
Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Rabu, 09 Mei 2012
>A Badai AbdA
A Badai AbdAz******
Hiji ulama keur mapatahan muridna anu geus kasebut ajengan
"Alloh téh ulah ukur diteundeun dina tasbéh,
inget ukur nalika salat jeung wiridan.."
anu dipapatahan unggut-unggutan, narimakeun
...
Hiji tukang béca ngobrol jeung penumpangna, awéwé geulis
"Alloh téh teu kénging ukur disimpen, ditapelkeun dina témbok, dipiguraan"
"mang, eureun..!!, cukup nganteurkeun kuring nepika dieu..!!"
tukang béca ngajengjen teu lémék teu nyarék, ngahuleng garo-garo teu ateul.
nu bendu ngingkig jamotrot
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar