
Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Kamis, 03 Mei 2012
A Badai AbdAz
A Badai AbdAz
pagaliwota basa Sunda jeung basa Indonésia,
padahal ngamaksud cumarita ku basa Sunda..
naha éta nu disebut basa sunda modéren téh..?
atawa mémang maksa, dipaksa, maksakeun da ilahar sapopoé bacéo cumarita maké basa Indonésia sedengkeun teureuh tur getih diri pituin urang Sunda..?
atawa éta ciri ilangna martabat tur Kabanggaan* basa sorangan..?
*kecap KABANGGAAN > conto maksa nyundakeun tina basa Indonésia
_____________________________________________
rumaos 'sim kuring kantos guntreng perkawis -diantawisna- kecap "kandaraan" nu ceuk rasa mah éta kecap maksa tina basa Indonésia..
ind. = kendaraan
sunda = kandaraan.. ? tutumpakan..?
sumangga nyuhunkeun dibaladah.. hapuntenna
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar