
Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Selasa, 01 Mei 2012
Abdurahman Abro
Abdurahman Abro
Dina sajeroning suasana berkabung, Den Haji Anom nu karek ditinggal maot pamajikanana diprotes nepi ka dicarekan kunu ngalayad belasungkawa, pangpangna ku pihak keluarga almarhumah nu kacida 'nastung'na.
- "Ji, ari maneh kawas nu gelo kalakuan teh? Teu gableg rasa!"
+ "Na kumaha kitu?"
- "Maneh teh urang Sunda enya ge pamajikan urang Batawi. Maneh teh muslim, jaba haji, tapi teu boga akhlak darigama, ongkoh beragama!"
+ "Na'udzubillaaah...naon kalepatan pribados?"
- "Tong ngeles siah! Titatadi sia cilingcingcat ngalengkahan mayit pamajikan kawas ka bangke ucing!"
+ "Astaghfirulloooh....teu pisan-pisan! Justru pribados ngabuktikeun rasa cinta nu taya lianna. Pribados komit ka pun bojo ti saprak wangsul ti Arab. Ieu teh penghormatan terakhir nu kedah dilaksanakeun sesuai amanah pun bojo"
- "Amanah?"
+ "Sumuhun, waktos wangsul ti Arab pun bojo nyarios kieu: "Pah... biar elo ganteng kaya bintang felm, haji kaya-raya...kalo elo niat mao kawin lagi..LANGKAHIN DULU MAYAT GUEEE!!!"
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar