Jumat, 04 Mei 2012

Andanang Sinatra: NYAAH KA BUDAK

Andanang Sinatra
NYAAH KA BUDAK Hayamteh geuning geus aya nu kongkorongok padahal masih keneh janari leutik, singhoreng kagareuwahkeun ku ceu Kokom nu keur dadahut nyadiakeun bebekelan kanggo salakina nyaeta mang Adang Wanci subuh mang Adang nguliat bari lulungu gura giru ka cai, rengse sholat subuh mang Adang tatan-tatan seja miang neang pakasabanana bari mawa bebekelan nu ϑȋ̊ jieun ku ceu Kokom tadi Mang Adang mulang na teh sok sore kadang dugi ka wengi, kitu jeung kitu sapopoe mang Adang jeung ceu Kokom Geuningan mang Adang jeung Ceu kokom luat-leet ku kesang ti isuk jedur nepi ka sore jeder nepi ka peuting jempling teh melaan barudakna Anggap wae ayeunamah mang Adang jeung ceu Kokom teh kolot urang sarerea

Tidak ada komentar:

Posting Komentar