
Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Sabtu, 05 Mei 2012
Wawan Darmawan: Solat
Wawan Darmawan
Solat
: Ustad pulan boga anak awewe keur meujeuhna rumaja putri. Sanajan anak ustad si nyai teh ka asup jalma gaul. Ari ki Ustad embung eleh ku anakna. Dina ceramahna sok diselipkeun kekecapan atawa istilah gaul. Hiji waktu anakna menta duit pokna teh rek direbonding.
Ustad : "Naon ari rebonding teh nyai"
Anakna: "Eta bah ngurus buuk dilempengkeun, pan nu nyai mah goreng"
Eta istilah teh ku ki ustad diapalkeun. Hiji waktu ki ustad ngimaman solat.
Ustad: "Cobi jamaah, singrapet taratihna, sareng barisanana DIREBONDINGKEUN !"
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar