Sabtu, 05 Mei 2012

Dery Andriawan: Ujian

Dery Andriawan
Ujian: Harita, basa zaman kuring sakola. Aya guru anu sok mere 7 soal, tara kurang tara leuwih. Tina 7 soal, 5 anu kudu dipigawean ku murid. "pilih 5 soal tina 7 soal di handap ieu anu dirasa kuhidep pang gampangna." Dina hiji waktu, lantaran kuring teu ngapalkeun jeung eweuh nu yakin jawabana bener...deer weh, dijawab kabehanana, bari dihandapna dibere katerangan "Mangga pilih, 5 tina 7 jawaban di luhur, anu ku Ibu dianggap pang benerna..! Waktu hasilna dibagikeun, kuring bingung aya penten 234, saumur-saumur sakola karek manggihan penteun jiga rokok djisamsoe. Sing horeng dihandapna aya kateurangan kieu "Mangga pilih salah sahiji penteun ieu, anu dipikahayang ku Anjeun.....!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar