Kamis, 19 April 2012

Ku Rd Okke Chandra: Surat Keur Pun Bojo

Surat Keur Pun Bojo Ku Rd Okke Chandra Geulis kanyaah akang, bojo akang nu bageur, hampura nya nung, tos cep jempe, sanes ngahaja akang teh, teu aya kahoyong akang nganiatan nganyenyeri ka anjeun nu dipikadeudeuh ku akang, anjeun teh keur akang mah brag asih da di asih, mangka welas, mang ka asih, moal aya raat asih akang ka badan awaking. asih akang ngan keur awaking.... Sumuhun akang terang naon anu ku anjeun di ceungceurikan teh, ngan kumaha atuh akang teu lieur geulis... wanoja nu resep ka akang teh paboro-boro, nu hayang paheula-heula, nu beuki pagiling-giling, sakapeung akang sok ngahuleng, da akang teh lain arjuna, akang mah jejer pasar istilah na mah, pangawakan biasa, kulit hideung, kasep hanteu, goreng hanteu, beunghar ku banda hanteu oge, tapi da eta para wanoja teh mani ngagalibed ka akang siga nu amprok jonghok mendak jodo istilah na mah. Sing percanten ka Akang nya geulis, cik cenah sugan aya saratus syahrini di jejerkeun dipayunenun akang, moal hiji ge akang di lieuk, mung anjeun geulis nu aya di hate akang... anjeun nu jauh dijugjug anggang di teang teh, sakali deui geulis, ulah sieun da akang mah lain lalaki nu osok iwak nangtang sujen wawanian nyorang picilakaeun. Doakeun akang ku anjeun supaya akang henteu unggut kalinduan henteu gedag kaanginan, moal jalir jangji akang ka anjeun nyanggupan sabobot sapihanean sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka jeung anjeun. Ti nu nyaah ka anjeun salawasna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar