
Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Senin, 07 Mei 2012
Dennykurniadi Kurniadi: SURAT TI ABUDABI
Dennykurniadi Kurniadi
SURAT TI ABUDABI:
Kahatur, Akang di bumi,
Kang, kumaha barudak sarehat? Si Dewi, Sarah, Dedi, teu kua kieu? Kumaha ari Ema jeung Apa, sarehat deuih? Ngawiat nya Kang, perhatoskeun tuang sareng sakolana barudak. Akang ulah ider-ideran teuing, hawatos. Minggu kamari abdi ngintun artos kumaha tos ditingal dina rekening? Sigana Kang, taun ieu abdi moal wangsul. Wayahna we nya. Sanes teu sono, tapi kumaha atuh,pan urang teh hoyong aya kamajuan. Sakali deui nitip barudak.
Wasalam, Yuni
Rengse maca eta surat, Rohim ngahuleng. Hatena ngarakacak: "mun seug aing bisa nyenangkeun manehna, moal kieu kaayaanana. Yuni teu kudu nyiar kasab di nagri batur Hampura nya Yun, Akang rumasa lain lalaki lalanang jagat. Kumpeu.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar