Kamis, 03 Mei 2012

Endang Kasupardi: PALANGSIANG KU SI ÉTA WÉ

Endang Kasupardi
PALANGSIANG KU SI ÉTA WÉ *** Pun Aki anu niat badé ka jamban, seja abdas. Teu jadi. Sakedétan gura giru néang lomari. “Bisi alamat nyi Encéh ka panggi . Duh dimana komprang téh?", gerentesna. Weléh. Can kapanggih. Peuting malah geus simpé. "sok wé sing tarik kérékna", gerentes deui pun aki basa ninggal pun nini tos tibra. "Bisi perelu yeuh tutupan tah panon téh ku anggel". Kituna téh bari terus ngotéktak alamat. "Tuh diditu. Handapeun piring. Tadi jang Encu kadieu. Ah dipasangan we sarebueun", saur pun Nini bari nyangigir nonggongan ka pun Aki anu ker anteng ngotéktak alamat. "Naha atuh lain 10rb eun mun urang mah", pun aki asa kajalan. "Heuheuy deuh. Alamat nyi Encéh duméh aya nomer imahjeung no hp disangka buntut nalo, meureun. Aman Uin” ,'geretesna deui. "samalah tadi anu aya dina alamat oge tos ditepungan", gebeg. Haté pun Aki ngagebeg “Naha maké ditepungan? Hayang ngayakinkeun, naha bener henteu éta nomor. Lain info jongklok. "heueuh atuh alus. kumaha jawabna?" "nyéta ukur panggih jeung Hangsip". “ Terus?", ah engké mah mun kadieu deui rék dicarék wé cenah"..... Naha maké dicarék?". “Méh anu meunangna teu loba cenah. Api-api wé dicarék jeung bakal dipapagahan. ulah sok daék masang nalo. Haram". "Beuh sugan teh", cek gerentes hate pun aki. "Dimana ayeuna keretasna?" dibikeun wé ka hangsip". "Aduh...", hate pun aki ngagebeg deui. Mangkaning nyi Enceh teh méré no hp. Duh boa si Demplon téh ku si hangsip wé meureunnya....kasebeleun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar