
Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Selasa, 01 Mei 2012
CARPONPIS: *NYA HEUEUH*
Yusef Muldiyana Full
CARPONPIS: *NYA HEUEUH* *****
"Juriiiiiiiiiiiiiiiiiiiig! Naha lauk téh béak waé ku séro" ceuk Abah Dody bangun anu aral. "Mun dipelakan kangkung mah balongna, moal ku béak ku séro, geura" ceuk Haji Irman Dimyatie méré saran. Nya Abah Doddy ngagugu, isukna eta balong dipelakan kangkung. Geus sabulan Abah Doddi reuwas pédah laukna anggeur béak ku dihakanan ku séro. Abah Doddi ngajugjug ka imah Haji Irman mamawa parang. "Haji Irmaaaaaan, sia téh rék ngadon nipu ka déwék!? Pajar pelakan kangkung, pelakan kangkung, geuning lauk téh beak ku séro deui !?" Haji Irman ngajawab bari kalem "Har saha anu nitah dipelakan deui ku lauk? Ceuk kuring ogé mun dipelakan kangkung mah, moal ku séro. Ari dipelakan lauk deui mah. nya heueuh!" Abah Dodi jamedud.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar