
Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Rabu, 02 Mei 2012
Efiq Zulfiqar: Torek Seep alias tuli abis
Efiq Zulfiqar
Torek Seep alias tuli abis
Aya hiji tukang warung, katelah torek seep. Pas tengah peuting si tayo gegedor rek meuli roko bari ngajorowok: Mang...roko samsu sabungkus! tapi euweuh nu nembalan. Si tayo rada kesel bari gegedor leuwih bedas: Maaang...meuli rokoooo samsuuu sabungkuuus!...keur kitu tukang warung kakarek kaluar bari ngambek: Eeeh silaing teh tayo, teu kudu gogorowokan kitu atuh!...Sabaraha Leter?...
Si tayo: eeeuh dasar torek! Uing teh lain rek meuli minyak tanah, tapi meuli rokooo! Ceuk si tayo bari jamedud.
Tukang warung: oooh ngomong atuh tatadi teh da kabeneran obat nyamuk mah geus beak!
Si tayo: ?????
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar