Jumat, 27 April 2012

Inda Nugraha Hidayat: Billing

Inda Nugraha Hidayat
Billing: Balawiri. Pirang jirim leungiteun jisim. Lalaki. Awéwé. Pagégéyé dina reup bray kingkilaban peuting. Pating gurinjal. “Let’s dance together!” dijé nyorowok ti luhur panggung. Panggero malékat ukur kapireng hawar-hawar. Kasilep ku jedang-jedung musik dugem, nu ngaweuhan sawirahma jeung awuntahna rasa. Seuri durjana pating cakakak tina botol-botol campaigne. Jaladri ngagalura jero dada. Ngawurkeun hangru naraka. Késang nyarakclakan. Ngajanggélék talaga peteng. Ngagulung birahi dina keukeupan. “Wonderfull tonight”. Ku éndah peuting maksiat. Pikabitaeun. Ti raga ka raga. Salaksa malékat bur ber nyatetkeun billing.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar