Jumat, 04 Mei 2012

Anunsiata Srisabda

Anunsiata Srisabda
‎"UNG" ******************************************* urang bingung, teu nyaho mana nu mimiti, mana nu tungtung tapi urang mah nyaho pisan si Untung, babaturan saya nu rada tutung bogoh pisan ka si Nunung, sanajan teu boga sihung, si Untung boga puisi sagunung nu ngahiung. Teu nyaho kumaha mimitina si Nunung balik bogoh ka si Untung. Meureunan si Nunung keur bingung ditolak cinta ku si Pulung nu jangkung, jadi manehna rada linglung. Ah tapi da ngarana ge cinta, jadi teu kudu nyaho kumaha mimitina, nu pasti ayeuna urang nyaho tungtungna, si Untung jeung si Nunung rek kawin di sasih pang tungtungna di tahun ieu. Mas kawina nya eta tadi puisi Untung nu sagunung. (puntennya, ieu mah carita fiktif, upami aya nami nu sami, ulah bendu....hehe...hidup Untung)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar