Selasa, 24 April 2012

Cinta Munggaran Ni Jumi jeung Ki Arsan

Jos Sajah
Cinta Munggaran Ni Jumi jeung Ki Arsan: Cenah mah baheulana Ni Jumi jeung Ki Arsan teh kungsi papacangan dina cinta nu munggaran. Tug ka kiwari maranehanana geus hirup nyarorangan deui, anak incuna geus bumen-bumen di Kota. Dalah kumaha, ieu carita dimimitian ti saprak maranehna ngaruhit menta hape ka masing masing incuna. "Pokona hayang blekberi ..." kitu meureun pibasaeuna mah. Singkat carita maranehna geus baroga blekberi tea, katempo pisan lakuna darehdeh jeung siga nu bungah pisan. Dina pikirna blekberi teh mangrupakeun alat hubungan anu modern tea, eta teh nurut kana caritaan incuna masing. Teu inget di Senen Kemisna, unggal aya kasempetan Ni Jumi Jeung Ki Arsan sok ngahajakeun panggih paduduaan di sisi balong Pa Lurah. Laku lampahna teu beda ti budak ngora tingcikikik tingharewos bari sakapeung mah caricing siga nu kaeraan. Ana pon disidik sidik leuwih deukeut geuning maranehna teh ngan saukur ngulas ngaleskeun hape blekberi tea bari sakedapan mah sok bari di adukeun. Katempo Ni Jumi noelkeun blekberina kana leungeun Ki Arsan dibales ku Ki Arsan noelkeun blekberina kana pipi Ni Jumi, teu lila beletak eta blekberi teh diadukeun terus maranehna sareuri pinuh ku rasa kabungah. Ras ka mangsa katukang jaman maranehna bobogohan, nya kurang leuwih di sisi balong eta pisan, maranehna sok silih toel silih ciwit dibarengan ku rasa cinta nu pagaliwota. Kitu anggapan maranehanana, yen blekberi teh gaganti leungeun maranehanana dina cara berhubungan anu modern tea. Teu kaitung poe geus ganti minggu. minggu geus ganti bulan. Genep bulan ti harita Ni Jumi ninggalkeun alam dunya ngajugjug ka alam pawenangan. Rebun rebun keneh kasampak Ki Arsan nagog dina golodog, cisoca ngembeng dina kongkolakna, ngalimba siga nu jauh ti panineungan. Neuteup langit nu kosong teu aya eusian, nyawang alam nu koredas taya hampas-hampasna acan. Dina palupuh hareupeun manehna, nyampak bungkusan bako jeung blekberi nu paburantak balas mindeng teuing diadu-adukeun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar