Sabtu, 28 April 2012

Manik Sundayana: Maling Kelas Huut Parab hayam

Manik Sundayana Maling Kelas Huut Parab hayam Peletak peletak jang Oded meupeuhan tarangna sorangan. Rada peureus karasana, peureus sadarajat jeung nyeri, ngan henteu sanyeri hatena kiwari nu geus saminggu mondok di hotel prodeo. Alatanna mah biasa, katohian basa ruwal rawel kana banda deungeun. Lain banda nu marahal kelas gedongan, ukur kitu we kayaning popoean, parabot imah, jeung sajinisna nu ilahar. Hatena ngagerentes : "Duh apes pisan hirup aing. Jadi maling soteh pedah hese neangan gawe. Ngamen da teu nyukupan, jadi kenek tukang pon kitu deui. Milu dagang jeung Ma Rukmi teu lana da inyana pindah. Heueuh da anak pamajikan kudu dahar, samentara aing teu pisan boga kasab !" Sakolepatan ngalangkang acara tipi nu pinuh ku gambar jalma-jalma ginding. Nu geulis, nu kasep, perlente marake baju necis. Digiring ku pulisi teh awak jeung beungeutna mulus. Suka seuri bear budi nalika ditalek ku wartawan. Beda jeung inyana nu babak belur diteunggeulan heula ku masarakat. "Heueuh bener-bener apes aing teh. Mun boga uteuk nu pinter mah mendingan aing jadi koruptor jiga maranehna. Maling elit, beda jeung aing maling kelas huut parab hayam !" Kabayang beungeut anakna nu lalaki. Jauh dina hatena inyana ngadu'a supaya anakna mah jadi jalma nu bener bageur tur pinter.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar