
Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Senin, 07 Mei 2012
De'Only Kikiw: Ngadadak Batagor...
De'Only Kikiw
Ngadadak Batagor...
"Bandung, Bandung, Bandung" sora calo di terminal tanjung Sari mikat nu rek naraek beus. blus weh simkuring asup diuk pang tukangna. teu lila beus indit da puguh geus padeudeut. Di jeuro beus, tukang tahu nanawarkeun daganganna kaditu kadieu "TAHU, TAHU, TAHU", tapi hanjakal euweuh nu meuli.gigireun supir aya aki-aki terus di tawan ku tukang tahu " ki tahuna ki? " tibatan meuli eta si aki kalah utah pas pisan keuna kanu karanjang tahu nu masih haneut. mangkaning utahna loba, tahu pinuh lamokot ku utah eta aki-aki " haramjadah aki-aki teh" ceuk tukang tahu bari sedih campur ambeuk. tukang tahu tanggah bari geugeureumeut ambeuk seumu mikir, tapi tukang tahu teu lila ngadagangkeun deui eta dagangannana, "BATAGOR, BATAGOT, BATAGOR'.
alhamdulillah laris...
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar