Rabu, 09 Mei 2012

Ruhiyat Sumardiharja

Ruhiyat Sumardiharja
Nomer Jitu****** Jin Beureukok anu ngageugeuh di Bandung jeung jin Borokokok anu ngagegeuh gawena guntreung...!,lamun hanteu galungan!. Anu ngarana jin lamun urang menta manehna datang, deudeuganna ngabeuleugeudeug hideung jangkungna pohara pisan , ceuk caritamah palapon imah ge tobros. Sasajenna cukup areung sakarung, engke lamun areung ku urang diceupeung ancur, eta tandana sasajen geus diteureuy ku eta jin. Mulung carita Jin Beurokok jeung Jin Borokokok keur galungan di Parapatan Lima. Jin Beurokok nyabutan tiang listrik jeung tower anu aya di sapanjang Jl. Asia Afrika terus dipalengngpeng – palengpengkeun ka musuhna nyaeta Jin Borokokok, kitu deui Jin Borokokok teu eleh ngabaleus maledog-maledogkeun wangunan,tukang dagang kaki lima,tukang dagang asongan,tukang koran, tukang beca jeung kuli bangunan nu kabeneuran aya. Kaayaan jadi bocar – bacir manusa nu marake mobil , motor ngararacrit, sabab inggis kapalengpeng atawa kabaledog. Pasalna mah sapele sangkan kadua jin jadi geulut, nyaeta masalah nomer kode buntut, masing – masing ngarasa geus mere nomer kode buntut jitu ka manusa. “ Nomor kaula kudu kaluar, mah!”. Ceuk jin Beureukok. “ Nomor kaula nu kudu kaluar mah, hade, jitu moal bireuk !“ Ceuk jin Borokokok. Beleutak sirahna jin Borokokok diteke ku Jin Beureukok nepi ka benjol sagede kalapa. Plak! Jin Borokokok nyabok pipi Jin Beureukok nepi ka bareuh sagede baskom. Teu lila gudubrak gedeubrug jin Beureukok eleh jajaten ngulampreh, kapiuhan dina ruruntuhan ipalengpengkeun jeung baledogan tadi. “ Huh..huhh ampun..ampun...kaula eleh, please! lah nomor sampean nu kaluar, nomor kaula mah lain waktu bae kaluarna, tapi sampean bisa mastikeun eta nomer bakal kaluar. Ceuk Jin Beureukok nanya. “ Pasti, pasti!” jawab Jin Borokokok “Tapi kaula aya hiji pamenta“ Ceuk jin Beureukok deui. “ Pamenta naon sok kecapkeun?” Ceuk Jin Borokokok balik nanya. “Kaula menta pimpinan kaula bisa reugreug hatena, korsina teu dioyag-oyag ku leutak jeung sagala kahayang dicumponan, kumaha?” Ceuk Jin Beureukok ngeudalkeun kahayang. “‘Soklah! j eta mah parkara gampang!, engke sing saha ngahalangan atawa ngaganggu diteureuyan ku kaula” Ceuk jin Borokokok ngayakinkeun. “ Ayeuna, sabaraha nomer sampeyan nu bakal dikaluarkeun?” Ceuk Jin Beureukok nanya deui. “ Opat angka ” Jawab Jin Borokokok. “Enya angka sabaraha” Jin Beureukok panasaran. “Geneup enol na tllu kali”Jawab jin Borokokok.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar