Jumat, 27 April 2012

Ruhiyat Sumardiharja Akal Abunawas

Ruhiyat Sumardiharja: Akal Abunawas
Lain oge si Jadil atuh mun gawena tara gudal gadil bari jeung nyoo’ kutil, maksud na gudal gadil teh loba akalna pikeun mereskeun hiji parkara . Hiji poe manehna keur jualan sayuran di Pasar Kircon, daganganna sembilan bahan pokok alias sembako , kaitung komplit mun dibandingkeun jeung nu lain. Salila nungguan dagangan gawena ngan gegetret bari jeung mecehan kutil. Atuh nu rek babalanja tadina rek datang ka jongko manehna, teu jadi, malah cing laleos ngajarauhan bari jeung bibirigidigan kawas ningali hantu bungkeuleukan nu benceunong, ompong jeung beungeutna rata. Ningali kaayaan kitu dan menurut rumus gawat darurat alias keadaan sudah tidak terkendali si Jadil muteur otak , neangan cara sangkan daganganna laku. Piraku atuh ti isuk dagangna teu ngalarisan- ngalarisan acan, jeung piraku nu ngaranna dagang neupi ka teu laku, pikirna. Teu lila jorowok si Jadil ngajorowok “ tulung!... tulung!.....tulung!....tuluuuuuuuuuung!!!”. Teu kungsi lila anu rek balalanja nu tadina cing raleos, malah ngadareukeutan “ aya naon!, aya naon!,aya naon! “ ceuk jelema arolohok jeung patunya tanya , aya noan Jadil ceuk lalaki nu jongkona sabeulahan manehna. “ Ieu aya tempe, tahu, oncom, cabe, cengek, bawang beurum, bawang bodas, gula bodas, gula beureum tarigu,minyak goreng jeung sajabana” ceuk si Jadil noroweco siga nu kasurupan bari jeung nawar- nawar keun daganganna. Atuh anu rek balalanja ngarasa watir ninggali si Jadil; ningali daganganna arulus jeung sareugeur jadi mareuli.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar