Selasa, 01 Mei 2012

Rinto Variasirias: Mukaan album

Rinto Variasirias
Mukaan album "yayi, wayahna ulah ngilu ka kaula!" Raden Somantri ngawagel nu janten rayina Sukrasana supados teu nuturkeun. "Hayang ngiring ka kalebet karaton kakang!" "ikh, awas mun nuturkeun ieu naon?" Raden sumantri mesat jamparing kanggo nyingsieunan. Anging takdir teu tiasa dipungkir panah leupas tina cepengan, ngabelesat tina gondewana. Meg, dada kuring engap nindihan album poto .basa lilir Poto peang hitam putih murag tina leungeun ngagoler dina gigireun meja. Katingali poto kuring nu rawun basa keur budak dikaleng ku lanceuk kuring anu beresih tur rapih.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar