Selasa, 24 April 2012

Lies Tjandra Kancana Sudarma
" KURING " Kadenge mobilna ngagerung diasupkeun ka garasi mobil, Kuring nu titatadi gogoleran dina sofa ,nyaho manehna datang teh turun tina sofa pek nangtung deukeut panto maksud mapagkeun. Bray panto muka, kuring dirawu, diusapan, digalentoran siga nu sono jeung geugeut pisan.Kuring cicing we ngahephep ngararasakeun manehna ngusapan tonggong jeung mangku kuring teh. karasa kanyaahna ka kuring teh luar biasa pisan. Ka ruang makan oge kuring teh dipangku.Aya ku matak betah dina rangkulanana teh.Emh moal aya nu nyaah siga manehna ka kuring.... " Pussy tos emam? Ieu Teteh meser pindang keur Pussy" Kuring diturunkeun basa manehna ngadukkeu sangu jeung Pindang Deles keur kuring...Bari nungguan kuring gigilisiran din sukuna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar