Rabu, 25 April 2012

Olga Kamajaya ‎#IMAH ANYAR....#

Olga Kamajaya
‎#IMAH ANYAR....# Kang Iwan jeung neng Neni Can lila jadi panganten anyar, Bakat ku nyaah na Kang Iwan ka pamajikanna manehna hayang nyien Surprise ka neng neni Hiji poe manehna ngomong ka pamajikanna" hayu nung bageur... urang ulin yu... tapi enung kedah di tutup socana ku saputangan... Naha kedah ditutup kang....??? Pokona maha aya weh... teu lila mangkat make taxi... nepi ka tempat anu di tuju kang Iwan ngajak abus ka imah anyarna anu arek di jadikeun kejutan.... tapi ku kang iwan can menang dibuka saputangan na.... duka tadi tas dahar kulub hui jeung sambel... murilit beuteng neng neni tapi kulantaran era ku salakina neng neni boga akal... "Kang hapunteun pang nyandakeun cai ku halabhab pisan nya bari panonna masih ditutup saputangan... Salakina tuluy mangkat ka dapur nyokot cai... da kadenge ku neni keur ngaleos lempang salakina... gidig lempangna geus apal... tuluy neni hitut... tuuutttt.... pas kang Iwan datang mawa cai neni masih keneh hayang hitut"... nyieun alesan deui manehna... Naha kang teh henteu amis... hapunten kang pang gulaan keun.... ngagidig salakina ka dapur deui...engges karasa jauh 'tuuuuuut... .'. neni hitut deui.... salakina datang neni masih karasa keneh murilit beutengna... Neni nyieun alesan deui Kang masih kirang amis pang tambihan keun gula kang.... Iwan hanjat deui kadapur bari ngagidig Neni Hitut deui... 'PPRRRTT...TUUUUUUUUUTT.....TUUT......TUUIIIT..' Kang iwan datang bari mere cai teh amis ka pamajikan-na bari tuluy muka saputangan na anu masih dipake keneh ku neni.... neni mani reuwas pisan pas di imah anyarna geus loba jelema bari jeng ditukangeun na pisan mitohana... Eeh bapa tos lami sumping pak ceuk neni bari era uman imen.... Mitohana ngajawab engeus, Mimiti hitut nu kahiji.....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar