Jumat, 27 April 2012

Jos Sajah Fikmin # Onlen #

Jos Sajah Fikmin # Onlen # Ti lebah luhur, Shubuh ngulutruk : "Aing heula ki sanaaak !", "ke lanan aya keneh waktu ..." Pas awak rada kendor, Lohor nyenghor : "Aing heula ki sanaaak !", "ke atuh ieu rada hareudang ..." Karasa cangkeul suku nyanghunjar, Ashar Ngagoar : "Aing heula ki sanaaak !". "Engke ieu awak asa pasiksak ..." Srangenge layu teu matak serab, Maghrib ngageuing : "Aing heula ki sanaaak !". "Halah cape ... ke heula kagok ..." Dusun geus ampir simpe, enggon ngagupay dununganana ..., Isya nyeuneu ngabebela : "Aing heula ki sanaaak !". "Euleuh pan wayahna tibra ..." Bray nurani mangkak, lugay ti jero dada dibarengan iman ngingkilaban hate nu poek. Nun Gusti hapunten abdi nu tos teu mirosea ka lima batari kintunan Gusti sadinten sawengi, rumaos abdi alpa nyaba ka lima batara ti Gusti nu Maha Kawasa, ngalajur nafsu nyunahkeun lima dangiang ... ngawajibkeun nyetatus sinareng ngomen dina dunia nu can puguh aya.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar