Rabu, 02 Mei 2012

Eka Gandara Wk

Eka Gandara Wk
Geus boga anak umur 4 taun, ari imah ngontrak di bedeng ngan sakamar-kamarna. Iwal masak jeung mandi, rek naon rek naon ge didinya we da puguh ngan sarohangan. Ma'lum buruh leutik !...... Poean teu digawe harita teh. Enya, biasa we mun aya di imah sok samar polah, samar rampa, antukna sok hayang......otel ! Ti sore keneh si Oon geus meredih ka pamajikanna. " Ma..., hayu atuh !" pamajikanna ukur tungkul, " Si Ujang....?" waro-na ngaharewos bari ngareret ka budakna. " Si Ujang mah pepende we sina sare sore keneh" cek si Oon gereget. " Ngke we....., ah ! cek pamajikanna. " Kamana, ma....Ujang milu Ma...!" cek anakna ngagorowok. Si Oon reuwaseun, sihoreng anakna teh ngabandungan. Puguh we pamajikanna jamotrot, baeud.....! Kacaritakeun peutingna, si Ujang geus gogoleran jeung indungna.....! " Pareuman atuh lampuna ambeh tibra bobona, nya Jang...!" cek si Oon ka anakna, budak teh ukur unggeuk. Jepret lampu dipareuman ku si Oon.....! Kira-kira saparapat jam ti barang mareuman lampu.....si Oon ngagoler tonggongeun pamajikanna bari tual-toel. "Ngke atuh..... si Ujang can sare!" cek pamajikanna. " Kaka geus teu tahan , yeuh.....hoyong ameng !" si Oon ngaharewos bari ngarampaan nu pantes dirampa. " Ngke heula atuh......, tong waka !" cek pamajikanna, tapi semu nu ngageter cirining geus mimiti kapancing...... Lila ti lia " Sok atuh, tapi lalaunan budak bisi nyaring !" Si Oon bungah lain dikieuna.............! Kacaritakeun ulin rasa dikawitan......Cinta awor jeung cintana... asih awor jeung asihna.....geugeut masket jeung meumeutna.....napasna pasusul-susul, renghap ngahegak muru tanjakan ! ..... " Duh....sssh....kaka....tipayun....nya Ma !" cek si Oon tipepereket..."Sssh...ngke atuh, ah ! Antosan... sakedap deui, urang sareng !" cek pamajikanna bari ngahegak.... Teu kungsi lila, " Ha...hayu atuh kaka......enggalkeun hayu...urang sareng.....!" pamajikanna tipepereket !..... Naaa Atuh ari gorowok teh : " Ujang miluuuuu Maaa..... !" sihoreng budak teh ti tadi oge teu sare, da sieuneun ditinggalkeun..........!!!"*****

Tidak ada komentar:

Posting Komentar