
Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Rabu, 02 Mei 2012
Peri Sandi Huizche: Sangkuriang ngajelma Curt Cobain
Peri Sandi Huizche
Sangkuriang ngajelma Curt Cobain
Hiji mangsa uing keur maen band di ci caheum… tah uing teh ningali angelina jolie keur popotoan…di terminalna, terus uing teh turun weh ti panggung teh manggihan si eta. Ceuk uing kasi Angelina Jolie teh “ lin, keur naon euy?? Naha jadi aya di ci caheum??? Ceuk si Jolie teh bari manyun biwirna “ ari maneh, Ben teu neuleu? Ngaing teh keur popotoan” si Jolie bari rada ngabalieur teu poho biwirna manyun. “urang kolaborasi ngalagu yu?” ceuk uing teh bari ngarayu rada lieur ku cai Ciu. Ceuk si Jolie “embung, Ben. Teu bisa ngalagu, mun maca puisi mah bisa” si Cobain langsung antusias “nya sok atuh… nu pentingmah kolaborasi weh!” “ nya sok atwh pang mentakeun puisina” ceuk si Jolie ngajawab. “menta puisi kasaha, Lin?” Ceuk uing the. ceuk si Jolie bari manyun “ ka kang Godi”.
Si Curt Cobain langsung maen Blues Kere Lauk bari ajrug-ajrugan...
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar