Sabtu, 28 April 2012

CARPONPIS PANGPANJANGNA

Lies Tjandra Kancana Sudarma
Lies Tjandra Kancana " SITU LIDO PANINEUNGAN" PUSPA ngan menta dianteur keun ka Panto asup ka Panto Gerbang " LIDO Recreation Center " ka adi bungsuna Dadang. Nu jadi adina nurut we k nu jadi lanceuk teh Memeh ninggalkeun lanceukna, Dadang nyerangkeun heula tina jandela mobil Swiftna. Lanceukna make kameja biru rada gombrong, make sendal capit warna biru sarua jeung calana Jeans biru nu dipakena. ngelek tas hideung merek Guy Laroche. Lain tas murah da memang tas kulit asli buatan luar.. Di ditiumg biru saheab nutupan buukna. Katempona ti kajauhann siga anu ngalamun leumpangna teh da teu weleh tungkul Dadang tetep nyerangkeun meunang sajongjonn mah. Hatena rada nalangsa basa ngaleupaskeun lanceukna ulin sorangan teh. Asa hayang maturan leumpang gigireunana, pek ngbaturan ngobrol bari nempokeun anu keur lalayaran di Situ Lido Tapi da ceuk Dr Dedi, keun cenah manehna sina diajar bermasyarakat deui, Sina wawuh kana kahirupan manehn basa Kang Nana SUKMA aya keneh Palebah rek turun rada ka lebak lanceukn ngalieuk siga anu ngarasa yen adina masih keneh nyerangkeun tikajauhan. pek Puspa ngalieuk, Belenyeh seuri, pek adina di gupayan; Dadang males gupayna, barang Puspa geus teu katempo, kakarak Dadang ngajalankeun mobinal , balik deui ka imah. Sa nggeus Dadang katempo indit. Puspa turun satapak-stapak nuturkeun sukuna turun salengkah - salengkah ka sisi situ Manehna tuluy leumpang ka hiji bangku anu nyanghareup ka situ Lido. Memang statregis pisan diuk palebah dinya teh.iuh jeung bisa teges nempo rakit-rakitl atawa motor Boat anu maju lalauna ka tengah situ Puspa diuk sorangan, hawa karasa rada panas. Tapi Puspa tetep diuk merong ka tengah situ bari siga anu jauh panineungan. Eweuh nu nyahoeunyen manehn datang ka tempat rekreasi eta geus jangjian rek papanggih jeung panutan hatena anu ngaranna: Nana Sukma. Aya kana satengah jamna Pusp ngjejentul diuk dina korsi kayu anu nyanghareup ka Situ Lido. Ti kajauhan manehna bisa nempo pamandangan alam sakitu endahna. Ras ka cipta pangawakan Nana nu jngkung, kulitna anu beresih jeung sikepna anu tenang. Puspa kataji ku Nana sukman basa manehn papanggih dina hiji pesta di Gedung Sreba Guna di deukeut Hotel Salak Bogor.Tina ngenalkeun, ngobrol jeung ngarasa jadi akrab, tuluyna mah silih tukeurn no HP, tetelepona nepi ka jangjiain papanggih Puspa geus teu nglieuk deui ka Jajaka nu sejen. Duanaan jangji bakal saling satia, moal jalir jangji cidra subaya tina niat masing-masing nyeta jangji bakal nghiji. niat rek nalikeun tatali asih nepi k bale nyungcung. rek spapait smmanis. Puspa ngalamun. Panonna mencrong ka tengah situ. Sababaraha kali maranehn sok nyewa parahu soang nu bisa didiukn ku duaan tuluy duanana pada-pada ngboseh katengahkeun. Sakapeun Nana eureun ngaboseh, jadi si soang teh cicing ditengah-tengah talag. Puspa sok protes " Kang hayoh atuh boseh deui da Puspa mah teu kuat ari ngabosehna nyalira mah. Nana Sukma kalah ka seuri, pek leungeun Puspa dicekelan : " Ningali ka Akang " Ceuk Nana bari neuteup kana panon Puspa leleb pisan awor ku rasa anu ngagolak dina dadana " Bade non ?" Puspa rada bingung. Tapi Nana Sukma tetep melong pinuh kaasih." Tingali soca Akang. Puspa neuteup lempeng kana bubuleud panon Nana Sukma. .. Puspa ngarasa leungeuna ditarki lalaunan ku panutanana. Teu wasa nolak. Duanana paantel biwir, Pinuh ku kaasih, lembut jeung geugeut. Soang teh ngan sa ukur oyag-oyagan. Angin nepak dua sirah anu geugeut silih asih ngahijikeun sagala rasa anu kaluar tina jero hate duanana, nyacapkeun kasono jeung kaasih. Lila kituna nepi ka tungtungna Puspa narik beungeutna anu beureum nghias pipina " Atos ah " cenah bari tungkul pipina burahay beureum; " Akang nyaa Puspa, Anjeun moal dileupaskeun deui ku Akang. Enung jangji bakal tetep satia k Akang. Puspa unggeuk. Sanggeus ngarenghap narik nafas panjang. Duanan ngboseh deui Parahu mangrupa Soang sapasang teh ka sisi keun Keur nglamun kitu aya nu nepak ti tukangeun. Puspa ngarenjag " Tos lami ngantosan ? Nu nanya teh singhoren Nana Sukma. kabogohna. Puspa marahmay, panonna cenghar, "Si Akang, puspa tos dua jam didieu" Nana gek diuk gigireun Puspa. " Hampir Akang telat. Mani hese neangan Angkot ka palebah dieu teh mana macet " Nana melong ka Pupa terus pokna lalauanan: " Akang sono ka Puspa Puspa malik ngajawb ngaharewos " Sami. puspa oge sono.. Duanana papelonhg[pelong, ramo duanan meulit silih cekelan. Silih teuteup bari silih teuleumn hate.... Geus teu perlu dicaritkeun kasono kanyaah duaan mah " Akang hayang ngajak Puspa " " Kamana Kang? " " Ka Panghulu " Yu urang jadikeun niat urang bahuela " Puspa bingun. Barang ret ditelek-telek, bet Baju kameja Nana Sukma teh baseuh?? " Naha raksukan teh baseuh Kang ? " Apan hujan plebah Pasar Cigombong mah " Nana ngarames ramo Puspa nu lalencop ; " Arek milu jeung Akang ? " Kamana Kang ?" Puspa nanya bari ngantep leungeunna di cekelan ka Nana pinuh ka geugeut. Karasa nyaah nu wening sumarambah kana sakujur lelembutnana. ' Urang milari Panghulu tea, Akang rek ngenalkeun Enung ka mnehna, Hayu...." " Puspa nangtung. Nana nu jangkung ngarangkul taktakna, karasa ku Puspa yen manehn manggih hiji llaki anu bakal nangtayunga ka manehna lahir jeung batinna. ' H ayu...." Nanan nungtun Puspa mapay mapay talaag. Pek maneh turun tiheul Puspa tetep nuturkeun nu nyekel leungeunna. Sukuna geu nepi kapelebah tuurna Panon Nana ka tembong bungah, kaasih ka geugeut. Puspa tetep di tarik teh nurut Basa cai nepi ka palebah cangkeng Puspa ngadenge sora adina Dadang ngagorowok : " " Teteeeeeeehhhhhh !!!!!! " Jelema ngagimbung, paheula-heul hayang teges nempo hiji awew make kameja biru, di blue jean biru diangkat tina jero talaga Lido, Bajuna baseuh jeung geus teu nyaawaan Dadang ngan saukur bisa sideku , ramohpoy nempo lanceukna geus teu aya dikieuna teh Kadene aya nu ngomong kieu ti nu ngagimbung : " Da katempo titatadi manehna teh ngomong sorangan. siga keur uplek ngobrol kawas aya baturna "pan nu maot tilu buln katukng nkacilkaan motor boat trh bejana kabogohna Dadang teu wasa nangtung, ngansaukur disangkeh rek tempat parkiaran rek nuturkeunu Ambulanas nu rek ngnateurkeun lanceukna ka Rumah Sakit PMi Bogor. ( inspirasi tina ulin ka situ lido tadi isuk 28-4-2012 ) - tamat

Tidak ada komentar:

Posting Komentar