Sabtu, 28 April 2012

Dery Andriawan ‎"Gocap"

Dery Andriawan
‎"Gocap" Dina hiji waktu, di téras imah. Kabayan keur ngawangkong jeung Pamajikanna. "Teu karasanya, ayeuna urang teh geus kolot" ceuk si Kabayan, bari ngusap buuk pamajikanana anu panjang ngarumbay. "Enya Kang, asa karék kamari Akang ngalamar Nyai " tembal Nyi Iteung bari seuri saeutik semu bungah. " Umur Nyai ayeuna geus "Gocap" nya?" ceuk Kabayan deui, ngomongna bari maké logat Mandarin. "Bulan hareup Kang. Naha rék méré kado? make jeung nanyakeun umur sagala" tembal Nyi Iteng pinuh kupangharepan. "Engké, lamun umur Nayi geus "gocap" ku Akang rék ditukeuran ku "Jigoan" ngarah bisa menang dua" ceuk si Kabayan bari Nyéréngéh. "Dasar lalaki teu Uyahan!!"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar