Senin, 23 April 2012

Ustadz papanganten

Aki Pamanah Rasa
" Kang upami bade wirid mah mangga we tong ngemut-ngemut abdi nya ? " cek Neng Titin bari ngagelehe kana dada salakina, anu ka telah Ustadz Somad. " Muhun bageur wengi ieu akang kedah nyacapkeun ngawirid 1.444 x al ikhlas sareng sholawat 333x, sing shobar nya ngantos Akang supados urang gampil rijki !" Wanci bada isya Ustadz Shomad tatan-tatan bade ngawitan ngawirid, ngampar di handapeun tempat sare, kawantu panganten anyar can gaduh tempat pangsholatan anu matuh, ari Neng Titin lalangkarakan we di luhur ranjang. Teu lami ka kuping gerenyem pa ustadz mulai ngawirid socana peureum bari muter-muter tasbeh. Aya kana setengah jamna ka kuping neng Titin dehem, " Ehemm...!" Pa ustadz tambah uleng ngawirid malah soranage di zaharkeun ngarah teu ka kuping anu dedehem siganamah. kirang langkung 10 menit kakuping deui " Eheeemmmm!" mimiti rada ngagaleong babacaan Ustadz Somad, duka naon nu di emutanana. Teu lila kakuping deui " Eheeem, ehem,ehhheeemmmmm!!!" pa Ustadz curinghak panonna molotot korejat cengkat, kopeah,tasbeh jeung sorban dibeubeutkeun satarikana gajleng luncat kana ranjang bari ngagorowok " Akang oge Ehheeemmm Tiiiinnnn !"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar