Rabu, 18 April 2012

SILIH SAMBUNG CARITA

Yusef Muldiyana II Urang silih sambung carita yu? Judul: Hujan Angin. Hiji poé, Irman Dimyatie keur ngopi di warung Mang Juha, barang rék ngaregot cikopi, torojol Remi Sadkar jeung Ratna M Iwan rék ngadon ngopi ogé di warung éta. "Aya Kang Irman geuning?" ceuk Remi bari gék diuk dina bangku panjang...... (sok ah sambung ku saha wéh) Suka · · Berhenti Mengikuti Kiriman · 10 jam yang lalu Lenny Magdaleni, Inda Nugraha Hidayat, Yusuf S. Martawidenda dan 9 lainnya menyukai ini. Nyai Endit kurunyung Ibnu Hijar Apandi jeung Nyai Endit bari awak rancucut balas kahujanan. "Cik menta kopina, Mang Irman Dimyatie!" Ceuk si Nyai. "Mang Hijar, pangelapankeun sapatu Nyai yeuh! Sapatu mahal kudu kahujanan. Lebar!" sambungna bari suruput cikopi. 10 jam yang lalu · Tidak Suka · 4 Ibnu Hijar Apandi elapan ulah nya kang Yusef Muldiyana II? 9 jam yang lalu · Suka Nyai Endit nu leres ngadamel carponpis teh, penyair! 9 jam yang lalu · Suka Ibnu Hijar Apandi hahaha... rada panas keneh ieu tah...cikopina..."mangga dielapan. bari clom kaos kaki kana cikopi si nyai. teras dianggo ngelap sapatu. "Sapatu abdi ge, punten pangelapanken." 9 jam yang lalu · Suka Selamet Priatna Barang Mang Ibnu Hijar Apandi nuju ngelapan sapatu @Nyai endit, torojol Nyimas Rengganis II, "Eh, nyai Endit eta teh sapatu anu kenging ngiridit ti Bi Mimin tea nya?" Nyimas Rengganis naros ka Nyai Endit. "Eh duka, da anu ngiridit sapatu mah sanes abdi, tapi Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu. 9 jam yang lalu · Suka · 1 Ratna M Iwan kela samemeh nuluykeun rek seuri heula.... " Kuring diuk na bangku panjang gigireun kang Irman Dimyatie, bari luak lieuk , tuluy ngagentraan pelayan, pon kitu kang Remi Sadkar calik payuneun kang Irman bari ningal kana daftar menu 9 jam yang lalu · Suka · 2 Irman Dimyatie ‎:"Halah...! Paingan paranas ceuli ieu teh. Geuning uing keur merankeun tukang cikopi. Heug lah. Sagala peran, siap ditewak!" 9 jam yang lalu · Suka · 3 Yusef Muldiyana II ‎"Kahuruan..! Kahuruan...! Kadangu ti palih wétan suanten Yayan 'Bedog' Supriatna gogorowokan. Nyai Endit, Irman Dimyatie, Remi Sadkar, Nyimas Rengganis II, Ratna M Iwan, reuwaseun. "Hayu urang tempo imah saha anu kahuruan téh" ceuk Ibnu Hijar Apandi 9 jam yang lalu · Suka Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu Ningal aya Kang Irman, Néng Ratna M Iwan jol ngaberetek ninggalkeun kang Remi Sadkar nu olohok ... 9 jam yang lalu · Suka · 1 Nyai Endit Torojol hansip Dedi Ruspendi mamawa kohkol. "Nanaonan ngadon narongton nu kahuruan? Nu kamari ge basa nonton nu kabanjiran can malayar! Nyingkah siah! Leuheung mun malayar!" 9 jam yang lalu · Suka Irman Dimyatie ‎:"Barang datang ka imah nu kahuruan tea, kasampak Kang Iwan Hanjuang keur ngadapang. Kunaon, Kang? Ceuk Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu. Nyeta, akang teh rek nyeundeut roko make gas, naaa... jol ngabeledug ieu teh, jawabna bari muringis." 9 jam yang lalu · Suka Ibnu Hijar Apandi halah, teukaur ngetik yeuh...hihihi... 9 jam yang lalu · Suka Remi Sadkar ‎Remi Sadkar tangtos olohok...barang culang-cileung geuning nangtung sorangan tengahing palagan nu geus rek beak kahuru... 9 jam yang lalu · Suka Irman Dimyatie ‎:"Hing wae Remi Sadkar ceurik bari kokosehan. Pedah panggalna dibawa lumpat ku Yusef Muldiyana II. Gancang dibebenjokeun ku Nyai Endit. Dibere empeng. Jep we jempe." 9 jam yang lalu · Suka Selamet Priatna ‎"Tos Remi Sadkar, tongkokosehan wae, isin tuh ku Ki Hasan" ceuk Putri Kinasih. 9 jam yang lalu · Suka Nyai Endit Na da eta mah, jol gorolong weh, aya orok gogorolongan di tengah lapang. "Orok aiiiiing! Oroooook aiiiiiing ...........!"Ratna M Iwan kokosodan. hahahhahahhaha. 9 jam yang lalu · Tidak Suka · 1 Remi Sadkar Ari disangka teh Remi Sadkar nu ceurik! barang diteang horeng .... 9 jam yang lalu · Tidak Suka · 1 Nyai Endit orok nu gogorolongan di tengah lapang! 9 jam yang lalu · Suka Yusef Muldiyana II ‎"Hey! Kamarana mangkeluk teéh? Ieu kopi can dibayar!" ceuk Mang Juha ceuceuleuweungan. 9 jam yang lalu · Suka Ratna M Iwan aaah...teu kaop ngetik ka elehkeun ku sinyal hiks 9 jam yang lalu · Suka Nyai Endit ‎"Ah ...! Mang Juha loba ceta pisan lah! Can nyaho aing jeger Rancaekek nya? Maju Ceu!" Kituna teh si Nyai bari nyuntrungkeun Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu. 9 jam yang lalu · Suka Remi Sadkar Ari gubragna Nyimas Kanjeng Ratu teh kana pangkonan kang Yusef Muldiyana II nu nuju.... 9 jam yang lalu · Suka Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu Ih..naha ari Nyai Endit maké nyuntrungkeun, untung kana lahunan Kang Yusef Muldiyana II kumaha mun kana lahunan Kang Remi Sadkar 9 jam yang lalu · Suka Ki Hasan Uing mah noong borojolna ieu lapak teh, inget kana lalakon jaman pager bitis. Harita jaman komunikasi maya make email, ngaliwatan mailing-list, aya hiji grop diskusi. Terus harengheng, alatan loba nu resep guyon tea, aya nu teu resep, aya n...Lihat Selengkapnya 9 jam yang lalu · Suka · 2 Nyai Endit ‎"Punten, Ki Hasan, si Nyai nuju nyarios sareng Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu yeuh. Cobi mundur sakedik!" kituna teh si Nyai bari jejengkean. 9 jam yang lalu · Suka · 1 Ki Hasan Aya seupaheunana, Nyai Endit. Hehehe 9 jam yang lalu · Suka Nyai Endit ‎"Har ari Ki Hasan, nembe torojol tos nyuhunkeun seupaheun. Bade sakantenan sareng kembang tujuh rupana? Sakedap, Ki! Abdi nuju mayunan Mang Juha yeuh!" bari lajag-lejeg si Nyai nyampeurkeun Mang Juha. "Mang, sok atuh nyebut ampun kituh. Maenya teu karunya ka Nyai? Memangna nyai boga kawani kitu? plis atuh Mang ..ampun nya? ampun nya? pliiiis ... bisa ragrag gengsi yeuh ....." 9 jam yang lalu · Suka · 1 Ratna M Iwan sabot Nyai Endit nyarios papayun payun sareng Mang Juha kuring nyeak misahkeun nyai jeung si emang anu meh mehan patorong torong.... 9 jam yang lalu · Suka Nyai Endit ‎"Nanaonan ari didinya, Nyi Ratna M Iwan? Cicing! Keur adu harga yeuh!Cik tambahan sapuluh rebu keur Mang Juha! Tah Mang, marebu keur mamang, marebu keur ongkos Nyai, nya?" 9 jam yang lalu · Suka Didin Tulus praaakk...gelas cikopi peupeus...! atuh cikopina bahe muncrat kamana-mana... 9 jam yang lalu · Suka Nyai Endit ‎"Euh ...! Teu eucreug digawe teh atuh, Mang Didin Tulus! Elapan tah!" Si Nyai molotot bari belewer kekesed ka Mang Didin. 9 jam yang lalu · Suka Ratna M Iwan barang ngadangu sora gelas cikopi peupeus kuring sadar yen Nyai Endit jenu Mang Juha keur paadu harga bako nu di jual ka Ki Hasan...atuh kuring ngaleos deui weh rek neang si ayah Yusef Muldiyana Full sugan weh di bere sangu da rumasa can dahar ti isuk 9 jam yang lalu · Suka Irman Dimyatie ‎:"Keur kitu, kalayang aya pocong nyampeurkeun. Atuh buriak kabeh nu aya di dinya. Nyai Endit ngajerit. Remi Sadkar ngagoak. Yusef Muldiyana II ngayekyek. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu murungkut. Ngan, Irman Dimyatie mah langsung nongtak eta pocong bari ditajong. Puguh we... sakadang pocong potong... ngagorolong ka kolong." 9 jam yang lalu · Suka Nyai Endit ‎"Alaaaaaaaaah ....! Maenya pocong kasep kitu?" Ret ka Yusef Muldiyana II nu ngahephep sanggeus ngalungkeun wallpost di ieu lapak. "Hayoh! Tanggung jawab moal, sarkang?" 9 jam yang lalu · Suka · 1 Ratna M Iwan kuring ngadeukeutan kana bulen pocong..uluh geuning enya Nyai Endit pocong teh da geuning baladna kang Remi Sadkar 9 jam yang lalu · Suka · 1 Lies Tjandra Kancana Sudarma ‎" Tah kabeneran yeuh aya Kang Irman, abdi traktir kopi nya Kang jeung etb we kulub hua dua nya ? Pan to ngawas mah gaduh honor ny Kang,..ah dasar milik.. rejeki mah timana we.... Irman Dimyati nghuleng....! 8 jam yang lalu · Suka · 1 Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu Geus sidik eta pocong teh Nyai Endit, Kang Irman Dimyatie langsung ngarontok, ngan hanjakal Nyai Endit kaburu ngagiwar ka kenca, antukna kang Irman tisungkruk nyium nu nambru semu baseuh..halah ieung kang Irman ngagorowok 8 jam yang lalu · Suka · 1 Yusef Muldiyana II Sabot Irman Dimyatie, torojol Rd Okke Chandra, "Mang urang nyieun grup mengbal yu?" ceuk Rd Okke Chandra rerencangan Abah Jang Chandra. "Hayu!" walon Irman Dimyatie "tapi kudu leuwih alus ti Persib" ceuk Rd Okke Chandra. 8 jam yang lalu · Suka · 1 Iwan Hanjuang wek dor.. 8 jam yang lalu · Suka · 1 Selamet Priatna torojol Almukarom Doedoeng Joen, "sarolaaat, sarolaaat" ceunah. Nguping Haji Doedoeng ngelingan, ngong Yusef Muldiyana II adzan. 8 jam yang lalu · Suka · 1 Nyai Endit ‎"Ah! piteskeun weh pocong kitu mah. Maenya aya pocong gumasep?" Pocong ditewak tuluy dibebeskeun kana kendi. "Cicing siah, Cong!" Bangun nu geremet eta pocong nu ajol-ajolan teh hayoh dibebes-bebes, teu dibere ampun. Euleuuuuuuuuuuh ......Lihat Selengkapnya 8 jam yang lalu · Suka · 1 Yusef Muldiyana II Sabot Nyai Endit keur tunduheun, kadang suanten Dewi Ratna Damayanti gogorowokan "Kang Yoseeeeeeep......!" ceunah. "Kulaaaaaaaaan.......!" Saur Kang Yosep. 8 jam yang lalu · Tidak Suka · 1 Nyai Endit Gandeeeeeeeeeeng!!!!!! 8 jam yang lalu · Tidak Suka · 1 Nyai Endit tunduh yeuh! tunduh! 8 jam yang lalu · Tidak Suka · 1 Yusef Muldiyana II témbal Nyai Endit 8 jam yang lalu · Suka Ibnu Hijar Apandi aya kahuruan....!!!! aeh dugi ka mana ieu lalakon teh? kapiuhan heula sakedap nembe teh... dupi Nyai Endit aya? hapunten sapatuna palid....xixixi... 8 jam yang lalu · Tidak Suka · 1 Ratna M Iwan aeeh...kang Ibnu Hijar Apandi kapiuhan ku haseup kahuruan 8 jam yang lalu · Tidak Suka · 1 Iwan Hanjuang ‎Irman Dimyatie, HP aktifkeun.. 8 jam yang lalu · Tidak Suka · 1 Dewi Ratna Damayanti ana gabrug teh neng Ratna M Iwan kana tonggong kang Yusef Muldiyana II 8 jam yang lalu · Tidak Suka · 1 Irman Dimyatie ‎:"Seep baterena. Ka nu simpati we, Ang." 8 jam yang lalu · Suka Dewi Ratna Damayanti di abi aya batre abc 8 jam yang lalu · Tidak Suka · 2 Putri Kinasih hihihi...meni pabeulit

Tidak ada komentar:

Posting Komentar