Sabtu, 05 Mei 2012

Yetti War fikmin: # Nyubuh #

Yetti War
fikmin # Nyubuh #** Bu kade nya hilap enjing teh angkat tabuh opat, cek sms. Insyaallah bu Win manawi teu kasiangan, jawaban sms Terus beberes ngarah isukan euweuh nu tinggaleun. Saha nu nyarengan bu ?cek sms deui Teu aya bu tadina mah bade ngabantun orok huisan mung mugen ning nya wayahna we bade sorangan, sms mangjkawabkeun

Dewi Mentari: CURHAT

Dewi Mentari
CURHAT::: Kuring sono ka anjeun.

Lies Tjandra Kancana Sudarma Carponpis " Kumaha Lamun ?"

Lies Tjandra Kancana Sudarma
Carponpis " Kumaha Lamun ?"
Geus lila kuring niis dihiji tempat anu jauh k kota,. Dihiji tempat anu matak ngahenang ngahening. Unggal poe nu kadenge iwal ti sora cai walungan jeung recetna sora manuk sarta ningali kaendahan alam sakuriling. Diditu pisan kuring niis bari hayoh we ramo teh nguyek din key-board Lap Top kuring bari ngadengekeun sora bangkong tikajauhan ari tengah peuting. Sore kamari kuring dianteur ku si Bungsu jalan-jalan di Bndung. Leuh asa kacida ramena bari jeung macet. Sababaraha kali kuring nempo aya sababarah nonoman anu make iket mani matak resep katempona. Barudak ngora bari suka seuri ari sirahna make iket model Barangbang Semplak ? Kuring ngan sukur ngarasa reueus, Kumaha nya lamun..eta iket dijadikeun kabudayaan keur Urang Sunda dimana wae? Geuning lucu, moal eleh ku Urang Bali ?

Wawan Darmawan: Solat

Wawan Darmawan
Solat : Ustad pulan boga anak awewe keur meujeuhna rumaja putri. Sanajan anak ustad si nyai teh ka asup jalma gaul. Ari ki Ustad embung eleh ku anakna. Dina ceramahna sok diselipkeun kekecapan atawa istilah gaul. Hiji waktu anakna menta duit pokna teh rek direbonding. Ustad : "Naon ari rebonding teh nyai" Anakna: "Eta bah ngurus buuk dilempengkeun, pan nu nyai mah goreng" Eta istilah teh ku ki ustad diapalkeun. Hiji waktu ki ustad ngimaman solat. Ustad: "Cobi jamaah, singrapet taratihna, sareng barisanana DIREBONDINGKEUN !"

Aga Aby Langga

Aga Aby Langga
nalaah diri - di cisewu malekmeuk langit nu lawung wanci nu harita rek nalekeum ka peuting ngalih inci di bung bulang kamelang teu weleh nyayang bet kuring kabengbat ku anu nyieun duriat nu mantak tibelah urang anjok tepang di juru lapang cikajang anjeun ngawur imut gunder teteup anteung kajongjonan di juru lapangan ngamplang.na anjeun teh saha jeung saha atuh nu boga horeng anjeun kedi amis budi.

Dewi Ratna Damayanti: Tamba

Dewi Ratna Damayanti
Tamba*** Mekprek sandekala, ngarendos kalong wewe. Tinyuh ku cimata langit. Sok suguhkeun. Omat tong bejaan batur yen eta tamba keur nu borangan.

Kang Ties: Serat kanggo Rini

Kang Ties
Serat kanggo Rini*** Upami Wengi kaleresan Purnama dina embun-embunan Pasir Bandéra sareng Pasir Tikukur. Sono Nambihan! Émut ka Salira nu calik dina pangkonan pageuh meulitkeun panangan kana beuheung, sareng Raray nu dangah ngalebuhkeun Purnama, nu nampeukeun kareueutna tresna. Ah, apal waé Salira mah kana kalemahan haté Aang, nu teu kiat nadah teuteup ceuleuyeu nu sapertos patingkaretipna bentang ningker Purnama itu, sareng basa gelebug angin nembag ngarewégkeun tirisna ka Urang. Salira ngaharéwos, "Kalebet yu, aya nu sapesial geura!". Kiwari sami! Aang nuju calik di tepas katineung Urang, bari carinakdak neuteup Purnama na embun-embunan Pasir Bandéra sareng Pasir Tikukur, nu kakalieusan dina hunyudan pepedut, nuju ngadamel serat kanggo Salira. Mudah-mudahan waé dugi kana pangkonan Salira, nu nuju nganti, calik di Patamanan Nagri nu éndah, nu tangtos hiji waktos bakal ka sorang ku Aang, Rin!

Wawan Darmawan: NOLOL

Wawan Darmawan
NOLOL Si Jabrig teh budak bangor tur lenger. Tapi manehna boga panyakit nu teu eureun-eureun. Ungal poe eta lehona teh kaluar tina irungna. Atuh puguh we jalma nu ningali teh geuleuheun. Hiji waktu manehna ngaliwat ka hareupeun aki SOmad nu keur moyan bari disasarung. Bareng ret ki Somad ka si Jabrig ki Somad ngabalieur geuleuh. Pokna: "Si Olol Leho siah ... nyingkah ka ditu ! Si JAbrig keuheul asa diteungteuingan ku ki Somad. Manehna ge pok ngomong bari nunjuk : "Mending olol leho jeung olol peot mah" Ki Somad reuwas ari ret ka handap sihoreng tuan kawasa gugulantungan milu moyan

Muhamad Abas

Muhamad Abas
Aya aki-aki keur nyingharepan sakaratul maut. Manehna wasiat ka incu-incu na (meureun kusabab nga-idola-keun Saddam Hussein) hayang nyium bendera Irak. Puguh wae incu-incuna malencar neneang bendera Irak. Hanjakal teu kapanggih. Ngan untungna aya hiji awewe ngora nu jadi guru olah raga boga tato bendera Irak dina bujurna. Rupina si ibu guru teh sarua fanatikna ka negeri 1001 malam eta. Terus, aya ku solehah eta bu guru, jol weh nonggeng hareupeun rarai si aki bari nyarita: "Sok aki, mangga cium." "Celepot, cup...cup...," si aki mani sumanget nyium bujur bu guru bari ngadawuh, "Bu guru cobi malik, kagok ah aki mah hayang sakalian nyium kumisna Saddam Hussein, he..he..."

Endang Kasupardi: SUSUGANAN

Endang Kasupardi
SUSUGANAN ::: Basa halimun masih keneh mungkus halimun kuring masih tetep cinutrun dina batu gede nungguan nu rek nampol. Sugan jalan bakal alus ku hiji ieu gunung batu.

Peri Sandi Huizche: Sangkuriang Diajar Bebersih..

Peri Sandi Huizche
Sangkuriang Diajar Bebersih.. Srroooooooodddd...... sroooooooooooooodddddddddddddddddd.. Asrrroooooooooooooooodddddddd....... Ceuk uing, "Nuju naon ceu suster?" Suster Ngesod ngajawab, "ai sia teu neuleu, koplok! aing teh keur ngesod!!" Ceuk uing teh, "Oooohh, nuju beberesih? Hehehehehe... mangga dilajeung.... " Srroooooooodddd...... sroooooooooooooodddddddddddddddddd.. Asrrroooooooooooooooodddddddd......

Peri Sandi Huizche: Sangkuriang Jeung Tuyul

Peri Sandi Huizche
Sangkuriang Jeung Tuyul Hiji mangsa, aing kaleungitan duit. "Bagooi.. teh.. aing leungit duit euy!" Tiba-tiba aya nu ngajawab, "Wah, siamah kurang sodaqoh..". Ceuk uing bari nembalan, "Naon siah, tong pipilueunlah..keur rudet yeuhh!". Tului dijawab deui ku si eta, "Naon siah, bet ngadat ka aing?" "Heueuh sia, orowodol.. make bet botak ciga tuyul.." Tului duanana galungan, tuyul mah nyengeh ciga nu maca "xixixixixixixixixixixixixixixi..."

Peri Sandi Huizche: Sangkuriang Diajar Konsisten...

Peri Sandi Huizche
Sangkuriang Diajar Konsisten... ((Edisi Jujurigan) "Bagoooiii!!! Eta naon hejo kitu!!!!" Ceuk uing. "Aing buta hejo, Beul...." Ceuk Buta Hejo. "Anjrit, bener euy didinyamah konsisten hirup teh.." Ceuk uing deui. "Naha bet ujug-ujug konsisten sia mah?" "Heu-euh da tara aya Buta Koneng. Komo Buta Bodas mah.." Si Buta nyakakak, "Wakakakakakakakakakak.... heu euh aing mah PPP sampai mati!!!"

Dery Andriawan: Ujian

Dery Andriawan
Ujian: Harita, basa zaman kuring sakola. Aya guru anu sok mere 7 soal, tara kurang tara leuwih. Tina 7 soal, 5 anu kudu dipigawean ku murid. "pilih 5 soal tina 7 soal di handap ieu anu dirasa kuhidep pang gampangna." Dina hiji waktu, lantaran kuring teu ngapalkeun jeung eweuh nu yakin jawabana bener...deer weh, dijawab kabehanana, bari dihandapna dibere katerangan "Mangga pilih, 5 tina 7 jawaban di luhur, anu ku Ibu dianggap pang benerna..! Waktu hasilna dibagikeun, kuring bingung aya penten 234, saumur-saumur sakola karek manggihan penteun jiga rokok djisamsoe. Sing horeng dihandapna aya kateurangan kieu "Mangga pilih salah sahiji penteun ieu, anu dipikahayang ku Anjeun.....!

Yuharno Uyuh ONod: ‎"EBAT"

Yuharno Uyuh ONod
‎"EBAT" Dina wengian malem sunah, tonggoy menekung di kamr simpe aya jugjugan hayang ditedunan ku Mantena. "Jabrail mubus suhunan, belenyeh imut. Bet hayang ngareret kanu gigireun, beu.., kancolah. Kalah ebat.. Tasbe murag poho itungan. Ah keun bae.., da kawajiban. Dekul, dekul... Less... Kerek patembalan.

Jumat, 04 Mei 2012

Antoe Zlleboers

Antoe Zlleboers **************************************
punten kasadayana' abdi bade amit mundur' hatur nuhun

Lies Tjandra Kancana Sudarma: Carponpis " Kumaha Lamun ?"

Lies Tjandra Kancana Sudarma
Carponpis " Kumaha Lamun ?" **************** Geus lila kuring niis dihiji tempat anu jauh k kota,. Dihiji tempat anu matak ngahenang ngahening. Unggal poe nu kadenge iwal ti sora cai walungan jeung recetna sora manuk sarta ningali kaendahan alam sakuriling. Diditu pisan kuring niis bari hayoh we ramo teh nguyek din key-board Lap Top kuring bari ngadengekeun sora bangkong tikajauhan ari tengah peuting. Sore kamari kuring dianteur ku si Bungsu jalan-jalan di Bndung. Leuh asa kacida ramena bari jeung macet. Sababaraha kali kuring nempo aya sababarah nonoman anu make iket mani matak resep katempona. Barudak ngora bari suka seuri ari sirahna make iket model Barangbang Semplak ? Kuring ngan sukur ngarasa reueus, Kumaha nya lamun..eta iket dijadikeun kabudayaan keur Urang Sunda dimana wae? Geuning lucu, moal eleh ku Urang Bali ?

Lies Tjandra Kancana Sudarma

Lies Tjandra Kancana Sudarma
‎" Katengtreman manah sacara fisik emosional, mental jeung spiritual basa sujud k Allah.swa, dina sepi jemplingna tengah peuting "

Lies Tjandra Kancana Sudarma:: ‎"SIM CARD ":

Lies Tjandra Kancana Sudarma:
‎"SIM CARD ": Isuk-isuk keneh Indung kuring nyalukan Pamajikan nu keur nyieun sangu goreng " Ning..." Cenah bari nyarande kana lomari makan. Pamajikan kuring ngalieuk ;" Ada apa Mam.." Jawab pamajikan kuring mah ngajawabna ku basa Indonesia wae da urang Jaw " Nih Mam ngasih ini, katanya kemarin mau ganti sim -card pake Simpati." Bari song Indung kuring ngasongkeun sim -card ka pamajikan kuring. Ning nangtung, cium tangan ka Indung kuring " Asyiiik " cenah, atoheun da si cikalna simcarda sarua Simpati jadi njan lila ngobrol ari sarua Providern mah murah.Puguh atoheun. Kuring ngan saukur merong ka Indung kuring Ongkoh kamari mani keukeuh hayanng ngaganti kartu Mentarina ku Simpanti Indung kuring ngleos ka kamarna. Kuring jeung pamajikan silih pelong. Teu ngarti.

Risaila Yang: MENI GEULEUH PISAN..!

Risaila Yang
MENI GEULEUH PISAN..! Meni geuleuh tah ibu2 teh..unggal indit ka nuhajat kawinan sok nanya, "Iraha atuh, neng bade nyusul..?". Tara nembalan ngan ukur nyerengeh weh bari hate mah ambek keuheul. Angger eta teh unggal kanu kawinan... meni geuleuh!! Pas ngalayat tatangga nu maot, pendak deui sareng ibu2 nu biasa tea. Gantian nanya ah... "Ibu2... iraha bade nyurul tah...?". Ehhh... kalakah ambek nyarekan, jeung ngagebugan geura...! Dasar ibu2 licik sorangan...!! Meni geuleuh pisaaaan...!!! . . (ieu carita ti sms nu nyasar. Duka saha nu ngintunna mah..)

Anunsiata Srisabda

Anunsiata Srisabda
‎"UNG" ******************************************* urang bingung, teu nyaho mana nu mimiti, mana nu tungtung tapi urang mah nyaho pisan si Untung, babaturan saya nu rada tutung bogoh pisan ka si Nunung, sanajan teu boga sihung, si Untung boga puisi sagunung nu ngahiung. Teu nyaho kumaha mimitina si Nunung balik bogoh ka si Untung. Meureunan si Nunung keur bingung ditolak cinta ku si Pulung nu jangkung, jadi manehna rada linglung. Ah tapi da ngarana ge cinta, jadi teu kudu nyaho kumaha mimitina, nu pasti ayeuna urang nyaho tungtungna, si Untung jeung si Nunung rek kawin di sasih pang tungtungna di tahun ieu. Mas kawina nya eta tadi puisi Untung nu sagunung. (puntennya, ieu mah carita fiktif, upami aya nami nu sami, ulah bendu....hehe...hidup Untung)

Agus Alfajari: ‎# TILU HUKUMAN DAYAK #

Agus Alfajari
‎# TILU HUKUMAN DAYAK # ******************************* Aya lalaki nyasab di hiji leuweung kalimantan tengah peuting wayah isa, keur pegat harepan nyampak di hareupeun manehna aya imah tradisional sakitu jangkungna.Pinuh ku sumanget manehna nyobaan ngetrok panto rek menta tulung.Barang panto di buka katingali lalaki kolot urang dayak pedalaman ngajak eta lalaki asup ka imahna bari pok nyarita "keun maneh di ampihan peuting ieu ku kuring ngan ulah sakali kali ngaganggu anak kuring, mun eta di rempak maneh bakal meunang tilu hukuman dayak ti kuring" si lalaki nyanggupan tuluy diajak ka ruang makan, barang gek diuk torojol budak awewe nu boga imah kacida geulisna mawa cai jeung sagala rupa dahareun bari sura seuri centil ngajak ngobrol.Beres dahar eta lalaki di sadiakeun kamar nu pangluhurna jang sare, bari ngagoler manehna mikiran awewe nu ngobrol jeung manehna tadi, hasrat teu kabendung tuluy manehna keketeyeupan nyampeurkeun kamar eta awewe.Leuwih ti 2 jam manehna balik deui ka kamer manehna bari seuri atoh kacida tuluy sare tibra.Isukna eta lalaki hudang reuwas ningali batu sagede bantal nindihan dadana bari aya tulisan"hukuman kahiji di tindihan batu" manehna tuluy seuri miceun eta batu kaluar bari maca tulisan kadua "batu di talian kanu siki beulah kenca" bakat ku reuwas dari pada manenhna impoten mending potong tulang manehna luncat kaluar nyusul batu nu tadi di piceun bari maca tulisan katilu"siki belah katuhu di talian kana ranjang"

Iwan Hanjuang: Suriadigjaya.

Iwan Hanjuang
Suriadigjaya.****** Salakina di opname gering teu bisa nanaon ngelempreh we, mandi miceun diurus ku suster, hiji poe pas ngalongok, salakina keur dimandian ku suster, atuh komo we pamajikanana timburu jaba susterna geulis. " Suster, janten suster anu ngamandian salaki abdi teh? " " Muhun Bu, apan abdi mah tugas, janten salaki Iibu di ibakan unggal dinten." " Di ibakanana, taranjang eta teh!!" " Muhun taranjang " " Dicabakannya kabeh, ka asup bobogaanana oge!!" [ambek} " Muhun, sadayana dicabakan" " Apan aya tulisan tina gagangna jeung huluna SaYa, kabaca nya?" " Teu aya tulisan SaYa mah, aya oge tulisan" SuriadigjaYa".panjang aksarana."

Endang Kasupardi: SANES ABDI NU TI PAYUN

Endang Kasupardi
SANES ABDI NU TI PAYUN *** "Eh puntennya, anu ngasms ti payun sanes abdi, janten sanes abdi....", pokna dina jawaban sms ti kuring. Enya jawaban kuring oge ukur ngahaha..."Neng meni ih...emut wae kana sms panungtung eta", jawab teh. Kitu sotenan geus puguh sataun kaliwat. basa kuring anu saratus kalina tetep ditolak ku manehna. "kieu we...", cek kuring harita. enya sms anu panungtung tea. "akang moal ngasms deui neng da puguh anggapan akang neng teu bogoh sanajan akang geus ngabuktikeun sagala rupaning eusi hate jeung tanggungjawabna. tapi mung sakalieun neng ngasms akang. Inget eta hartina neng bogoh ka akang", kitu pok teh. Bener we, ti harita geus sataun nepi ka ayeuna teh. panceg dina poe jumaah ieu. Kuring tara pernah ninggali sms jeung teu wani ngasms manehna. ayeuna wani soteh dumeh geus rada poho piraku onam manjangkeun beda paham.

Arry Syakir Gifari: PAYU PISAN

Arry Syakir Gifari
PAYU PISAN: Hiji poe, Jang Mamat nu karek diangkat jadi dokter huntu di jalan Dago mikir kumaha carana sangkan praktekna bisa payu. Tujuh poe tujuh peuting saprak tapa di Goa Jepang, manehna meunang harwos ti aki-aki. "Yeuh jang tempelkeun ieu poster di B.E.C atawa toko henpon sa Bnadung mah.... ulah kagok" Dokter Mamat :"naon hubunganana nyeuri huntu jeung toko henpon ari aki...? boga hape ge hanteu..." "Aeuh siah si ujang nga hina dewek didinya teh..??" ceuk si aki bari nembongkeun Hape na sungutna.. "Huntu Palsu etamah Akiiiiii...." ceuk mamat bari seseurian. "Nu bener atuh ki..." "Aeeeh... iraha teuing aing teu bener ujang... buru bagikeun eta iklan" "teu percaya abi mah ki.." tembal dokter mamat. "Lamun gagal... tah kereut K****L aki..." ceuk si aki bari nangtang. Singkatna, Dokter Mamat nyumponan talatah si aki, dua poe sanggeus nempelkeun iklan di BEC jeung toko-toko henpon, BENER pisan.... loba pasien nu ngantri di tempat praktekna. singhoreng si aki nyieun iklan nu eusina: "INGIN TABLET, BEROBATLAH KE DOKTER GIGI MAMAT DI JALAN DAGO"

Andanang Sinatra: NYAAH KA BUDAK

Andanang Sinatra
NYAAH KA BUDAK Hayamteh geuning geus aya nu kongkorongok padahal masih keneh janari leutik, singhoreng kagareuwahkeun ku ceu Kokom nu keur dadahut nyadiakeun bebekelan kanggo salakina nyaeta mang Adang Wanci subuh mang Adang nguliat bari lulungu gura giru ka cai, rengse sholat subuh mang Adang tatan-tatan seja miang neang pakasabanana bari mawa bebekelan nu ϑȋ̊ jieun ku ceu Kokom tadi Mang Adang mulang na teh sok sore kadang dugi ka wengi, kitu jeung kitu sapopoe mang Adang jeung ceu Kokom Geuningan mang Adang jeung Ceu kokom luat-leet ku kesang ti isuk jedur nepi ka sore jeder nepi ka peuting jempling teh melaan barudakna Anggap wae ayeunamah mang Adang jeung ceu Kokom teh kolot urang sarerea

Kamus SUNDA - Indonesia

Kamus SUNDA - Indonesia ................................................................. A Aang = Kakak Abah = Bapak Abdi (sim) = Saya Abot = Berat Acan = Belum Acuk / Raksukan = Pakaian Adat = Tabiat Adeuk = Akan Adi = Adik Adigung = Angkuh Adil = Adil Agan = Tuan Ageung = Besar Agul = Bangga / Sombong Ahéng = Aneh / Ganjil Aing (kasar) = Saya Ajag = Srigala Ajeng = Mengajukan Ajleng /Ngajleng = Lompat / Melompat Akang = Kakak Akar = Akar Aki = Kakek Aksara = Tulisan / Huruf Ali = Cincin Alim = Tidak Mau Alit = Kecil Almenak = Almanak Alo = Keponakan Alung = Lempar Alus, Saé = Bagus Amang / Emang = Paman Amarah = Emosi Ambéh = Agar Ambek = Marah Ambekan = Hawa Nafsu Ambeu = Mencium Bau Ambu = Ibu Ameng = Bermain Amis = Manis Ampar = Tilam Ampir = Hampir / Nyaris Anak = Anak Ancin = Sedikit Makan Anclub = Turun ke air Ancur = Hancur Andiprek = Lesesan Anduk = Handuk Angel / Anggel = Bantal Angger = Tetap Anggo = Pakai Anggoan = Pakaian Angkat = Pergi Angkéng = Pinggang Angkeub = Mendung Angkeut = Dagu Anjang = Mengunjungi Anjeun = Anda / Kamu Anjeunna = Dia/ia/beliau Anom = Muda Antawis = Antara Anteur = Antar Antos = Tunggu Antuk / Antukna = Akhirnya Anu/nu = Yang Anyar = Baru Aos = Baca Apa = Bapak Apal = Hafal Api-api = Pura-pura Aprak = Jelajah Apu = Batu Kapur Arék / Rék = Akan Areung = Arang Arit = Celurit Artos = Uang Asa = Sepertinya Asak = Masak / Matang Asin = Asin Astana = Pekuburan Astra = Wajah Asup = Masuk Atah = Mentah Atanapi = Atau Atawa = Atau Ateul = Gatal Atik = Didik / Ajar Atikan = Ajaran Atoh = Senang Atos = Sudah Atra / Jatra = Jelas Awak = Tubuh/Badan Awang-awang = Angkasa Awéwé = Perempuan / Wanita Awi = Bambu Awis = Mahal Awon = Jelek Aya = Ada Ayak = Saring Ayakan = Saringan Ayeuna = Kini/Sekarang B Babar = Lahir Babaturan = Teman Badag = Besar Badé= Akan Bagéan = Bagian Bagel / Ngabagel = Keras / Mengeras Bagja = Bahagia Bagong = Ba-bi Hutan Baham = Mulut Baheum = Kulum Bahé = Tumpah Baheula = Dahulu Bajing = Tupai Bakal = Akan Balad = Teman Balanak = Belanak Balang = Lempar Balangsak = Melarat / Miskin Balédog = Lempar Balég = Dewasa Baleuy = Tidak terlalu panas Balik = Pulang Balong = Kolam Balung = Tulang Bancét = Katak Berekor (anak katak) Bangga = Ribet Bangir = Mancung (Hidung) Bangkawarah = Kurang Ajar Bangké = Bankai Bangkong = Katak Bangkuang = Bengkuang Bango = Bangau Bantos = Bantu Bantun = Bawa Baraya = Saudara Baréd = Tergores Bareuh = Bengkak Bari (katuangan) = Basi Baruk = Begitukah ? Barusuh = Sariawan Basa = Bahasa Basa = Ketika, Saat Baseuh = Basah Basisir = Pesisir Bati = Laba Batur = Orang Lain Bau = Bau Bawa = Bawa Bayah = Paru-paru Bayawak = Biawak Bayeungyang = Gerah Bayuhyuh = Gemuk Béak = Habis Béas = Beras Bébéné= Kekasih Béha = Bra Béja = Kabar / Berita Béké = Pendek Bénten = beda Béntang = bintang Béré/ Méré = beri /memberi Béréhan = dermawan, murah hati Bedegong = Bandel Bedil = Senjata Laras Panjang Bedog = Golok Begal = Perampok Begang = Kurus Begu = Anak **** Bekong = Mug Besar Belegug = Bodoh / Tolol Belejog / Kabelejog = Tipu / Tertipu Belenyéh = Tertawa Kecil Belesek = Amblas Belet = Bodoh Béncong = Waria Bendu = Marah Bener = Benar Bentén = Ikat pinggang dari emas Beresih = Bersih Beresin = Bersin Berkat = Bingkisan Beuheung = Leher Beulah = Belah Beuleum = Bakar Beuli = Beli Beulit = Lilit Beungeut = Wajah Beunghar = Kaya Beungkeut = Ikat Beurang = Siang Beurat = Berat Beureum = Merah Beurit = Tikus Beusi = Besi Beuteung = Perut Béwara = Berita/Pengumuman Biang = Ibu Biantara = Pidato Bieu = Barusan Bikang = Betina Bilatung = Belatung Binangkit = Kreatip Bingah = Gembira Bingah = Geraham Bingung = Kalut Bireuk = Tidak kenal Bisluit = SK = Surat keputusan Bitis = Betis Bitu = Meledak Biwir = Bibir Bobo = Tidur Bobo = Lapuk Boboko = Bakul Bobos = Kentut Bobotoh = Pendukung Bodas = Putih Bodo = Bodoh Bodor = Lawak Boga = Punya Bojo = Isteri Boloho = Bodoh Bolokot = Kotor oleh Lumpur Bongoh = Lengah Bosen = Bosan Buah = Mangga Budah = Buih Budak = Anak Bueuk = Burung Ahntu Bujal = Udel Bujangan = Jejaka Bujur = Pantat Buk-Bak = Obrak-Abrik Buktos = Bukti Buku = Buku Bulan = Bulan Bulao = Biru Buleud = Bulat Bumi = Rumah Bungah = Gembira Buni = Tersembunyi Buntut = Ekor Bureuteu = Gendut Buru = Lekas Buruan = Halaman rumah Buruh = Upah Burung = Gila Butuh = Perlu Butut = Jelek Buyur = Anak Katak C Caah = Banjir Caang = Terang Cabak = Raba Cabok = Tampar Cacag = Cincang Cadu = Tak pernah Cagak = Cabang Cageur = Sehat Cai = Air Cakcak = Cecak Caket = Dekat Calacah = Abu Rokok Calakan = Rajin Calana = Celana Caletot / Kacaletot = Keceplosan Ngomong Calik = Duduk Candak = Bawa, Ambil, Bawa Cangcang = Tambat Cangked = Tambat Cangkéng = Pinggang Cangkurileung = Burung Kutilang Capé = Capai, Lelah Capit = Jepit Caram = Larang Carang = Jarang Carék = Larang Caréham = Geraham Caréngcang = Jarang (barang di toko) Careuh = Musang Caringin = Beringin Carios = Cerita Carita = Cerita/Kisah Carogé = Suami Carpon (carita pondok) = Cerpen (Cerita pendek) Cawet = Celana Dalam Cekap = Cukup Cékér = Kaki (unggas) Cempor = Lampu Minyak Cénang = Bisul Céngék = Cabai Rawit Cengkat = Bangun (dari duduk) Céntang = Sentil Cepil = Telinga Céréwét = Cerewet Ceudeum = Mendung Ceuk = Kata Ceuli = Telinga Ceumpal = Lap Ceurik = Tangis / Menangis Ciak = Anak Ayam Ciduh = Ludah Cikur = Kencur Cilaka = Celaka Cileuh = Belek / Kotoran Mata Cingceng = Gesit Cingcin = Cincin Cingir = Kelingking Cingogo = Jongkok Cipruk = Basah Ciri = Tanda Citak = Cetak Ciwit = Cubit Cobi = Coba Coét = Cobek Cokor = Kaki (binatang) Cokot = Ambil Colok = Jotos Comél = Banyak Omong Comot = Mengambil Sedikit Congcorang = Belalang Sembah Coplok = Lepas / Terlepas Cucuk = Duri Cucunguk = Kecoa Cukang = Jembatan Cunihin = Genit (laki-laki) Cupu = Kotak Cureuleuk = Jeli Cureuleuk = Berbinar (mata) Curuk = Jari Telunjuk D Dadali = Burung Garuda Daék = Mau Dago = Tunggu Dahar = Makan Dahuan = Kakak Ipar Dalapan = Delapan Damang = Sehat Damar = Lampu Damel = Kerja Damis = Pipi Dampal = Telapak Dangdan = Rias Dangdos = Rias Danget = Saat Dangu = Dengar Darehdeh = Ramah Datang = Tiba / Sampai Datang = Sampai Dayeuh = Kota Déét = Dangkal Déngé (kasar) = Dengar Déwék (kasar) = Saya Deudeuh = Sayang Deui = Lagi Deukeut = Dekat Deuleu (kasar) = Lihat Deungeun = Teman Deungeunna = Lauk Pauk Diajar = Belajar Digjaya = Sakti Dina = Pada / Di Dines = Dinas Dinten = Hari Diuk = Duduk Doja = Ganggu / Coba Domba = Biri-biri Dongkap = Tiba / Sampai Du’a = Do’a Dudukuy = Topi Dugi = Tiba Duit = Uang Duka = Tidak Tahu Dulur = Saudara Dumasar = Berdasarkan Dunungan = Majikan Dunya = Dunia Dupak = Senggol Duriat = Perasaan Cinta Duruk = Bakar É Écés = Jelas Édég = Stress, Gila, Pandir É’é = Beol Ékék = Burung Betet Éléh = Kalah Élékéték = Gelitik Élmu = Ilmu Émpang = Kolam Émut = Ingat Éndah = Indah Énggal = Cepat Énjing = Besok Énjing = Pagi Énjing-enjing = Pagi-pagi Éntog = Mentok (semacam bebek) Éra = Malu Étang = Hitung Étangan = Hitungan E Embé = Kambing Embung = Tidak Mau Eundeur = Bergetar Endog = Telur Enggeus = Sudah Engké = Nanti Entong = Jangan Enya = Iya EU Eueut = Minum Eujeung = Dengan Euleum = Cukup Eunteung = Cermin Euntreup = Hinggap Eurad = Jerat Eureun = Berhenti Eusi = Isi G Gabrug = Terkam Gado = Dagu Gaduh = Punya Gajih = Lemah Galengan = Pematang sawah Galeuh = Beli Galing = Ikal Galumbira = Bergembira Galungan = Gumul / Bergumul Galur = Jalan Gampang = Mudah Gampil = Mudah Gampleng = Tampar Gancang = Cepat Gandeng = Berisik Gantar = Galah Ganti = Ganti Gapura = Gerbang Garing = Kering Garo = Garuk Garong = Pencuri Garwa = Istri Gawé = Kerja Gawir = Jurang Gayor = Sangga Gayot = Gantung Gégél = Gigit Géhéng = Hangus = Besar Géhgéran = Latah Géléng = Gilas / Lindas Gélo = Gila Géték = Geli Gedé = besar Gedong = Gedung Gelut = Berkelahi Gembul = Lahap Genep = Enam Gentos = Ganti Gepok = Tumpuk Gering = Sakit Gero / Ngageroan = Panggil / Memanggil Geter = Getar Getih = Darah Getok = Jitak Getol = Rajin Geugeut = Sayang Geulang = Gelang Geuleuh = Jijik Geulis = Jelita Geumpeur = Gugup Geuneuk = Lebam Geunjleung = Tersiar Geutah = Getah Gigir = Sebelah / Samping Gimir = Jerih Girimis = Gerimis Gitek = Goyang Giwang = Anting Godog = Rebus Gogog = An-jing Gohgoy = Batuk Goreng = Jelek Gorobag = Gerobak Gugah = Bangun Tidur Gugunungan = Bukit Gugusi = Gusi Guguyon = Humor Guha = Goa Gula = Gula Guludug = Guntur Gumbira = Gembira / Girang Gumilang = Gemilang Gumujeng = Ketawa Gundam = Gigau Gurilap = Gemerlap H Halabhab = Dahaga / Haus Halimpu = Merdu Halimun = Kabut Halis = Alis Halodo = Musim kering Halu = Alu Hambar = Tawar Hampang = Ringan Hampas = Ampas Hamperu = Empedu Hampura = Maaf Hanaang = Dahaga / Haus Handap = Bawah / Rendah Haneut = Hangat Hanjakal = Menyayangkan Hanjelu = Sesal Hanyir = Amis Hapa = Hampa Hapunten = Mohon maaf Harangasu = Jelaga Haratis = Gratis Harep = Harap Hareudang = Gerah Hareup = Depan Harewos = Bisik Hariring = Dendang Hariwang = Cemas Harkat = Martabat Harti = Arti Hartos = Arti Haseum = Asam (rasa) Haseup = Asap Haur = Bambu Hawek = Loba Hayam = Ayam Hayang = Mau / Kepingin Hayu = Ayo / Mari Héés = Tidur Héjo = Hijau Hémeng = Heran Hérang = Bening / Jernih Hésé = Susah Henteu = Tidak akan Heueuh = Iya Heubeul = Dahulu Heulang = Elang Heuleut = Saat Heureut = Menyempit Heureuy = Gurau Hideng = Rajin Hidep = Kamu Hideung / Hideung Lestreng = Hitam / Hitam Legam Hieum = Rindang Hiji = Satu Hilap = Lupa Hileud = Ulat Hilik = Awas Hilir = Ilir Hipu = Empuk / Lunak Hirup = Hidup Hitut = Kentut Honcéwang = Bimbang Horéam = Malas Hoyong = Mau / Ingin Hu ut = Gabah Hudang = Bangun Tidur / Bangkit Huis = Uban Hujan = Hujan Hulu = Kepala Huma = Ladang Huntu (kasar) = Gigi Hurang = Udang Hurung = Nyala Hutang = Utang Hyang / Sanghyang = Dewa I Ibak = Mandi Iber = Kabar Ibing = Menari Ibu = Ibu Ibun = Embun Ical = Jual Ical = Hilang Icip = Cicip Idek = Didekatkan Ieu = Ini Iga = Rusuk Igel = Menari Ijid = Jijik Ilahar = Normal Imah = Rumah Imbit = Pantat Impleng = Membayangkan Imut = Senyum Incer = Incar Incok = Encok Incu = Cucu Indit = Pergi Indung = Ibu Inget = Ingat Inggis = Gelisah Ingkab = Ketiak / Ketek Ingkig = Pergi meninggalkan Ingon = Ternak Injeum = Pinjam Injuk = Ijuk Inohong = Tokoh Inteun = Intan Ipis = Tipis Iraha = Kapan Irong = Lihat Irung = Hidung Ised = Geser Isin = Malu Isténan = Memperhatikan Isteri = Wanita / Perempuan Isuk = Besok Isuk = Pagi Isukan = Besok Isuk-isuk = Pagi-pagi Istrénan = lantik Itu = Itu Itung = Hitung Iuh = Teduh Iwal = Kecuali J Jaga = Kelak Jagjag = Sehat Jagong = Jagung Jail = Jahil Jajaka = Jejaka / Pemuda Jajatén = Ilmu Kesaktian Jalma = Manusia/orang Jalmi = Manusia/orang Jalu = Jantan Jampana = Joli Jampé = Mantera Janari = Pagi Buta Jandéla = Jendela Jangar = Pusing Janggot = Janggut Jangjang = Sayap Jangji = Janji Jangkorang = Tinggi Kurus Jangkrik = Jangkrik Jangkung = Tinggi (ukuran tubuh) Janten = Jadi Japati = Merpati Jaram = Kuman Jarhiji = Jari Manis Jarum = Jarum Jauh = Jauh Jawér = Janger Ayam Jempling = Sepi / Sunyi Jempol = Ibu Jari Jenengan = Nama Jero = Dalam Jeung = Dan / Dan Jibreg = Basah Kuyup Jiga = Seperti Jilid = Jilid Jiwa = Jiwa Jugjug = Tuju Jujuluk = Gelar Jujur = Jujur Jumblah = Jumlah Jumpalit = Salto Jungkrang = Jurang Juntrung = Menjadi Juragan = Tuan Juralit = Salto Jurig = Hantu Juru = Sudut K Ka = Ke Ka Dieu = Ke Sini Ka Ditu = Ke sana Kabéh = Semua Kabentar = Tersambar Kabiri = Kebiri Kabogoh = Kekasih Kaca = Halaman (buku) Kacida = Amat Sangat Kadé = Awas Kadék = Sambit Kadongdong = Kedongdong Kadongkapan = Kedatangan Kaduhung = Menyesal Kaén = Kain Kagoda = Tergoda Kagungan = Punya Kahatur = Kepada Kai = Kayu Kajabi = Kecuali Kajajadén = Jejadian (mahluk jadi-jadian) Kakandungan = Hamil Kalangkang = Bayangan Kalapa = Kelapa Kaléci = kelereng Kaléng = Aping Kalér = Utara Kalih = Juga Kalong = Kelelawar Kamar = Kamar Kamari = Kemarin Kampak = Kapak Kampungan = Norak Kandel = Tebal Kanggo = Untuk Kangkalung = Kalung Kanyaho = Pengetahuan Kaos Sangsang = Singlet Kaping / Ping = Tanggal Kapungkur = Dahulu Kaput = Jahit Karang = Tahi Lalat Karaton = Istana Kareueut = Manis Sekali Kareunang = Gerah Karunya = Kasian / Iba Kasetrum = Tersengat Listrik Kasuat-suat = Teringat-ingat Katél = Wajan Katuhu = Kanan Kaula = Saya Kawas = Seperti Kawasa = Kuasa Kawentar = Mashur Kawih = Lagu Kawilang = Terbilang Kawit = Berasal Kawon = Kalah Kawung = Enau Kayas = Merah Muda / Pink Kéok = Kalah Kérék = Mendengkur Kélék = Ketiak Késang = keringat Kéjo = nasi Kénca = Kiri Kénging = Dapat Kedul = Pemalas Kebon = Kebun Kecap = Kalimat Kelenci = Kelinci Kelir = Warna / Corak Kembang = Bunga Kempel = Kumpul Kempelan = Perkumpulan Kentel = Kental Kenténg = Genteng Kenyed = Hentak Kenyot = Isap Kerekeb = Terkam Kerepus = Topi Keretas = Kertas Kersa = Mau / Sanggup Kesed = Sepet / Sepat Keuheul = Jengkel / Geram Keukeuh = Memaksa Keukeup = Peluk Keuneung = Tumit Keupeul = Genggam Keureut = Iris Keusik = Pasir Keuyeup = Kepiting Sawah Kiat = Kuat Kiceup = Kedip Kidul = Selatan Kieu = Begini Kiih = Kencing Kila-kila = Tanda-tanda Kinca = Cairan gula aren Kinten = Kira Kinten-kinten = Kira-kira Kintun = Kirim Kirang = Kurang Kiridit = Kredit Kirik = Anak ****** Kiripik = Keripik Kiruh = Keruh Kitu = Begitu / Demikian Kiwa = Kiri Kiwari = Sekarang Kiwari = Kini Kobok = Memasukan Tangan Kocéak = Jerit Kojor = Meninggal / Mati Kolor = Celana Dalam Kolot = Tua Komo = Apa Lagi Konci = Kunci Konéng = Kuning / Kunyit Kongkorong = Kalung Koréd = Kais Korét = Pelit / Kikir Korong = Upil Koropak = Bagian Dari Koropok = Berlubang Koropos = Keropos Korsi = Kursi Kosok = Gosok Ku = Oleh Kuar = Anak Kutu Rambut Kuciwa = Kecewa Kudu = Harus Kuéh = Kue Kukupu = Kupu-kupu Kulah = Kolam Kulambu = Kelambu Kulawarga = Keluarga Kulawargi = Keluarga Kulem = Tidur Kulon = Barat Kulub = Rebus Kulutus = Gerutu Kumaha = Bagaiman Kumbah = Cuci Kumeli = Kentang Kumis = Kumis Kunaon = Kenapa Kuncén = Juru kunci Kunyit = Jawawut Kunyuk = Kera Kuping = Dengar Kurang = Kurang Kuring = Saya Kuris = Cacar Kuru = Kurus Kurung = Kandang Burung Kurupuk = Kerupuk Kusir = Kusir Kusumah = Kesuma Kutang = Bra Kuya = Kura-kura L Laat = Telat Lada = Pedas Lahan = Tanah Lain = Bukan Lajeng = Kemudian / Selanjutnya Laki Rabi = Suami Istri Lalab = Lalap Lalaki = Laki-laki Laleur = Lalat Lali = Lupa Laluasa = Leluasa Lambar = Lembar Lambey = Bibir Lami = Lama Lamokot = Belepotan Lamot = Jilat Lampah = Jalan yang ditempuh Lamping = Pinggir Gunur Lampuyang = Lempuyang Lamun = Jika / Bila Lana = Abadi Lanceuk = Kakak Lancingan = Celana Landong = Obat Langgam = Lagu Langit = Langit Langki = Langka Langkung = Lebih Langlang, ngalanglang = Langlang, melanglang Langlayangan = Layang-layang Lantaran = Karena Lantera = Lentera Lauk = Ikan Laun = Lambat Lawas = Lama Lawon = Kain Layad / Layat = Jenguk Layeut = Selalu Bersama Layon = Kain Layung = Lembayung Lééh = Mencair Lélépén = Cincin Léngkah = Langkah Léngoh = Tidak Bawa Apa-apa Léntah = Lintah Léot = Setrika Lénglang = CerahLebar = Sayang Lékéték = Gelitik Lésot = Lepas Létah = Lidah Létak = Jilat Létoy = Lemah Lebet =Masuk Lebu = Abu Gosok Ledis = Habis tidak tersisa Lega = Lebar / Luas Lekoh = Kental (kopi) Leleson = Istirahat Lemah Cai = Tanah Air Lembur = Desa / Kampung Lemes = Halus Lempeng = Lurus Lepat = Salah Leres = Benar / Betul Leuit = Lumbung Leuleus = Lemas Leumeung = Lemang Leumpang = Jalan Leungeun = Tangan Leungit = Hilang / Lenyap Leupeut = Lontong Leutak = Lumpur Leutik = Kecil Leuweung = Hutan Leuweung Geledegan = Hutan Rimba Leuwi = Kolam Pemandian Leuwi = Lubuk Leuwih = Lebih Liang = Lobang Liat = Alot Lieuk = Toleh Lieur = Pusing Lila = Lama Lilir = Bangun Tidur Lima = Lima Limpeuran = Lupa / Pelupa Lindeuk = Jinak Linggih = Tinggal / Berdiam di / Duduk Lini = Gempa Lintuh = Gemuk Lisa = Telur Kutu Rambut Lisung = Alu Loba = Banyak Loncéng = Bel Lodaya = Harimau Loket = Dompet Lolong = Buta Lomari = Lemari Londok = Bunglon Longok = Kunjung Losin = Lusin Ludes = Habis tidak tersisa Ludeung = Berani Luhung = Tinggi (derajat) Luhur = Tinggi / Atas Luhureun = Diatas Lukut = Lumut Lumangsung = Terjadi Lumpat = Lari Luncat = Loncat Lungguh = Pendiam Lungsur = Turun M Madu = Madu Maéhan = Membunuh Maenya = Masa Mahiwal = Janggal / Tidak Mungkin Majeng = Maju Maksad = Maksud / Hasrat Makuta = Mahkota Maléngpéng = Lempar Batu Males = Malas Maling = Pencuri Mamang = Paman Mana = Mana Manah = Hati Manawi = Barangkali / Jika Mandi = Mandi Manéh = Kamu / Engkau Manéhna = Dia / Ia Mangga = Silakan Manggu = Manggis Manggul = Pikul Mangkukna = Kemarin Lusa Mangrupa = Berupa Mangsa = Saat Mangsi = Tinta Mantep = Mantap Manuk = Burung Maot = Meninggal dunia Margi = Karena Masang = Pasang Masih = Masih Mastaka = Kepala Matak = Membuat / Akan Matang = Seimbang Maténi = Membunuh Maung = Harimau Mayit = Mayat Méncrang = Berkilau Méngkol = Belok Méngpar = Lempar Ménta = Minta Méong = Harimau Mésér = Membeli Medit = Kikir Melak = TanamMeri = Itik Meri = Bebek Metot = Tarik Meumpeun = Menutup Mata Meunang = Menang Miceun = Buang Miéling = Mengenang Milu = Ikut Mimiti = Mulai Minantu = Menantu Mindeng = Sering / Kerap Mios = Berangkat / Pergi Mitoha = Mertua Modol = Beol Mojang = Gadis / Perempuan Molélél = Asin Sekali Moncorong = Terik (matahari) Mondok = Inap / Tidur Mongkléng = Gulita Monyét = Kera Moro = Buru Motékar = Kreatip Muhun = Iya Muka = Buka Mulih = Pulang Mumuncangan = Mata Kaki Muncrat = Mancur Munding = Kerbau Mung = Cuma / Hanya Munggaran = Pertama Murag = Jatuh Murangkalih = Anak Kecil Muriang = Demam Muringkak = Merinding Mutu = Ulekan Mutuskeun = Memutuskan N Naék = Naik Namba = Menimba Nam = Nama Namung = Tetapi Nangkarak = Terlentang Nangkring = Mejeng / Nongkrong Nangkuban = Telungkup Nangtung = Berdiri Naon = Apa Narpati = Raja Nawis = Menawar Néné = Nenek Nérékél = Panjat Neda = Makan Nembé = Barusan / Baru saja Ngabolékérkeun = Membuka Rahasia Ngadeg = Berdiri Ngadégdég = Menggigil Ngadegkeun = Mendirikan Ngagaléong = Oleng Ngagéol = Bergoyang Ngagitek = Menari Ngahodhod = Menggigil Ngalamun = Melamun Ngalangkung = Lewat Ngapung = Terbang Ngaran = Nama Ngarasa = Merasa Ngareuah-reuah = Menyemarakan Ngarogahala = Membunuh Ngawitan = Mulai Ngenaan = Mengenai Ngendong = Menginap Ngeunah = Ngeunah Ngijih = Musim hujan Ngimpleng = Mengingat Nginum = Minum Ngomong = Bicara Ngora = Muda Ngorondang = Merangkap Nincak = Injak Nikah = Kawin Ningal = Lihat / Melihat Nini = Nenek Notog = Meluncur Notog = Todong Nuju = Sedang Numpak = Menaiki Nyaah = Sayang Nyaéta = Yaitu / Ialah Nyaho = Tahu Nyakclak = Titik Air Nyalukan = Panggil / Memanggil Nyambat = Memanggil Nyangkrung = Menggenang Nyangsang = Tersangkut Nyaram = Melarang Nyarék = Melarang Nyarios = Bicara Nyéré = Lidi Nyeri = Sakit Nyeuneu = Berapi=api Nyeureud = Menyengat (lebah) Nyeuseuh = Mencuci Baju Nyiksenan = Menyaksikan Nyiruan = Lebah Nyiwit = Cubit Nyongcolang = Terbaik Nyumput = Sembunyi Nyuruput = Meminum / Seruput O Ogé = Juga Ogo = Manja Olo-olo = Kolokan Olok = Kebanyakan Ombak = Gelombang Ondang = Undang Ondangan = Undangan Ongkoh = Katanya Ongkos = Tarip Opat = Empat Oray = Ular Orok = Bayi P Pacabakan = Pegangan / Pekerjaan Pacilingan = WC di atas kolam Pacul = Cangkul Padaharan = Perut Paéh = Meninggal / Mati Pagéto = Besok Lusa Pahatu = Piatu Pahatu Lalis = Yatim piatu Pait = Pahit Pajaratan = Kuburan Pakarangan = Halaman rumah Paké = Pakai Palangkakan = Selangkangan Palastik = Plastik Palay = Mau Palid = Hanyut Paling = Curi Palu = Palu / Martil Pamajikan = Isteri Pamaréntah = Pemerintah Pameget = Laki-laki Pameunteu = Wajah Panangan = Tangan Panata Harta = Bendahara Panceg = Teguh Pancén = Tugas Paneunggeul = Pemukul Pangambung = Hidung Pangantén = Pengantin Pangaos = Harga Panitik = Penitih Panon = Mata Panonpoé = Matahari Panto = Pintu Pantrang = Tak pernah Panyawat = Penyakit Paok = Curi Papada = Sesama Papah = Jalan Papatong = Capung Papay = Telusuri Papendak = Bertemu Parabot = Peralatan Paranti = Untuk (kegunaan) Parantos = Sudah Paras = Cukur Parawan = Gadis / Perawan Pareum = Padam Paria = Pare Parin = Serah / Memberikan Parung = Jeram Pasagi = Persegi Pasanggiri = Lomba Paséa = Bertengkar Pasini = Janji Pasir = Bukit Pasisian = Kota Pinggiran Patali = Berkaitan Patlot = Pensil Patuangan = Perut Patut = Tampang Pawon = Dapur Payun = Depan Péngkol / Mengkol = Belok / Membelok Péengkolan = Belokan Pék = Silakan Pélor = Peluru Péot = KurusPecut = Cambuk Péngpar = Larikan ke sebelah Pésak = Saku Pésék = Kupas Pésér = Beli Péso = Pisau Pestol = Pisto Pedes = Lada Pegék = Pesek Pelak = Tanam / Menanam Pelem = Gurih Pelesir = Piknik Pelong = Tatap Pendak = Bertemu Pengker = Belakang Percanten = Percaya Perhatosan = Perhatian Perkara = Hal / Perihal Perkawis = Hal / Perihal Persaben = Tukang Minta-minta Peryogi = Perlu Peuncit = Gorok Peunteun = Nilai Peura = Serak / Parau Peureum = Pejam Peureut = Peras Peurah = Bisa Ular Peurih = Pedih Peuting = Malam Peuyeum = Tape Pi = Bakal Pias = Pudar Piceun = Buang Pidang = Menampilkan Piding = Sekat Piit = Pipit Pikeun = Untuk / Teruntuk Pilari = Cari Pilih = Memilih Pinarep = Payudara Pingping = Paha Pingpong = Tenis Meja Pinton = Tayang Pinter = Pintar Pipir = Samping Rumah Pirak = Cerai Piraku = Masa Pireu = Bisu Pisan = Sekali / Amat / Sangat Poé = Hari Poé = Jemur Poék = Gelap Poho = Lupa Pondok = Pendek Pribados = Pribadi / Saya Sendiri Pribumi = Tuan rumah Pulisi = Polisi Pulpen = Ballpoin Pun Buang = Ibu Punten = Maaf / Permisi Pupuhu = Pemimpin/Ketua Pupus = Meninggal dunia/mati Pupus = Meninggal dunia Pupus = Hapus Purun = Jadi = Jadi Purunyus = Genit Puseur = Tengah Putra = Anak R Rada = Agak Ragaji = Gergaji Ragrag = Jatuh Raheut = Luka Rahul = Bohong Rahul = Bohong Rajin = Giat Raka = Kakak Raket = Intim Raksukan = Baju / Pakaian Rama = Bapak Rambut = Rambut Rame = Ramai Ramo = Jari Rampak = Gabung / Bersama-sama Rampung = Beres Rampus = Rakus Ranca = Rawa Rancucut = Basah Kuyup Randa = Janda Randa Bengsrat = Janda Kembang Ranggeum = Cengkram Rangu = Renyah Raos = Enak Raraosan = Perasaan Raray = Wajah / Muka Rawayan = Jembatan Réang = Riuh Récéh = Uang Kecil Réhé = Rese Réncang = Teman Réngsé = Selesai Répéh = Hening Regot = Seruput Rengkog = Berhenti Tiba-tiba Rengkuh = Hormat Reueuk = Awan Reueus = Bangga Reuma = Jari Reuneuh = Hamil Reungit = Nyamuk Reuwas = Terkejut Rewog = Lahap Reyod = Reot Rikrik = Hemat Ringkes = Ringkas Ringkid = Bawa Ririwa = Hantu Rohangan = Ruangan Rompo = Jompo / Renta Rorompok = Rumah Ruhay = Bara Api Ruksak = Rusak Rumaos = Merasa Rumbah = Kumis Rungsing = Ruwet Runtah = Sampah Rupa = Macam / jenis Rupa-rupa = Aneka Rupi = Macam/jenis Rusiah = Rahasia Rusuh = Terburu-buru S Sabalikna = Sebaliknya Sabaraha = Berapa Sabet = Sambit Sadaya = Semua Sadérék = Saudara Sae = Bagus Saeutik = Sedikit Saha = Siapa Sajabina = Kecil Sakalor = Ayan Saladah = Seladah Salaki = Suami Salapan = Sembilan Salatu = Uban Salawé = Dua Puluh Lima Salempang = Kuatir Salira (awak) = Badan Samak = Tikar Sambel = Sambal Sami = Sama Sampak = Sudah Ada Sampéan = Kaki Sampeur = Ajak Sampurasun = Permisi Sanés = Bukan Sanggem = Sanggup Sangka = Duga Sangki = Duga Sapagodos = Setuju Sapalih = Sebagian Sapatu = Sepatu Sapertos = Seperti Saprak = Semenjak Sapuluh = Sepuluh Sarakah = Tamak / Serakah Saré = Tidur Sarébu = Seribu Sareng = Dan / Dengan Sarimbit = Sekeluarga Sarua = Sama Sarupaning = Semacam Sasab = Tersesat Sasak = Jembatan Sasapu = Menyapu Sasih = Bulan Satia = Setia Sato = Binatang Saung = Gubuk Saur = Kata Sawang = Bayang Sawaréh = Sebagian Sayang = Sarang Sayogi = Sedia Séép = Habis Séjén = Lainnya Sérén = Serah Sérab = Silau Sésa = Sisa Sémah = Tamu Sebat = Sebut Segut = Semangat Selap = Sisip Sendal = Sendal Sentak = Gertak / Hardik Sepén = Kamar tidur Sepuh = Tua Serat = Surat Sering = Kerap Sesah = Susah Seubeuh = Kenyang Seueur = Banyak Seukeut = Tajam Seuneu = Api Seungit = Wangi / Harum Seupah = Sepah / Ampas Seupan = Kukus Seureud = Sengat Seureuh = Sirih seuri = Senyum / Tertawa Seuseup = Hisap Sia (kasar) = Kamu Siang = Siang Sieun = Takut Siga = Seperti Sihung = Taring Siki = Biji Siluman = Hantu Simeut = Belalang Simpang = Mampir Simpé = Sunyi Simpen = Simpan Sinareng = Dengan Sindang = Mampir Sirah = Kepala Siram = Mandi Sireum = Semut Sirik = Iri Situ = Telaga / Danau Soak = Kaget Soang = Angsa Sobat = Sahabat Soca = Mata Sologoto = Ceroboh Solokan = Parit Soméah = Ramah-tamah Sono = Rindu Sonten = Sore Sora = Suara Sowéh = Sobek Sowék = Sobek Suan = Keponakan Sugan = Jika Suku = Kaki Sumanget = Semangat Sumping = Datang / Tiba Sumuhun = Iya betul Sungut = Mulut Supa = Jamur Supata = Sumpah Surak = Sorak Sureum = Kabur Susu = Payudara Susukan = Sungai T Taar = Dahi / Jidat Tabuh = Jam Tajug = Surau Taktak = Pundak Talaga = Telaga / Danau Taliti = Cermat Tambelar = Durhaka Tambih = Tambah Tamper = Endap Tampik = Tolak Tampiling = Tampar Tamu = Tamu Taneuh = Tanah Tanggara = Kabar Tanggay = Kuku Tangkal = Pohon Tangkeup = Rangkul Tangkub = Tengkurap Tanpadaksa = Cacat Tapak = Jejak Tarajé = Tangga Bambu Taraju = Bahu Tarang = Jidat / Dahi Tarékah = Usaha Tarik = Keras (suara) Tarik = Cepat (lari) Taros = Tanya Tarumpah = Sandal Tatamu = Tamu Tatangga / Tatanggi = Tetangga Tatih = Berdiri Tatu = Luka Taun = Tahun Taun = Tahun Tawis = Tanda (tangan) Téang = Cari Téhel = Tegel Téké = Jitak Tebih = Jauh Tegal = Lapang Tegalan = Tanah Lapang Ténjo = Lihat Téré = Tiri Tétéh = Kakak perempuan Tembang = Lagu Tembong = Kelihatan Tempo = Lihat Tengek = Leher Tengen = Kanan Tengtrem = Damai Tepang = Jumpa Tepas = Teras Tepung = Jumpa Terang = Tau Teras = Kemudian Teu = Tidak Teuas = Keras Teuing = Tidak Tau Teuleum = Selam Teuneung = Berani Teunggeul = Pukul Ti = Dari Tiasa = Bisa Tihang = Tiang Tiis = Dingin Tijalikeuh = Terpeleset Tikoro = Tenggorokan Tilar Dunya = Meninggal dunia Tilas = Bekas Tilik = Teliti Tilu = Tiga Timanten = Dari Mana Timburu = Cemburu Tincak = Injak Tinggal = Lihat Tipung = Tepung Tiris = Dingin (suhu udara) Tisaprak = Sejak / Semenjak Tisolédat = Terpeleset Titadi = Dari Tadi Tiwu = Tebu Tojos = Tusuk Tonggoh = Tempat di atas Tonggong = Punggung Torék = Tuli Torowongan = Terowongan Tuang = Makan Tuar = Tebang Tubruk = Tabrak Tujuh = Tujuh Tukang = Belakang Tulale = Belalai Tulung = Tolong Tumbak = Tombak Tumbila = Kutu Busuk Tunduh = Kantuk….Mengantuk Tundung = Usir Tunggara = Sedih / Merana Tungtung = Ujung Tutung = Hangus Tuur = Lutut / Dengkul U Ucing = Kucing Udag = Kejar Udur = Sakit Ulah = Jangan Ulem = Undang Ulin = Main Umur = Usia Unggal = Tiap Unggeuk = Manggut Ungkluk = WTS Uninga = Tau Upami = Jika Urang = Saya Urut = Bekas Usik = Gerak Utami = Utama Uyah = Garam W Wadul = Bohong Wahangan = Sungai / Kali Waja = Baja Waktos = Waktu Walagri = Sehat Waler = Jawab Walirang = Belerang Walungan = Sungai Waluya = Sehat Wanara = Mo-nyet Wanci = Waktu Wangsul = Pulang Wangun = Bangun Wani = Berani Wanoh = Kenal Wanoja = Gadis / Remaja Wantun = Sanggup Waos = Gigi Waragad = Biaya Wareg = Kenyang Warsi = Tahun Wartos = Warta Waruga = Badan Wasta = Nama Wasuh = Cuci Watek = Watak Wates = Batas Wawacan = Legenda Wawar = Memberi Kabar Wawasan = Hikayat Wawuh = Kenal Wayah = Waktu Wedak = Bedak Weduk = Kebal Wegah = Enggan Welas = Sayang Wengi = Malam Wetan = Timur Wetis = Betis Weuteuh = Baru Widang = Bidang Widi = Ijin Wijaksana = Bijaksana Wilangan = Bilangan Wilujeng = Selamat Wilujeng Enjing = Selamat Pagi Wilujeng Siang = Selamat Siang Wilujeng Sonten = Selamat Sore Wilujeng Wengi = Selamat Malam Winojakrama = Lomba Wios = Biar Wungkul = Hanya / saja Wuruk = Mengajar Wuwung = Atap Y Yén = Bahwa Yuswa = Usia

KAMUS INDONESIA - SUNDA

KAMUS INDONESIA - SUNDA ................................................................. A Abu = Kekebul Abu Rokok = Calacah Ada = Aya Adalah = Nyaeta Adik = Rai, Adi, Pun Adi Air = Cai Ajar = Wuruk, Atik ; Belajar = Diajar ; Ajaran = Wurukan, Atikan Akan = Bade, Arek Akan = Bakal Alis = Halis Alis = Halis = Kening Anak = Budak, Murangkalih Anak Adik = Suan Anak Kakak = Alo Anak Kecil = Budak Leutik, Murangkalih Aneh = Aheng Angsa = Soang An-jing = Gogog Apa = Naon ; Mau Apa = Bade Naon, Erek Naon Api = Seuneu Asam = Haseum, Asem (Benda) Asin = Asin Asin Sekali = Molelel Atas = Luhur Ayam = Hayam B Ba-bi hutan = Bagong Badan = Awak, Waragad Bagian = Bagean Bagus = Sae, Alus Bahagia = bagja Bahu = Taraju, Pundak, Taktak Baju = Raksukan, Anggoan, Acuk Ballpoin = Pulpen Bambu = Awi/Haur Bangun Tidur = Gugah, Hudang (bahasa kasar) Bantu = Bantos ; Bantuan = Bantosan ; Membantu = Ngabantos, Ngabantuan Bapak = Pun Bapa, Tuang Rama Baru = anyar Barusan = Nembe, Bieu, Karek Bieu Batas = Wates Batu = Batu Batu Kapur = Apu Bawah = Handap Bayangan = Sawangan Bayang-bayang = Kalangkang Bayi = Orok Bebek = Entog Begitukah = Baruk Bekas = Tilas, Urut Belakang = Pengker, Tukang Belalang = Simeut Belalang Sembah = Congcorang Benar = Leres, Bener Beol = E'e', Miceun, Modol Berangkat = Mios, Angkat, Indit Berapa = Sabaraha Berapi-api = Nyeuneu Berasal dari mana = Kawit timana / kawit timanten Berbinar-binar (mata) = Cureuleuk Berdasarkan = Dumasar Bergembira = galumbira Bergoyang = Ngageol, Ngagitek Berkaitan = Patali Berkelahi = Gelut Berkilau = Mencrang Besar = Ageung, Gede, Badag Besi = Beusi Besok = Enjing, Isuk Besok Lusa = Pageto Betet = Ekek Betis = Bitis, Wetis Bibir = Lambey, Biwir Bidang = Widang Bilangan = Wilangan Bintang = Bentang Biru = Bulao Bisa = Tiasa Bisa kenalan gak = Tiasa wanoh teu Bodoh = Bodo, Boloho Bra = Kutang, Beha Buka = Muka Bukan = Sanes, Lain Bukit = Gugunungan Bulan = Sasih (Almanak), Bulan Bulan Sabit = Bulan Sapasi Bumi = Dunya Burung = Manuk Burung Hantu = Bueuk C Cabang = Cagak Cabe = Cabe Capung = Papatong Cari = Teang, Pilari, Neang ; Mencari = Milari, Neangan Celana = Lancingan, Calana Celurit = Arit Cicak = Cak cak Coba = Cobi ; Mencoba = Nyobian, Nyobaan, Ngajaran Cobek = Coet Cubit = Ciwit Cuci = Wasuh, Ngumbah Cuci Baju = Nyeuseuh Cuci Piring = Kukumbah Piring Cukup = Cekap Cuma/Saja = Mung, Ngan D Dada = Dada, Payun Dagu = Gado, Angkeut Dahaga = hanaang Dahi = Taar, Tarang Danau = Situ Dari = Ti Dari Tadi = Titadi Darimana = Kawit, Timanten Datang = Dongkap, Sumping, Mulang, Balik (bahasa kasar) Dekat = Caket, Deukeut Delapan = Dalapan Dengan = Sareng, Eujeung Depan = Payun, Hareup Desa = Lembur Dia = Manehna Dikesampingkan = Disingkahkeun Dingin = Tiis (benda), Tiris (suhu) Dompet = Loket Dua = Dua Dua Belas = Dua Belas Dua Puluh Lima = Salawe Duda = Duda Dulu = Heubeul ; Dahulu = Baheula Dunia = Dunya E Elang = Heulang Elus = Usap Empat = Opat Enam = Genep G Gabung = Rampak Gadis = Parawan Garam = Uyah Garuda = Dadali Garuk = Garo Gatal = Ateul Geli = Getek Gelitik = Eleketek Gembira = Gumbira Gemuk = Bayuhyuh Gerah = Hareudang, Kareunang Gergaji = Ragaji Gerobak = Gorobak Gigi = Waos, Huntu Gila = Gelo, Teu Eucreug Golok = Bedog Gula = Gula H Habis = Seep, Beak ; Menghabiskan = Nyeepkeun, Meakeun Hangat = Haneut Hari = Dinten, Poe Harimau = Maung Hebat = Edun Hewan = Sasatoan Hidung = Pangambung, Irung Hijau = Hejo Hisap = Seuseup Hitam = Hideung Hitam Legam = Hideung Lestreng Huruf = Aksara Hutan = Leuweung Hutan Gundul = Leuweung Carengcang Hutan Rimba = Leuweung Geledegan I Ibu = Pun Biang, Indung Ibu Jari = Jempol Ijin = Widi ; Diijinkan = Diwidian Ikan = Lauk Ilmu = Elmu Ingat = emut/inget Ingin = Hoyong, Palay, Hayang Ingkar Janji = Jangji Sulaya Istri = Garwa,Pun Bojo, Pamajikan Itik = Meri Itu-itu juga = Eta-eta keneh Iya = Muhun, Sumuhun J Jadi = Janten ; Sedang Terjadi = Lumangsung Jahil = Jail Jahit = Kaput ; Menjahit = Ngaput Jalan (benda) = Galur Jalan (kerja) = Papah, Leumpang Jam Berapa = Tabuh Sabaraha Jam berapa sekarang = Tabuh sabaraha ayeuna Janda = Randa Janda Kembang = Randa Bengsrat Janji = Jangji Jari = Ramo Jari Manis = Jarhiji Jari Telunjuk = Curuk Jari Tengan = Panengah Jauh = Tebih Jelas = Eces ; Menjelaskan = Ngaceskeun Jelek = Awon, Butut Jemari = Ramo, Reuma Jendela = Jandela Jengkel = Keuheul Jepit = Capit Jidat = Tarang, Taar Jijik = Geuleuh Jilat = Letak, Lamot Jitak = Teke Jurang = Gawir K Kabarnya gimana baik = Kumaha damang Kaget = Soak, Reuwas Kain = Layon, Kaen Kakak = Raka, Lanceuk, Pun Lanceuk Kakak Ipar = Dahuan Kakek = Aki Kaki = Sampean, Suku Kalah = Kawon, Eleh, Keok Kalian = Aranjeun, Maraneh Kambing = Embe Kami/Kita = Urang Kamu = Anjeun, Hidep, Maneh (bahasa kasar) Kanan = Katuhu Kandang = Kurung Kapan = Iraha Karet Penghapus = Panghapus Kasian = Karunya, Deudeuh Katak/Kodok = Bangkong Kawin = Nikah Kayak/Seperti = Siga Kayaknya = Sigana Kayu = Kai Kebahagiaan = kabagjaan Kecil = Alit, Leutik Kecoa = Cucunguk Kelakar = Ngabodor Kelingking = Cingir Keluarga = Kulawarga Kemarin = Kamari Kemarin Lusa = Mangkukna Kemauan = Kahoyong, Kahayang Kenyak = Wareg Kepala = Mastaka, Hulu, Sirah Keras = Teuas ; Mengeras = Ngabagel, Neuasan Kerbau = Munding Keringat = Kesang Kerja = Damel, Gawe ; Pekerjaan = Padamelan, Pagawean Kertas = Keretas Kesana = Kaditu Kesini = Kadieu Ketek = Kelek, Ingkab Ketel = Katel Ketika/Saat = Basa, Waktos Kira-kira = Kinten-kinten Kiri = Kenca Kolam Ikan = Balong Kolam Lumpur = Leuwi Kota = Dayeuh Kota Pinggiran = Pasisian Kucing = Ucing Kuku = Kuku, Tanggay Kumis = Kumis, Rumbah Kuning = Koneng Kunyit = Koneng Kupu kupu = Kukupu Kura-kura = Kuya Kurang = Kirang Kursi = Korsi Kurus = Peot Kutilang = Cangkurileung Kutu busuk = Tumbila L Lagu = Tembang, Kawih, Langgam Lain = Sanes, Sejen Lainnya = Sejena Lalat = Laleur Lama = Heubeul (barang), Lami, Lila Lapang = Tegal Lapangan = Tegalan Lapar = lapar Lari = Lumpat Layang-layang = Langlayangan Lebih = Langkung, Leuwih ; Melebihi = Alabatan Leher = Tengek, Beuheung Lemah = Leuleus Lemari = Lomari, Almari Lempar = Baledog Lidah = Letah Lihat = Ningal , Tempo ; Kelihatan = Katembong Lima = Lima Luas = Lega Lucu = Pikaseuriuen Lumpur = Leutak Lupa = Hilap Lutut = Tuur Lutut = Tuur = Dengkul M Maaf = Hapunten, Hampura Main = Ameng, Ulin Makan = Tuang (untuk orang lain) , Neda (untuk diri sendiri), Dahar (bahasa kasar) Malam = Wengi / Peuting Malas = Hoream Mancung = Bangir Mandi = Ibak, Mandi Manis = Amis Manis Sekali = Kareueut Masa = Maenya, Piraku Masalah = Perkawis, Mas alah Masih ada = Aya Keneh Mata = Soca, Panon Mata Hari = Panon Poe Mata kaki = Mumuncangan Mau = Hoyong, Kersa Mau makan dengan saya = Kersa tuang sareng abdi Mau Menanyakan = Bade tumaros Melamun = Ngimpleng, Ngalamun Melarang = Nyaram, Nyarek Membangun = Ngawangun Membuka Rahasiah = Ngabolekerkeun Memutuskan = Mutuskeun Menakut-nakuti = Nyingsieunan Menang = Kenging, Meunang Menantu = Minantu Menanyakan = Naroskeun, Tumaros Mencair = Le eh Mengenai = Ngenaan Mengenang = Mieling Menggaruk = Gagaro, Ngagaro Menggigil = Ngadegdeg, Ngahodhod Menginap = Mondok Mengingat = ngemut Menjawab = Ngawaler Menunggu = Ngantosan, Ngadagoan Menyaksikan = Nyiksenan Menyerupai = Mangrupakeun Menyesal = Kaduhung Merah = Beureum Merasa = Rumaos, Ngarasa Merasa = Rumaos, Ngarasa Merayakan = Ngareah-reuah Mereka = Maranehna Merem = Peureum Merinding = Muringkak Merpati = Japati Mertua = Mitoha Merupakan = Mangrupa Minum = Eueut, Nginum Mo-nyet = Wanara Muda = Anom, Ngora Mudah = Gampil, Babari, Enteng, Gampang Mungkin = Panginten, Meureun N Naik = Naek ; Menaiki = Nerekel Nama = Nami, Wasta, Ngaran Namanya Siapa = Namina Saha Nangis = Ceurik Narik = Metot Nenek = Nini Ngantuk = Tunduh Ngilu = Linu Ngomong = Nyarios Nyala = Hurung Nyamuk = Reungit Nyanyi = Ngalanggam, Ngawih Nyapu = Sasapu P Padam = Pareum Pagi = Enjing-enjing, Isuk-isuk Pagi Buta = Janari Paha = Pingping Panas = Panas Panjang = Panjang Pantat = Imbit, Bujur Parit = Solokan Pasir = Keusik Payudara = Susu, Pinarep Pelangi = Layung Peluk = Keukeup ; Dipeluk = Dikeukeupan Pematang Sawah = Galengan Pemerintah = Pamarentah Pemukul = Paneunggeul Pendek = Beke, Pendek ( Ukuran tubuh ) Pendek = Pondok Pengantin = Panganten Penitih = Panitik Pensil = Patlot Penyakit = panyawat Pepohonan = Tatangkalan Peralatan = Parabot Perasaan = Raraosan Pergi = Angkat, Mios, Indit Perjaka = Bujangan Perkenalkan = Nepangkeun Permisi = Punten Perut = Patuangan, Beuteung Pesek = Pegek Piknik = Pelesir Pinggang = Cangkeng, Angkeng Pinggiran Rumah = Pipir Pintar = Pinter Pintu = Panto Pipi = Damis, Pipi Pipit = Piit Pisau = Peso Plastik = Palastik Pohon = Tangkal Polisi = Pulisi Pria = Pameget, Lalaki Pukul = Teunggeul Pulang = Mulih, Uih, Balik Punggung = Tonggong Pusat = Puseur Putih = Bodas R Rambut = Buuk Rangkul = Tangkeup Rawa = Ranca Rawit = Cengek Remaja = Wanoja, Rumaja Rias = Dandan Ribut = Pasea Rindang = Hieum Ruangan = Rohangan Rumah = Rorompok, Bumi, Imah Ruwet = Rungsing S Sahabat = Sobat Sahabat Dekat = Sobat Dalit Sakit = nyeri, Kasakit ; Penyakit = Panyakit Salah = Lepat, Teu Leres Sama = Sami, Sarua ; Sesama = Papada Sambal = Sambel Sambat = Nyambat Sambit = Sabet, Kadek Sampah = Runtah Sana = Ditu ; Sebelah Sana = Palih Ditu Sandal = Sendal Sandal Jepit = Sendal Capit Sandar ber-hak = Kelom Sapu Ijuk = Sapu Injuk Sapu Lidi = Nyere Saring = Ayak Saringan = Ayakan Satu = Hiji Satu Juta = Sajuta Satu Ribu = Sarebu Saudara = Baraya, Dulur Saya = Abdi, Kuring, Urang, Uing, Aing Sayang = nyaah Sayap = Jangjang Sebagian = Sapalih, Sawareh Sebaliknya = Sabalikna Sebelah = Sapalih, Sabeulah Sebelahan = Gigireun Sebelas = Sabelas, sawelas Sebut = Nyebat ;Menyebutkeun = Nyebatkeun Sedang = Nuju Sedang sakit = udur Sedih = tunggara Sehat = Walagri Sekarang = Ayeuna Selangkangan = Palangkakan Selokan/Parit = Solokan Semacam = Sarupaning Semangat = Sumanget Sembilan = Salapan Sempit = Heureut Semua = Sadaya, Kabeh Semut = Sireum Senang = bungah Sepatu = Sapatu Sepuluh = Sepuluh Sepuluh Ribu = Sapuluh Rebu Serak (suara) = Peura Seratus = Saratu Seratus Ribu = Saratus Rebu Seribu = Sarebu Siang = Siang, Beurang Siapa = Saha Silakan = Mangga Silau = Serab Singlet = Kaos Sangsang Sini = Dieu ; Sebelah Sini = Palih Dieu Sisa = Sesa ; Menyisakan = Nyesakeun Sisi = Gigir Sobek = Soweh, Sowek Sore = Sonten Suami = Caroge, Salaki Sudah = Parantos, Atos, Enggeus Sudah Lama tinggal di sini = Tos lami linggih di dieu Sudah makan belom = Tos tuang teu acan Sungai = Susukan Susah = Sesah, Hese T Tadi = Tadi Tahi Lalat = Karang Takut = Sieun Tampar = Cabok, Gampleng, Tampiling Tanah = Taneuh Tanah Lapang = Tegalan Tanda = Tanda ; Menandakan = Nandakeun Tangan = Panangan, Leungeun Tangga Bambu = Taraje Tapian = Nyiru Tau = Terang, Uninga, Nyaho Tegel = Tehel Teguh = Panceg Telapak Tangan = Dampal Leungeun Telat = Laat Telinga = Cepil, Ceuli Teman = Rerencangan, Babaturan Temu = Pendak, manggih ; Ketemu = Kapendak, Kapanggih Tentang = Perkawis Teras = Tepas Terbaha-bahak = Nyakakak, Ngabarakatak Terbaik = Nyongcolang Tergoda = Kagoda Teringat-ingat = Kasuat-suat Terkam = Kerekeb, Gabrug Terkena Petir = Kabentar Gelap Termasuk = Kalebet, Kaasup Tersengat Listrik = Kasetrum Tersenyum = Imut Tersesat = Kasasab Tertawa = Seuri Tiang = Tihang Tidak = Henteu Tidak Akan = Moal Tidak Mau = Alim, Teu Hoyong, Embung Tidak Tau = Duka, Teu Terang, Teuing Tidur = Kulem, Bobo, Sare (bahasa kasar) Tiga = Tilu Tikus = Beurit Tinggal dimana = Linggih dimana Tinggalnya dimana = Linggih Timanten Tinggi (Tempat ) = Luhur Tinggi (Ukuran Tubuh) = Jangkung Tiri = Tere Tolong = Bantos, Tulung ; Pertolongan = Bantosan, Pitulung Topi = Kerepus, Topi Tua = Sepuh, Kolot Tujuh = Tujuh U Tusuk = Tojos Uang = Artos, Duit Uang Logam = Receh, Kencring Uban = Huis, Salatu Udel = Bujal Ular = Oray Ulat = Hileud Ulekan = Mutu Untuk (Kegunaan) = Paranti Untuk = Pikeun, Kanggo, Jang Urakan/Norak = Kampungan Usia = Yuswa, Umur W Wajah = Raray, Beungeut Wanita = Mojang, Istri, Awewe Waria = Banci, Bencong Warna = Kelir Y Ya = Muhun, Heueuh Yang = Anu Yang Dipakai = Anu Dianggo, Nu Dipake

De'Only Kikiw: Ku Gelap

De'Only Kikiw
Ku Gelap*** hujan ngageubret dunungan si udin, Pak Slamet keur lalajo TV, teu lila Tvna ngadadak pareum. Pak Slamet: Udinn kenapa TV nya mati? Udin: TV nya kena Geulap Den.. Pak Slamet: ohhh (bari hanjeulu)

Hilman Hadiyanto

Hilman Hadiyanto
Pak aden guru nanya ka muridna, "lamun sakabeh anggota DPR naek pesawat, trus nutug ka tengah laut,kira2 sabaraha nu salamet?"Si Udin spontan miheulaan kabeh "250jt rakyat Endonesa pa!" "Hade din jawaban teh meuni sebel kitu :D :D"

Raka Syahara Sobirin Ti Gunung Halimun

Raka Syahara
Sobirin Ti Gunung Halimun *** Ema widian abdi bade milarian artos kanggo lalandong abah,, Anaking hampura,, hidep tileutik geus kudu motekar sorangan, ema tos teu kiat kuli ngarambet cara bulan kamari,, Wios ema,, keun abdi weh, mamanawian aya anu haateun, nganggo tanagi abdi nu tacan kiat sapertos dewasa.... nya bral anaking, kahade tuh bawa sarung, ke mun panggih jeung duhur, neangan musola heg netepan,, muhun ema,, Abah doakeun abdi,,, Bari ramisak bapana nganggukeun mastaka,, teu wasa nyarita, dalatan nalangsa tur teu walakaya,,, Sobirin, ngalengkahkeun sukuna bari tungkul, nuturkeun indung suku, kadorong kurasa boga tanggung jawab anu gede, sanajan ragana masih budak. angin nganteur kana ludeung,,, panon poe jadi damar pikeun lengkah lumakuna anu baris dijalanan.. Si Ema, ngajajap Sobrin ku doa, ramisakna cisoca, getirna ati ngadaulat jadi doa anu buleud, nembus jomantara nepikeun beja kanu kawasa,, GUSTI,, Lindungan sobirin anak abdi,,, mugi sing jembar hatena melana nu jadi indung bapana, sanajan ukur indung jeung bapa pulung manehanana,,,, Nyambung sanes waktos... Ieu carita cep sobirin, budak pulung Ema Abah,, anu sababaraha taun kapengker dipiceun ku Indung kandungna, alatan wirang, boga budak teu jelas bapana..... Karya " Raka Syahara

Yuharno Uyuh ONod : ‎"PINDAH NGAROKO"

Yuharno Uyuh ONod
‎"PINDAH NGAROKO" Carita nyata nu kaalaman ku lanceuk kelas waktu di SMKI. Lanceuk kelas teh rada merekedeweng. Duh punten ka pisan ka ka Pa Eka guru simkuring sok sanaos teu kantos kawulang da kabujeng ngalih ka ASTI jamn harita. Kang Odeng keur ngeunah we melenyun udud dikelas da pedah can aya batur. Teu lila pa Eka asup ka kelas kasampak aya murid keur udud. Teu antaparah deui kang Odeng di jbrod. "Teu sopan siah bebel udud di kelas, indit siah..., Kang Odeng ngoloyong ka halaman sakola bari angger udud. Samarukna moal dituturkeun. Pa Eka beuki ambek. "Aeh, aehh.. Ari maneh nangtang ka dewek..,? Kang Odeng sangeunahna ngajawab. "Apan saur bapa teu kenging udud di Kelas, numawi abdi ngalih kadieu oge. Puguh asa dilelece ku murid, Pa Eka ngareret kabeneran dihalaman sakola aya beusi sapotong. "Maneh mah sugan kudu ku ieu yeuh..., Bari ngaheumbatkeun beusi. "Tah pami ku eta mah abdi bade ngalih ududna. Tembal kang Odengbari ngabecir.

Aga Aby Langga

Aga Aby Langga
Nalaah - Galunggung kawas nu bingung di harudung ku halimun tatangkalan cing garupay nga gupay nu rek ka huma.ciremis karasa tiis kasorot cahaya surya bagea alam nu endah..kohkol jeung bedug nga gantung alam padesaan.

Ahmad Suhandi

Ahmad Suhandi
Pamiarsa darangukeun.. Gelombangna 277.. Dina radio volvo.. diasuh ku haji dulacis.. *lagu populer taun 85*

Rinto Variasirias: UNTUNG KENEH

Rinto Variasirias
UNTUNG KENEH Si Kabayan keur ngajanteng sisi jalan. ujug-ujug aya nu gugulutukan hareupeunana ragrag tina mobil nu ngabelesat lumpat. Barang ditempo, eta barang teh sihoreng koper. panasaran tuluy dibuka ari breh teh duit ngentep meunang ngabandrolan. teu loba carita tuluy dibawa ka imah bari hariweusweus nyarita ka nyi iteung. " teung, tingali uing manggih duit sajuta" ceuk si Kabayan bari nembongkeun duit dina koper. " euleuh... enya meni loba kitu.. sabaraha ari sajuta teh kang?" nyi iteung panasaran. " Belegug, meni teu nyaho sajuta-sajuta acan? ari sajuta teh hartina sakoper, teung!" "Rek dikumahakeun atuh ieu duit teh kang?" " Samentara mah urang sumputkeun teung, bisi aya nu neangan!" "tapi dimana nya?" ceuk si kabayan deui bari ngahuleng. tapi teu lila nyeh seuri. " geuwat sumputkeun di hawu bisi kaburu aya nu nganyahoankeun!". ceuk si kabayan. nyi iteung buru-buru mungkus duit ku bubututan, tuluy di bebeskeun kana hawu. enya we teu lila kurunyung aya dua polisi datang ka imah si Kabayan rek neangan duit nu leungit. sanggeus asup ka imah tuluy dariuk na korsi. "nyi, suguhan cai yeuh tamu!" ceuk si Kabayan ngajorowok. " aduh, euweuh pisan cai kang kabayan!" "naheur heula atuh saeutik mah!". imah si kabayan tuluy di geledah ku pulisi, tapi pulisi teu manggih nanaon, antukna baralik. si kabayan buru-buru mariksa hawu. tuluy di guar guar, tetela duit teh ludes, geus jadi lebu kabeh sabab di pake naheur cai ku nyi iteung. keur ngaguar-guar kitu, gorehel teh si Kabayan manggih bubuy hui boled. tuluy dihuakeun bari cacamuilan. "untung keneh teung, boled uing henteu tutung!"

Kamis, 03 Mei 2012

A Badai AbdAz

A Badai AbdAz
pagaliwota basa Sunda jeung basa Indonésia, padahal ngamaksud cumarita ku basa Sunda.. naha éta nu disebut basa sunda modéren téh..? atawa mémang maksa, dipaksa, maksakeun da ilahar sapopoé bacéo cumarita maké basa Indonésia sedengkeun teureuh tur getih diri pituin urang Sunda..? atawa éta ciri ilangna martabat tur Kabanggaan* basa sorangan..? *kecap KABANGGAAN > conto maksa nyundakeun tina basa Indonésia _____________________________________________ rumaos 'sim kuring kantos guntreng perkawis -diantawisna- kecap "kandaraan" nu ceuk rasa mah éta kecap maksa tina basa Indonésia.. ind. = kendaraan sunda = kandaraan.. ? tutumpakan..? sumangga nyuhunkeun dibaladah.. hapuntenna

Encep Sopandi: Baluweng

Encep Sopandi
Baluweng *** Rék ti mana mimiti nyarita, asa lieur. loba carita, tapi asa geus kacaritakeun dina béwara tv, asa hayang ngoméntaran aparat nu gedé hulu, pédah jadi tentara, kasérémpét gé henteu pira, geus ngacung-ngacung sanjata. terus cenah, pamimpin kudu ku nungarora, tapi..., hasil pendidikan katempuhan "gagal", baheula di organisasi HMI pamimpin, ayeuna malah pamér kaboga, kakawasaan...jadi baluweng kuring mah.

Yuharno Uyuh ONod: ‎'CAN LUNAS"

Yuharno Uyuh ONod
‎'CAN LUNAS" Dasar si Tebleng matak pigeuleuheun tatanggana. Unggal isuk pasti aya sora parabot dapur anu disarada jiga karya komposisi musik kontemporer di STSI; kayaning panci, piring peupeus pacampur jeung sora budak ceurik geus puguh sora si Tebleng nyebutan sasatoan anu garalak sarta narajis mah. Kadenge si Tebleng keur najongan parabot dapur deui. "Pek ku aing siah ditajongan geura.. golombrang najong baskom, ret kana kana piring, di tajong borolo.. gepre. Ret kana rantang, barang rek ditajong pamajikanana ngagorowok. "Ampun, omat Kang.. Rantang mah can lunas. Tembleng nanya deui bari siap rek najong. "Mana siah anu geus lalunasna...? Pamajikanana ngasongkeun bujur. "Tah ieu... Tebleng ngabalieur. "Embung eta mah siah, aing butuh keneh...

'Eboed' Eman Budiman

'Eboed' Eman Budiman
Lauk PINTER Poe Minggu Rebun-Rebun keneh Mang Kabayan Geus saged, membuat baju rada ginding bari nyolendang Peralatan pengangkutan nguseup sapuratina. Paromanna marahmay nandakeun Hatena Keur Bungah, nu jadi sabab ka manehna inget omongan sobatna urang nu Purwakarta ngondang nguseup, "Kabayan ...., mun maneh BISA meunang nguseup di balong dewek, lauk sabalong PEK bawa kabeh ...!" kitu cenah omongan sobatna dina Telepon Minggu kamari. Demi nyumponan pangondang sobatna, manehna Mawa jeujeur nu Geus katelah "si leugeut teureup" ..., atuh eupanna Oge dijieun sahade-hadena. Formula eupan nu ordinary dijieun ku manehna nyeta eupan ikin dicampur ku beubeureum endog meri atah, tongkol atah, peda beureum atah Jeung tarasi atah. Geus kabuktian ku eupan saperti kitu TIAP nguseup clom giriwil, ku kituna manehna katelah si dukun Balong. Teu kacaritakeun di jalanna, Bada lohor Geus anjog ka tempat nu dituju. Sanggeus sosonoan bari balakecrakan, manehna kadua sobatna Geus cindeten Sisi balong. Bener kita di balong sobatna teh laukna baradag tur Loba, tingkocepat paudag-udag, ceuk bohongna mah Sigana si lauk teh hese usik-usik acan. Nempo kitu teu talangke manehna mesat jeujeur "si leugeut teureup", eupan andelan dibuleud-buleud tuluy dipasang dina useup. Luuung ...., useupna dialungkeun ka balong Tengah. "Pek Siah lauk ...., geura dahar tah eupan jetu jieunan uing" Sabot nungguan lauk nyanggut, nyeungeut bako mol ...., surupuuutttt ... kopi nu Geus disiapkeun ti anggalna diinum bangun nu ni'mat naker. Samenit ... doa Menit ... Geus ampir saparapat selai jeujeurna teu regrog-regrog, kukumulna Angger cicing luhureun cai nu euweuh metot. Nempo kitu manehna ngarasa Heran kacida sabab dina Terbalik saparapat selai, biasana manehna Geus BISA narik lauk 10 wae mah, TAPI ayeuna bisa Hiji-Hiji acan ...! paruh Geus udud 10 batang, kopi 2 Gelas ... Angger bisa aya parobahan. Panasaran jeujeurna diangkat, rek ditempo BISI eupanna paruh. Sanggeus diangkat ...., eupan Masih Angger ngait di na useup! Eupanna kalah ka jadi Beye tur jadi nyaeutikan. "Weleh-weleh ... Naha nya eupan uing nu biasana clom kunyunyud di Dieu mah teu mempan ..." gerentes Hatena. Kulantaran eupanna nyaeutikan ..., tuluy kita diganti. Cara Tadi, eupan dibuleud-buleud tuluy dipasang di na kakait useup. Luuuung .... useupna dialungkeun deui, ayeuna mah dialungkeunna ka palebah Sisi balong. "Sugan kita nyanggut ayeuna mah" gerentesna. Didago-dago ... Angger keneh kaleng aya lauk nu nyanggut! Kalahka udud kita Geus paruh doa bungkus, TAPI TACAN beubeunangan keneh. Mang Kabayan ngahuleng ngaraga meneng, teu ngarti naon sababna lauk teh teu daekkeun nyanggut wae. Sabot ngahuleng, tirilit ... tirilit ... tirilit ... HP-na disada nandakeun aya sms asup. Sms ku manehna dibaca: "! Mang ... Urang Oge Apal, EUPAN NU DIJIEUN KU Emang BAHANNA ATAH kabeh ..... HOREAM AH NGADAHARNA Oge BISI Nyeri BEUTEUNG .....!" -Ti simkuring: lauk teh

Andy K Sauyunan

Andy K Sauyunan
"..... Cikaracak Ninggang batu, Laun-laun jadi Legok Nincak ruhak dina batu, Laun-laun ngagorowok ......... "

Aga Aby Langga

Aga Aby Langga
Ngalanglangan pakidulan garut Ombak basisir ketir dina Terbalik eta sayang helang kakarang Gajah los ka jojontor sancang.cenah ceuk Beja bahela aya nu nagara Sancang pakuan Pajajaran ka telahna Prabu Siliwangi nu jadi rajana sakti Mandra guna.Bade Di ISLAM keun anjeun na alim di udag putrana prabu kian Sancang ilang dileweung eta tilem dileweng eta geueman.

Rinto Variasirias

Rinto Variasirias
Tilu POE NU geulis ... Geus tilu poe nu geulis maledog imut ka Kuring, numbles linu kana jantung. Saperti ordinary TIAP selai Tujuh isuk isuk nu geulis Bakal ngaliwat handapeun jandela tempat Kuring nagog diluhur Imah kontrakan. Nya Geus tilu poe Kuring megat nu geulis. Sayagi udud kopi pikeun maturan Kuring dina raraga Mapag imut gratisan nu ngapung tinu teh ngalangkung. buuk Kuring Geus meunang ngaminyakan rapi dientep SISIR. Benci kadang-kadang sok tumanya. Naha urang mana eta awewe teh, Keur geulis teh bari Akur deuih? Ngan eta mah nu sidik si cantik teh pagawe anyar dipabrik nu aya di kuloneun tempat Kuring cicing. Aleukh, ITU gening Datang? Kuring asa Bungah pisan Barang nempo manehna ngarongheap.Tapi Kuring ngadadak jadi hareugeu'eun basa katempo manehna nyolendangkeun Aisan bari dibarengan ku lalaki nu mamangku budak. Saliwatan manehna ngarindat tuluy kelinci-kelinci, Kawas api-api teu katinggali. Beugh, teu singna geulis, beungeut kitu mah pasaran! Ceuk Kuring ngabeberah sorangan, bari nguyup cikopi nu Tinggal gegedohna.

Hilda Iskandar: Saréngsé na hujan

Hilda Iskandar
Saréngsé na hujan "Ma............................" kuring lumpat moro tulak, barang bray dibuka "Gusti Ucu.....kunaon meni rancucut kieu?" naléngténg hariweus-weus nanya ka si jalu "Alhamdulillah Ma dinten ieu mah mucekil geningan!" témbal budak bangun nu atoh. Song kuring mikeun anduk, budak téh nyampeurkeun bari nyarandékeun payung 3 siki dina sisi korsi nu aya di tepas. "Ieu Ma tambih lumayan sugan tiasa kanggo nambihan mésér landong Abah" budak téh ngasongkeun duit nu geus nguwel bari jung asup ka jero imah. Kuring mémérés duit nu geus nguwel jeung baseuh, aya kana genep puluh rebu na diitung téh. aya nu baseuh na juru panon. Bati ngan bisa ngalimba jeung ngaheruk "Gusti mugia abdi sing kiat...haté mah teu mikeun budak jadi tukang Ojég payung téh....nuhun Gusti abdi parantos dipaparin murangkalih anu sakitu janglarna!" berebey ci panon teu ka ampeuh...

Endang Kasupardi: PALANGSIANG KU SI ÉTA WÉ

Endang Kasupardi
PALANGSIANG KU SI ÉTA WÉ *** Pun Aki anu niat badé ka jamban, seja abdas. Teu jadi. Sakedétan gura giru néang lomari. “Bisi alamat nyi Encéh ka panggi . Duh dimana komprang téh?", gerentesna. Weléh. Can kapanggih. Peuting malah geus simpé. "sok wé sing tarik kérékna", gerentes deui pun aki basa ninggal pun nini tos tibra. "Bisi perelu yeuh tutupan tah panon téh ku anggel". Kituna téh bari terus ngotéktak alamat. "Tuh diditu. Handapeun piring. Tadi jang Encu kadieu. Ah dipasangan we sarebueun", saur pun Nini bari nyangigir nonggongan ka pun Aki anu ker anteng ngotéktak alamat. "Naha atuh lain 10rb eun mun urang mah", pun aki asa kajalan. "Heuheuy deuh. Alamat nyi Encéh duméh aya nomer imahjeung no hp disangka buntut nalo, meureun. Aman Uin” ,'geretesna deui. "samalah tadi anu aya dina alamat oge tos ditepungan", gebeg. Haté pun Aki ngagebeg “Naha maké ditepungan? Hayang ngayakinkeun, naha bener henteu éta nomor. Lain info jongklok. "heueuh atuh alus. kumaha jawabna?" "nyéta ukur panggih jeung Hangsip". “ Terus?", ah engké mah mun kadieu deui rék dicarék wé cenah"..... Naha maké dicarék?". “Méh anu meunangna teu loba cenah. Api-api wé dicarék jeung bakal dipapagahan. ulah sok daék masang nalo. Haram". "Beuh sugan teh", cek gerentes hate pun aki. "Dimana ayeuna keretasna?" dibikeun wé ka hangsip". "Aduh...", hate pun aki ngagebeg deui. Mangkaning nyi Enceh teh méré no hp. Duh boa si Demplon téh ku si hangsip wé meureunnya....kasebeleun.

Anunsiata Srisabda: "UNG"

Anunsiata Srisabda
"UNG" urang bingung, teu nyaho mana nu mimiti, mana nu tungtung TAPI urang mah nyaho pisan si Untung, babaturan saya nu rada tutung bogoh pisan ka si Nunung, sanajan teu Boga sihung, si Untung Boga puisi sagunung nu ngahiung. Teu nyaho kumaha mimitina si Nunung Kembali bogoh ka si Untung. Meureunan si Nunung Keur bingung ditolak Cinta ku si Pulung nu jangkung, Jadi manehna rada linglung. Ah TAPI da ngarana ge Cinta, Jadi teu nyaho kudu kumaha mimitina, nu ayeuna urang iuran pasti nyaho tungtungna, si Untung Jeung si Nunung rek kawin di sasih pang tungtungna di Tahun Pilih kategori. Mas kawina nya eta Tadi puisi Untung nu sagunung. (puntennya, Pilih kategori mah carita fiktif, upami aya nami nu sami, ulah bendu .... hehe ... Hidup Untung)

Rabu, 02 Mei 2012

Yuharno Uyuh ONod: ‎"BAJING LUNCAT"

Yuharno Uyuh ONod
‎"BAJING LUNCAT"*** "Uded Kacapi" katelahna. Da pedah manehna alus, parigel dina ngacapi. Aya budak awe ngarana Euis, datang ka kamar kontrakan Uded, budak awewe teh pantes geulis beresih kawntu masih abg. Manehna hayang diajar ngacapi da aya rencana rek asup ka SMKI. Uded ngacapi hareupanana Euis. Nembongkeun kaparigelanana bari gumasep hayang ka alem. Geus kitu terus ngasongkeun kacapi kana lahunan Euis bari jeung noelkeun curuk sagala kana kana tuur. Eui ngagurubug getek. Uded "nyengir kuda". Euis metik kacapi dina lagu bajing luncat, ari kenongan laguna saralah. "Euh.. lepat atuh neng metikna..., Ceuk Uded, kituna teh leungeuna bari ngaragamang nyontoanana titukangeun Euis, dina posisi nanggkeup. Selengseng seungit parfum. Serrr jedud, jeduk aya nu dukdek kana diri Uded. Euis tonggoy bari ngalagu bajing luncat. Uded sajeroning ngacapi samar polah, leungeuna ngageter geus teu meneran kawat kacapi, jung nangtung berebet lumpat muru wc. Euis kaget." Ku naon Kang, nyeri payuangan..? Uded nembalan ti jero wc. "Sanessss.... Ieu Bajing akang rek luncat....