Jumat, 04 Mei 2012

Yuharno Uyuh ONod : ‎"PINDAH NGAROKO"

Yuharno Uyuh ONod
‎"PINDAH NGAROKO" Carita nyata nu kaalaman ku lanceuk kelas waktu di SMKI. Lanceuk kelas teh rada merekedeweng. Duh punten ka pisan ka ka Pa Eka guru simkuring sok sanaos teu kantos kawulang da kabujeng ngalih ka ASTI jamn harita. Kang Odeng keur ngeunah we melenyun udud dikelas da pedah can aya batur. Teu lila pa Eka asup ka kelas kasampak aya murid keur udud. Teu antaparah deui kang Odeng di jbrod. "Teu sopan siah bebel udud di kelas, indit siah..., Kang Odeng ngoloyong ka halaman sakola bari angger udud. Samarukna moal dituturkeun. Pa Eka beuki ambek. "Aeh, aehh.. Ari maneh nangtang ka dewek..,? Kang Odeng sangeunahna ngajawab. "Apan saur bapa teu kenging udud di Kelas, numawi abdi ngalih kadieu oge. Puguh asa dilelece ku murid, Pa Eka ngareret kabeneran dihalaman sakola aya beusi sapotong. "Maneh mah sugan kudu ku ieu yeuh..., Bari ngaheumbatkeun beusi. "Tah pami ku eta mah abdi bade ngalih ududna. Tembal kang Odengbari ngabecir.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar