Rabu, 18 April 2012

Lenny Magdaleni LAMARAN Basa aya nu datang ngalamar kuring. Anak nu awewe nanya. "Kumaha Mah, bade ditampi?" Kuring cicing teu nembalan. Aduh..bingung! Dina hate masih aya nu ngancik. Sajongjongan kuring ngahuleng. Lamunan nyoreang mangsa katukang. Waktu munggaran patepung jeung manehna. Aya geter asih nu wening. Nu nepi ka kiwari, rasa eta tetep nyangkrung dina hate. Teu daek leungit. "Mah...!" gebeg. Sora budak ngabuyarkeun lamunan. "Oh..., ke bade ngemut heula. Antos we dugi ka seep sasih..!" tembal kuring.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar