
Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Kamis, 03 Mei 2012
Hilda Iskandar: Saréngsé na hujan
Hilda Iskandar
Saréngsé na hujan
"Ma............................"
kuring lumpat moro tulak, barang bray dibuka "Gusti Ucu.....kunaon meni rancucut kieu?" naléngténg hariweus-weus nanya ka si jalu
"Alhamdulillah Ma dinten ieu mah mucekil geningan!" témbal budak bangun nu atoh.
Song kuring mikeun anduk, budak téh nyampeurkeun bari nyarandékeun payung 3 siki dina sisi korsi nu aya di tepas.
"Ieu Ma tambih lumayan sugan tiasa kanggo nambihan mésér landong Abah" budak téh ngasongkeun duit nu geus nguwel bari jung asup ka jero imah.
Kuring mémérés duit nu geus nguwel jeung baseuh, aya kana genep puluh rebu na diitung téh. aya nu baseuh na juru panon.
Bati ngan bisa ngalimba jeung ngaheruk "Gusti mugia abdi sing kiat...haté mah teu mikeun budak jadi tukang Ojég payung téh....nuhun Gusti abdi parantos dipaparin murangkalih anu sakitu janglarna!" berebey ci panon teu ka ampeuh...
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar