Selasa, 24 April 2012

FULLIN KA ULEMAN HAJAT NIKAHAN

Risaila Yang
EUHHH..?!Fulin ka uleuman hajat nikahan. Ngahaja ti enjing ngosongkeun patuangan, eta apan bade ka uleman tea. Dugi di tempat nu hajat Fulin ngareret ka meja parasmanan. Reeet... kana daging bistik. Hmm.. bumbuna meni kuled. Reeet... kana gurame asam manis.. Reeet.. kana sate.. Reeet... kana rujak dina mangkok ageung... Duh.. Segerrr.. "Wah.. pertukaran gizi yeuh..", gerentesna bari rada uruyeun. Kacarioskeun Fulin tos nanggeuy piring. Nu tadi didodoho teh tos minuhan piringna. Maos doa bade tuangna rurusuhan, da tos teu sabar hoyong geura ngahuapkeun. Blem...! sahuap dicapek sangu hungkul.. Blem...! huap ka-dua sangu jeung kuah bistik... Bade ngahuap nu ka 3, aya barayana nembe sumping. Fulin nyimpen piringna dina korsi kosong gigireunana, ngadeg teras sasalaman. Teu lami, calik deui. Waktos bade nyandak piringna... eta piring sareng eusi2na tos teu aya dina korsi... Rupina tos diringkid ku tukang nyandakan piring nu kalotor... euhhhh..... . . . heuheu... Wassalamu'alaikum..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar