Rabu, 18 April 2012

Carponpis Kez Sukezz

Kez Sukezz
GERING PARNA Wanci subuh satutasna piligenti jeung peuting. Pikiran ngulayaban, naratas jalan pikeun ngararasakeun waruga hirup. Ras tiris. Nyecep. Ras panas. Heab. Hawa beuki nyedek, teu puguh pilampaheunana. Eusi uteuk pajeujeut jeung urat nu ngabarungsinang. Tayohna mah gulinggasahan sahosna megatkeun wanci carangcang tihang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar