
Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Selasa, 01 Mei 2012
Is Tuning: [Dongeng si Jay : Budak Soméah]
Is Tuning
[Dongeng si Jay : Budak Soméah]
Dina jero angkot, penumpang téh padedet. Komo keur bulan ngora mah.
Gigireun si Jay, ibu-ibu ngarérépéh budakna nu ceurik baé.
"Hoyong Nénén panginten Bu", ceuk si Jay bari ngarérét ka ibu-ibu éta.
Si Ibu ngabetem, angger ngarérépéh budak. Tapi lain ka répéh, budak téh kalah
beuki tarik ceurikna. Tungtungna mah, indungna ngéléhan, budakna tuluy
disusuan bari dituruban ku samping. Teu lila, budak téh nolol deui tina samping
bari pok ngomong ka si Jay : "Ngaleueut A..."
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar