Rabu, 02 Mei 2012

Endang Kasupardi: HATE NU ASUP KANA UNGGAL HURUP

Endang Kasupardi
HATE NU ASUP KANA UNGGAL HURUP Mun geus aya sora "uk uk uk" bari ngageter. Hate oge milu ngageter. Sakapeung suku jadi ngeleter. Keur nutupan mah gancang we lumpat nyokot hape. Puguh sieun jikan miheulaan, sanajan can ari pernah kitu mah. " privasi kang eta mah mangga we kumaha akang. Ukur dina jeung bari sms wungkul. Ulah soteh di dtangan atawa ngahajakeun janjian", pok jikan bari nyenyekel hape anuna. Dikitukeun lain atoh, kalah asa kapanggih jeung dipokpokeun. Matak basa bieu aya sms oge, tiap we dibaca saliwat, gancang dipupus deui. Puguh si Neng eta mah, keur geulis teh heureuyna jiga anu enya. "Ayang di antaos ku KS di sakola", kituh mun sakalieun ngasms. Pareng jikan anu maca. atuh hamo we unggal rek gawe peuting teh sok sindir sampir. " ayang diantos di kamar". Enya oge atoh tapi puguh parabot paragi nyikalan teh murungkut deui. Tapi ari anu sok uk uk an mah lain deui. puguh enya ieu mah. sms teh hate rada miluan. Asup kana satiap hurup. Sidik asa kakuring hurup A jeung C. Sanajan beda harti karasana sarua. "Telepon ih kangen", pokna dina SMS. kuring terus culang cileng jikan aya dimana. tapi rek alesan kudu kumaha. beuh, ningan geus mimiti nelp oge kawatesanan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar