Selasa, 01 Mei 2012

Hilda Iskandar: NIRON

Hilda Iskandar
NIRON*** Hiji poe Mang Jumin di geroan ku Kapala Sakola alatan kalakuan anakna si Tardi anu pagawean na ngan niron ka si Arsan tiap ujian. Mang Jumin: “Mana buktina lamun anak dewek niron!!” Kapala Sakola:”Ieu hiji bukti waktos ujian Sajarah, Soal No.1 Saha ngaran aslina Si Jalak Harupat? Jang Arsan ngajawab Otto Iskandar Dinata, tuluy si Tardi oge sarua jawaban na Otto Iskandar Dinata. Mang Jumin:”Haar ari jawaban na sarua jeung si Arsan mah, bisa wae da anak dewek oge diajar heula di imah!!” Kapala Sakola: “Leres kituna mah tiasa wae sarua, tuluy ieu soal no.2 dimana si Jalak Harupat dikurebkeun? Si Arsan ngajawab Lembang, Jang Tardi oge ngajawab Lembang” Mang Jumin: “Ah kabenaran eta mah, Bapak teu boga bukti mun nyebut anak dewek niron. Bisa wae si Arsan nu niron ka anak dewek!” Kapala Sakola:” Leres tiasa kaleresan, tapi coba cing Bapa baca soal No. 3. Tanggal sabaraha si Jalak Harupat dijurukeun? Jang Arsan ngajawab “Urang teu nyaho !!” terus Jang Tardi ngajawab “Komo urang !!”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar