Rabu, 02 Mei 2012

Dennykurniadi Kurniadi: UNGGAH ADAT

Dennykurniadi Kurniadi
UNGGAH ADAT*** Ki Arnapi ujug-ujug jadi jelema jegud. Nu tadina sangsara malarat, ayeuna mah lubaklibuk ku harta banda. Nya weh nyieun komitmen jeung si nini: "kulantaran urang geus beunghar, kumaha mun sagala parabot nu geus dipake kudu dipiceun. Carana boh dibalangkeun boh diduruk.Cinekna, eta barang tong dipake deui.Kumaha satuju Yayang," ceuk si Aki, make jeung nyebut Yayang sagala anyeuna mah. "Okay, satujulah suamiku," tembal si nini sarua legeg. Enya bae, saluyu jeung komitmen.Kabah parabot nu geus dipake dipiceunan,timimiti gelas, piring, anduk nepika pakaian. Atuh unggalpoe teh balanja deui sakur barang nu geus dipiceun tea. Ari heg hiji peuting si aki jeung si nini sosonoan. Atuh tengah peuting der bae iindiaan. Sanggeus rengse si aki inget kana komitmen, yen sakur barang nu geus dipake kudu dipiceun. Teu diengkekeun deui, keleweng bae si nini dibalangkeun ka pipir imah nepika kokosehan alatan nyangsaya dina tangkal cau.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar