
Hayu dulur-dulur salembur, mitra sadésa, baraya sanagara, urang sukan-sukan papada nyerat CARPONPIS: Carita Pondok Pisan, ngenaan ihwal naon baé, namung poma ulah dugi ka nincak dina perkawis RAS. Panjangna kecap dina CARPONPIS disarankeun ulah langkung ti 300 kecap, ogé satiasa-tiasa ulah kirang ti 50 kecap. Sok dulur-dulur, prung ah!
Senin, 07 Mei 2012
Lies Tjandra Kancana Sudarma
Fikmin #"OYAG KABEH"#
" Mihape si Bapa nya Nyi.. aya sangu sesa peuting, pangnyangraykeun make cikur jeung tarasi. Aya kopi sasendok deui dina peles urut wadah sele tea, Ema rek buru-buru ka Pasar Rajawali "
Mimin nuturkeun Indungna nepi ka Panto hareup. Geus kitu manehna asup kakamar Bapana nu keur nyangsaya dina kasur lepet bari teu weleh ngajegroh.
" Bapa Mimin nyangray sangu heula nya ? Bapana unggeuk bari pok ngomong kieu:" Dicengekan hiji mah Nyai....." Si Mimin ngajawab : Enya " cenah
Sup ka dapur, Mimin mirun seuneu, rada harese hurung da suluhna rada demek. Sakitu hayoh ditiupan make songsong kalah ka matak peurih kana panon. Tapi meunang sawatara lila suluh teh hurung oge. Mimin mesek bawang dua sihung da ngan aya lima sihung anu aya dina pabetekan teh.diuleg jeung cikur satungtung buku cinggir, ditarasian saeutik jeung cengek meunang metik ti pipir imah. nyanggray sangu make cikur seungitna. matak komentar nu jadi Bapana : Nyai Bapa mani geus lapar yeuh " Mimin nembalan " Sakedap Bapa bari buru-buru ngawadahan sangray sangu kana piring kaleng. Sok nyieun cikopi. Dibakian dina baki pelastik anu tos semplek-semplek acan. Bapana tos ngagero deui : "Nyai, Mana sangray sangu teh?"
Mimin,ngajawab " Antosan atuh Bapa, ieu oge Nyai keur leumpang....
Kulantaran asa diburu-buru, Mimin balangah.Sukuna ngait kana palang panto handapeun sukuna. Suku kenca na ngait. Awak tijolongjong, Baki jeung sangray sangu tur kopi ngalayang.. Praaaay.....
Mimin ngoceak ; Ya Allah... Bapa..!! Bareng jeung ngoceakna Mimin, Indungna asup, nyampak anakna keur uyak-uyek rek hudang tina ngadapangna. Nempo indungna datang Mimin ceurik :
" Ema, sangray sangu Bapa.. kopi Bapa.." Indungna Nangkeup Mimin ngupah-ngapeh :" Geus tong ceurik Ema ujug-ujug hayang balik inget wae ka Bapa Teu nanaon Ema meuli nasi timbel keur Bapa jeung kopi Torabika tri in wan. Yu urang ka Bapakeun..."
Mimin nangtung, nuturkeun Indungna ka kamar Bapana nu keur nyangsaya titadi isuk-isuk.
" Bapa.. Ieu Ema mawa nasi timbel keur Bapa"
Si Bapa teu reaksi, Mimin ngaguyahkeun Bapana:" Bapa. Mimin, Hampura, tapi Ema nyandak nasi timbel"
Ku lantaran cicing wae. Ema si Mimin ngaguyahkeun awak salakina.
Oyag kabeh !
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar