Kamis, 26 April 2012

Tatang Sumarsono : KELIR

Tatang Sumarsono
KELIR Aya iber pabuburit: manéhna rék datang. Laju waé tatahar, bisi enya. Matuh tempatna, kawas sasari mun keur nganti, ngalangeu di antara jajaran pot kembang. Langit dikelir layung. Manuk goléjra eunteup ‘na kaben telepon—ngajak guntreng. Geuning tacan jol waé? Jigana bakal karasa kareueutna hirup, mun kamarudah teu haben ngukuntit, mun karempan pukah masing anggang. Anteng nyorangan. Antukna tepi kana kacindekan, meureun isukan. Lalangsé nutup lalaunan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar