopis boh ka Pupuhana Dongeng Sunda oge ka lapak FBSieu kabeh Lapak-Lpak kanyaah kuring lir kuring lauk anu kecemplung kana sagara! Kuring hampura !

Tidak ada komentar:

Posting Komentar