Jumat, 27 April 2012

PANINEUNGAN KA PUN BAPA

Dedi Ruspendi
PANINEUNGAN KA PUN BAPA Baheula jalan hareupeun imah masih keneh taneuh beureum paling di babatu, sanajan treuk nu narik batu mah najan jarang asup ka gunung. Hareupeun imah aya tangkal nangka, ampir tiap isuk-isuk aya awi nu nanggeuh kana dahan nangka. Pun bapa sok ngalongok ka handapeun tangkal nangka nu manggulna ngajobprak bari luut leet kesang. "Salatri mang". Dakah deukeuh nyayagikeun cai amis kadang kadang sagu goreng hancengan anjeuna oge dibagi dua, jeung anu salatri memeh ngaboseh sapedahna ka kantor di Jl. Sampurna Bandung. Kitu dina usum werit jaman harita. Sok rajeun pun biang rada bendu margi kanggo ngurus putra oge teu cukup. Unggal isuk kudu nyayagikeun sarapan keur anu salatri duka saha jeung duka urang mana. Pun bapa ukur mesem "...Rizki ti Allah ulah heureut ku sateukteuk, ulah lebar ku salambar...." Tiap usum panen pun biang sok reuwaseun di golodog aya jagong, kacang, sampeu, hui....duka saha nu masihanna. Tara aya awi anu nanggeuh dina dahan nangka nuju usum panen mah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar