Sabtu, 21 April 2012

Carponpis Irman Dimyatie

NU DICUKUR HANDAPEUN TANGKAL KAI
Najan kudu leumpang jauh, tetep dijugjug. Uing hayang dicukur di dinya, gerentesna. "Do, cik rapihkeun buuk uing nu geus ngawigwig yeuh!" ceuk Oman bari gek diuk dina bangku lipet handapeun tangkal kai parantina. "Ieu teh hayang dikumahakeun modelna, Kang?" ceuk Dodo bari gap kana sisir jeung gunting. "Cobaan ku model cepak. Uing jigana gagah mun modelna kitu. Ke, bakal loba nu nyangka tantara atawa pulisi hehehehe...," manehna ngaheheh. "Ulah luak-lieuk wae atuh ari keur dicukur teh!" carek Dodo bari menerkeun deui posisi sirah Oman. Reup Oman sare waktu manehna dicukur. Hieumna tangkal matak mawa tunduh. Adu manis jeung ting gelkeserna sisir dina sirah nu memener buuk guntingeun. Najan lain dina kasur. Da puguh karasana nikmat pisan. Antukna Oman nyegrek, ngulahek nyarande kana tangkal kai. Panon poe nu cahayana panas, kasaring ku dangdaunan. Eunteup dina rasa jadi haneut. Ungkara naon wae hese ngagambarkeun kumaha nikmatna Oman sare bari dipepende sora gunting. Nu dicukur sare, nu nyukur jongjon gawe. "Tibum... tibum... tibum! Awas, aya razia!" loba sora patingcorowok. Nu keur nyukuran reuwas. Gancang beberes. Kabur ti tempat eta. Ari pagawean nyukur mah teu dianggeuskeun. Leuwih gede kasieun batan mereskeun pagawean. "Koplok ciah! Aing bet jiga bebegig kaya kieu mah", Oman gegelendeng waktu manehna hudang. Indit ti dinya bari buuk masih keneh acak-acakan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar