
Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Rabu, 02 Mei 2012
Yuharno Uyuh ONod:"SUNGKEM"
Yuharno Uyuh ONod
"SUNGKEM"
Si Udin rengse dirapalan terus sungkem ka indung bapana katut ka mitoha aweawe. Sungkem teh dipirig ku kacapi suling dina lagu ayun ambing. Si Udin mah bangun nu teu sedih, manehna kalah ngajebengngan MC anu maca narasi, pedah luwa lewe jiga nu ceurik, makasud MC mah supaya anu keur sungkem kabawa sedih. Beres sungkem indung si udin ngaharewos. " Din, aya nu kaliwat. Tuh geura sungkem ka Tanteu maneh anu ti jakarta, bari nunjuk ka hiji awewe dangdanana menor alias seksi make rok pungsat. Si Tanteu diuk dina korsi, si Udin terus nubruk indung suku si tanteu bari pok nyarita. "Punten Bibi.., aeh tanteu. Abdi hapunten.., abdi nyuhnkeun pidona.., kituna teh bari cengkat panon rurat-reret terus cengkat kalah pogot mencrong. Si Tanteu keuheul nempo galagat Si Udin. Pok nyarita bari ngadegungkeun sirah si Udin. "Tungkul siah.., maenya aya sungekm tatanggahan...!
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar