Rabu, 02 Mei 2012

Peri Sandi Huizche

Peri Sandi Huizche
SANGKURIANG NGAJELMA KANG GURU ATAWA SUTRADARA EDANSSSSSSSSSSSS (carita teu pondok-pondok pisan: Sedenglah...) “Bener euy ieumah kudu nyieun pertunjukan nu ngaJawa Barat! Ceuk si Kang Guru bari ngalamun. Tului si kang guru kabarudak EO, “dak, Apakah Artinya Berpikir Bila Terpisah Dari Masalah Kehidupan*” barudak ngarespon bari emprak. Ceuk nuji “alus euy ,kang Guru…” Ceuk nu lainna “ edans euy si Kang Guru” Ceuk penanggung jawab EO teh “ soklah, kang… ngagarap Pertunjukan nu edans…” ceuk si kang guru “ arek! Uing hayang ngagarap pertunjukan kolosal, bau Jabar, seungit sunda, tapi haying aya ngalaguna” Ceuk si penanggung jawab EO “ eta panggihan weh si kang Kingkung nu di kebon Sate,Kang guru… si eta oge hayang nyieun pertunjukan nu edan” Papanggih si Kangkingkung di Kebon Sate “eh…kang guru, lawas ti lawas… aya naon euy?? Ceuk si kang kingkung. “Nyieun naon yeuh keur Jabar nu matak pi edaneun” si kang guru langsung nyabet nuluikeun omongan “pokokna nyieun pertunjukan edans?” ceuk si Kang Kingkung teh bari mere obat nyeri sirah “mening nernak budak edans saloba-lobana, kang…tului titah nyieun Partai, engke mun waktuna PILKADA titah nyolok uing nu Edansss…ednas kan? Pan eta the DEMI JABAR meh Edansssssss” Si Sutradara jadi molohok… tului hayang jadi nyutradaraan anak-anakna nu EDANSSSS..keur JABAR meh EDANSSSSSSSSSSS… *dikutip tina sajak sebatang lisong W.S Rendra

Tidak ada komentar:

Posting Komentar