
Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Rabu, 02 Mei 2012
Manik Sundayana: WARISAN BUHUN
Manik Sundayana
WARISAN BUHUN
Sapoé saméméh maot Ki Ardasim méré wasiat lisan heula ka anakna nyaéta Ki Jasiman. Kieu pokna :
"Ujang, lamun geus nepika ugana, sabérésna mulasara layon abah, pék geura gali taneuh handapeun tangkal alpuket. Ati-ati ngagalina bisi ruksak nu diruangna. Ku abah geus dicirian. Tong loba tatanya !"
Pondokna catur nya Ki Jasiman ngalaksanakeun sakumaha wasiat bapana. Sanggeus digali inyana manggih kotak leutik tina palastik. Dina jero éta kotak aya bungkus palastik deui nu dieusi amplop. Dijero amplop aya surat nu unina kieu :
"Anaking, bapa mah jalma malarat, ngan ukur bisa ngawariskeun ocon samodel kieu. Wayahna meuli amplop nu anyar, asupkeun deui ieu surat kana amplop. Tah lamun engké silaing ogé malarat siga bapa, wariskeun deui ocon samodél kieu. Tah ulah poho saméméh diasupkeun kana amplop silaing kudu néken heula."
Di bagian handap éta surat geus aya tanda tangan atawa tékenan nu lobana opat. Atuh Ki Jasiman garo-garo teu ateul da kudu jadi nu kalima méré tanda tangan.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar